Sapuk. Batan ngagugulung atlantis nu teu jelas bule-hideungna, bari rea diseungseurikeun ku batur, mending ngokolakeun nu ieu nu natrat, napak jelas, geus aya di diri urang. cag,
--- On Wed, 11/17/10, Erry Riyana Hardjapamekas <[email protected]> wrote: From: Erry Riyana Hardjapamekas <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Re: Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity To: "oman abdurahman" <[email protected]>, [email protected] Cc: "urang sunda" <[email protected]>, "milis_tasik" <[email protected]>, "[email protected]" <[email protected]> Date: Wednesday, November 17, 2010, 9:47 AM Alhamdulillah, saena mah saenggalna diusulkeun ka Pemda Jabar+Banten, Pemda.Kab./Kota sa-Jabar+Banten, bari susuganan jadi simpay anyar masyarakat Jabar+Banten. Cag! On 11/17/10 8:38 AM, "oman abdurahman" <[email protected]> wrote: Baraya, Wilujeng ngalaksanakeun ibadah qurban, mugia sanes korban wae anu berkorban teh, namung kalebet urang oge kacatet salaku anu berkurban dina ieu kahirupan. Nembe pisan abdi nampi sms ti pa Kadisparbud Jabar anu nembe rengse ngaluuhan acara sidang ke-5 Inter-Governmental Committee di Nairobi, Kenya, 16 Nopember 2010. Anjeunna netelakeun yen dina sesi "Evaluasi Nominasi untuk Inkripsi 2010 tentang "Representative List of the Intangible Cultural of Heritage of Humanity" dina eta sidang, ANGKLUNG ti Jawa Barat (Sunda), Indonesia, kapilih janten "the representative list of the intangible cultural heritage of humanity" sadunya. Ieu hiji kareueus keur urang. Kareueus anu kudu saenggalna disusul ku lengkah nyata ngalaksanakeun eta amanah. Salah sahiji amanah tina kapilihna Angklung salaku the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity nyaeta miara jeung ngamumule angklung salaku warisan budaya urang kalebet awi minangka indungna angklung. Geus waktuna angklung dihirupkeun deui di sakola-sakola, lingkungan RT jeung RW, padesaan, kacamatan, kabupaten/kota tug nepi ka tingkat provinsi; dina rupa-rupa media saperti: Koran, Radio, TV, Radio Komunitas, jst. Festival angklung jeung seni tina awi lianna geus meujeuhna diayakeun kalawan maneuh (unggal taun, upamana). Pon kitu deui, seniman angklung jeung seni berbasis awi sejenna (Lais, Calung, Karinding, jst) kudu dihargaan. Rupa-rupa awi kudu dipelak deui (alusna pamarentah Jabar boga kebon rupa2 awi, kaasup awi endemis Tatar Sunda, "neng" El-el ti Pangalengan tea - maksudna awi anu namina "El-el" anu endemis Pangalengan, bandung). Dina mangsana Pamarentaj Jabar boga beaya jeung dirojong ku gegedena masyarakat, nya teu aya salahna upama diadegkeun "Museum Angklung jeung Awi Jawa Barat". Di jero ieu museum lengkep aya rupa-rupa jenis angklung, sajarah diciptakeunana jeung anu nyiptakeun angklung jeunng rupa kasenian anu bahan bakuna tina awi. Ieu museum kudu oge dilengkepan ku rupa-rupa jenis awi anu aya di Tatar Sunda, jeung media pendidikan seni angklung, seni sejenna anu bahan bakuna tina awi, jeung fungsi awi keur lingkungan. Cag heula. baktosna, manar
