Sabenerna antara Oppenheimer jeung Santos beda pisan, sok sanajan duana
ngomongkeun ngeunaan hiji wewengkon anu ngawengku Sumatera-Jawa-Kalimantan
jeung laut oge selat diantara eta pulo-pulo. Ieu wewengkon dina elmu geologi
jeung geografi lumrah disebut "Sundaland" nepi ka ayeuna. Saha anu
ngamimitian mere eta ngaran (Sundaland) ka wengkon anu di luhur ditaaan, teu
aya nu terang. Anu jelas para elmuwan ti Barat nyebut eta wewengkon teh
"Sundaland" (jadi teu kudu minder wraghten nyebutkeun atawa ngaku eta
wewengkon salaku 'Sundaland").

Oppenheimener sama sakali nampik atawa sakurang-kurangna embungeun naon rupa
panalungtikanana dikait-kaitkeun jeung isu Atlantis (the lost continent
finally found). Oppenheimer mah estuning hasil panalungtikan elmu2 fisik
utamana (biologi) yen kawasan Sundaland teh jadi sumber (anu kadua)
sumebarna manusa ka sakuliah dunya.

Sumber anu kahiji (mimiti) nyaeta Afrika (out of Afrika) kl 2-1 jt tahun ka
tukang. Sumebarna jelema2 (di dieu can didefinisikeun nu kumaha anu disebut
jelema teh harita) harita geus nepi oge ka wewengkon Sundaland; ngan teu
laju, kaburu kapegat ku musibah nyaeta bituna gunung Toba purba anu
ngahasilkeun kaldera volkanik Toba nya talaga Toba ayeuna di p Sumatera, kl
80.000 - 75.000 taun kaliwat. Di rerengrengan ahli gunung ai, bituna gn Toba
purba teh pangbadagna bituna gunung anu kapanggih ku elmu panagweruh
akademis (skala VEI 8; Tambora 1815 VEI 7, Krakatau 1883 VEI 6). Tah,
sanggeus kajadian bituna ieu gn Toba purba, sumber sumebarna jelema teh jadi
ti wewengkon Sundaland. Kitu ceuk Oppenheimer dumasar panalungtikan GEN
jeung pangaweruh lianna.

Naon hubunganana manusa Sundaland jeung manusa Sunda ayeuna? nya mangga
rumuskeun ku masing-masing. Anu jelas, aya waktu anu lila antara manusa
Sundaland Oppenheimer jeung manusa (Sunda) ayeuna, nya kl 10.000 taunan. Anu
jelas deui, jauh teuing ngahubungkeun manusa Sundaland - komo jeung manusa
Atlantis anu  Oppenheimer teu percaya atawa teu ngarujuk kadinya - jeung
manusa karaton Jawa mah sabab teu ngebrehkeun maksud Sundaland anu ngawengku
Sumatera, Jawa jeung Kalimantan tur laut jeus selat diantarana. Jadi teu
nyambung.

Anu jelas deui, teori Oppenheimer ieu ngaruntagkeun teori anu relatif geus
kuat anu salila ieu dianut. Yen urang Indonesia - hartina anu nyicingan
wewengkon Sundaland ayeuna - asalna ti Yunan (kl Cina daratan beulah kidul).

Ari Santos? Manehna leuwih fokus kana ngabuktikeun yan Atlantis sakumaha anu
disebut-sebut ku Plato dina salah sahiji karya tulisna ayana atawa lokasina
aya di wewengkon Sundaland. Aya 20-an leuwih syarat anu dirumuskeun ku para
ahli tina carita Plato sangkan hiji wewengkon bisa kaasup itungan pas jeung
lokasi Atlantis-na Plato. Tah ceuk Santos, tina eta syarat2 teh, Indonesia,
khususna wewengkon Sundaland, nyumponan meh sakabehna (100%). Loba anu teu
panuju kana pamadegan Santos, malah Dr Budhi Brahmantyo ti itb mah dina
panutup pedaranana ngeunaan "spekulasi" Atlantis nyebutkeun yen boa-boa
Atlantis salaku peradaban maju jaman baheula (kl 11.000 taun kaliwat) ngan
aya dina pikiran Plato. Oge Oppenheimer sacara teu langsung nolak kana
pamadegan Santos.

Keur naon atuh medar Atlantis laju dihubung-hubungkeun jeung Sunda? Pedah
"Sundaland" disebut-sebut? Ah keur naon wae na make bingung, hehehe. Sarua
jeung pertanyaan ieu:"Na kunaon di dinya embung ngobrolkeun Atlantis jeung
kamungkinan ayana (baheula) di Sundaland?". "Ah embung wae", jawabna.
Hehehe, pan sarua pada enteng, ararenteng.

Eta memang jawaban anu enteng. Jawaban panjangna nya keur rupa-rupa hal,
kaasup keur nalungtik naon sababna pangna nu lian nepi ka soson-soson nyusun
buku ngeunaan Atlantis jeung Sundaland?. Aya naon di Sundaland? tah ieu anu
diantarana anu kudu ditalungtik teh. Jadi, please deh ulah pesimis teuing
:).

Dina studi/elmu humaniora, mitos teh bisa jadi salah sahiji sumber
bebeneran. Hartina, aya bebeneran atawa aya elmu anu bisa ditarik tina hiji
mitos. Upamana wae, sakumaha catetan abah Surya ngeunaan "dongeng" salah
sahiji suku Dayak di pedalaman Kalbar anu nyaritakeun yen asal-usul
luluhurna eta 3 dulur ti "Sunda" anu nyebar alatan banjir gede rebuan taun
mangsa katukang (ieu carita lisan langsung katampi ku abah Surya ti hiji
kepala suku Dayak di Kalbar). Apan aya elmu anu bisa dikali tina eta "mitos"
teh. Keur naon atuh elmu anu kitu patut? Aeh...masih naroskeun manfaat elmu
nya? Mangga pilarian wae ngeunaan manfaat elmu mah da seueur ieu sumber
rujukanana.

Manfaat sejenna, aya keneh. Upamana wae ningkatkeun wisata ilmiah jeung
ngukuhkeun sangkan urang anu jadi narasumber jeung anu ngatur panalungtikan
di wewengkon urang sorangan. Spanyol wae anu ceuk Santos bukti2 kasaruanana
jeung ciri2 Atlantis-na Plato meh teu aya, wani nyieun ikon2 Atalntis aya di
nagarana jadi lokasi wisata maranehanana. Nya teu wudu, loba wisatawan anu
daratang ngadeugdeug eta lokasi wisata padahal...modalna rahul atawa
pamohalan atawa...keur naon lah nguruskeun nu baheula anu teu puguh
jujutanana :)

Atawa...bisi kaburu karebut ku batur yen Atlantis teh di...Malaysia hehehe.
Tapi, ketang, lamun geus teu aya harepan atawa sumanget pisan mah nya teu
nanaon teu kudu miluan dina diskursus atawa obrolan ngeunaan Atlantis. Oge
teu nanaon eta obrolan ngeunaan Atlantis dieureunan di ieu milist bisi
ngabarubahkeun (lain pundung ieu mah, ngaragangan wae ka nu lian :) ).

Cag heula.

manar

















2010/12/4 Maman <[email protected]>

>
>
> Kabayang waktu acan aya 'sejarah', terus gunung berapi di nagara Sunda
> ngabeledug diditu didieu, sigana ku gunung bitu 'peradaban' sunda leungit.
> Acan ku tsunami.
>
> Sigana anu ayeuna harirup keneh, kaasup urang-urang mangrupakeun katurunan
> nana.
> ngan... kaelmuan nana katutup ku lahar jeung kapalidkeun ku cai.
>
> Meureun.
>
> Pada Sab, 04 Des 2010 13:28 ICT engkus ruswana menulis:
>
>
> >Beuki eces bae yen Nabi Adam (Adam Tunggal ceuk urang Kanekes)jeung Nabi
> Nuh teh urang Sunda Land. Nabi Nuh waktu nyalametkeun rupa-rupa sasatoan ti
> sireum nepi ka Gajah, teu mungkin aya di Arab-Mesir, da nu lengkep sastoan
> mah ngan aya di Sunda land.
> >
> >ER
> >
> >--- Pada Rab, 1/12/10, Jalak Pakuan 
> ><[email protected]<jalakpakuan%40yahoo.com>>
> menulis:
> >
> >Dari: Jalak Pakuan <[email protected] <jalakpakuan%40yahoo.com>>
> >Judul: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Re: Teori Atlantis jeung Sundaland?
> >Kepada: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Tanggal: Rabu, 1 Desember, 2010, 7:38 PM
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Guminter, api2 pinter.....supaya teu minder nulis na milis kisunda nu
> palalinter.
> >
> >
> >
> >
> >
> >Dari: "[email protected] <halimun_an%40yahoo.com>" <
> [email protected] <halimun_an%40yahoo.com>>
> >Kepada: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Terkirim: Rab, 1 Desember, 2010 04:34:15
> >Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] Re: Teori Atlantis jeung Sundaland?
> >
> >
> >
> >Taaaaaah kang jalak tea atuh pinter
> >Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >
> >
> >From: Jalak Pakuan <[email protected] <jalakpakuan%40yahoo.com>>
> >Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Date: Wed, 1 Dec 2010 20:31:20 +0800 (SGT)
> >To: <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>>
> >ReplyTo: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Subject: Bls: Bls: [kisunda] Re: Teori Atlantis jeung Sundaland?
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >Percaya bah Imun rek sakumaha tarikna urang sunda kongkorongok ngaku induk
> peradaban, tetep  urang jawa mah kukuruyuk yen manehna nu boga lalakon.
> >
> >Makarya Mawa Raharja
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >Dari: "[email protected] <halimun_an%40yahoo.com>" <
> [email protected] <halimun_an%40yahoo.com>>
> >Kepada: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Terkirim: Rab, 1 Desember, 2010 04:24:39
> >Judul: Re: Bls: [kisunda] Re: Teori Atlantis jeung Sundaland?
> >
> >
> >
> >Beu, beuki mahiwal ari si akang nya
> >Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >
> >
> >From: Jalak Pakuan <[email protected] <jalakpakuan%40yahoo.com>>
> >Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Date: Wed, 1 Dec 2010 20:21:29 +0800 (SGT)
> >To: <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>>
> >ReplyTo: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >Subject: Bls: [kisunda] Re: Teori Atlantis jeung Sundaland?
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >Induk peradaban indonesia teh jawa, induk peradaban jawa teh solo,
>  jadi induk peradaban dunia teh diwangun ku urang solo lain urang sunda.
> >
> >Makarya Mawa Raharja
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >Dari: mh <[email protected] <khs579%40gmail.com>>
> >Kepada: Ki Sunda <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>>
> >Terkirim: Rab, 1 Desember, 2010 04:16:32
> >Judul: [kisunda] Re: Teori Atlantis jeung Sundaland?
> >
> >
> >
> >
> >Indonesia adalah Induk Peradaban Dunia
> >
> > SHUTTERSTOCK
> >
> >Rabu, 27 Oktober 2010 | 18:56 WIB
> >JAKARTA, KOMPAS.com - Hasil riset yang menyimpulkan bahwa Indonesia
> sebagai induk peradaban dunia mendapat sorotan para peneliti di Indonesia.
> Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonesia (LIPI) langsung merespon temuan Profesor
> Stephen Oppenheimer, seorang ahli genetika dan struktur DNA manusia dari
> Oxford University, Inggris tersebut sebagai bahan perdebatan yang menarik
> untuk diungkapkan kepada publik.
> >Dr. Hery Harjono, Deputi Ilmu Pengetahuan Kebumian (IPK) LIPI,
> mengungkapkan bahwa menarik untuk mencermati penelitian yang menyebutkan
> Indonesia merupakan awal peradaban dunia. Analisis yang sering dikenal
> sebagai Teori Oppenheimer tersebut tertuang dalam buku karangannya berjudul
> "Eden in the East". Menurutnya, pendapat tersebut tentu bisa menjadi
> referensi bagi masyarakat Indonesia untuk melengkapi berbagai teori yang
> telah berkembang.
> >
> >"Teorinya dikenal sebagai Oppenheimer Theory yang dengan tegas menyatakan
> bahwa nenek moyang dari induk peradaban manusia modern (Mesir, Mediterania
> dan Mesopotamia) adalah berasal dari tanah Melayu yang sering disebut dengan
> sunda land (Indonesia)," paparnya dalam rilis pers yang diterima Kompas.com,
> Selasa (27/10/2010).
> >
> >Dia menambahkan bahwa "Eden In The East" mendasarkan kesimpulannya kepada
> penelitian yang dilakukan selama puluhan tahun. Dokter ahli genetik dengan
> struktur DNA
> > manusia tersebut, lanjutnya, melakukan riset struktur DNA manusia sejak
> manusia modern ada selama ribuan tahun yang lalu hingga saat ini dengan
> pendekatan dasar yang digunakan disiplin keilmuan kedokteran, geologi,
> linguistik, antropologi, arkeologi, dan folklore.
> >
> >Lebih lanjut, Hery mengulas bahwa buku Prof. Dr. Stephen Oppenhenheimer
> menegaskan orang-orang Polinesia (penghuni Benua Amerika) bukan berasal dari
> China sebagaimana yang terpampang dalam setiap teks sejarah buku pelajaran,
> melainkan dari orang-orang yang datang dari dataran yang hilang dari
> pulau-pulau di Asia Tenggara.
> >Penyebaran kebudayaan dan peradaban tersebut, sambungnya, disebabkan
> "banjir besar" yang melanda permukaan bumi pada 30.000 tahun yang lalu.
> "Inilah yang menarik diperdebatkan dan menjadi kontroversi karena
> pertentangan dengan teori sebelumnya," pungkasnya.
> >Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonesia (LIPI) bekerjasama dengan Ufuk
> Publishing House menyelenggarakan seminar nasional bertajuk "Menelusuri
> Jejak Sejarah: Indonesia Awal Peradaban Dunia?" Seminar ini berlangsung di
> Widya Graha LIPI Lantai 1, Jl. Jend. Gatot Subroto 10 Jakarta pada Kamis
> (28/10/2010) pukul 09.00 WIB.
> >
> >Pembicara utama (keynote speaker) seminar adalah Jimly Ash-Shiddiqie,
> mantan Ketua Mahkamah Konstitusi (MK) RI. Kemudian, pembicara tamu dari
> Oxford University, Inggris yakni Prof. Dr. Stephen Oppenheimer dan Dr. Frank
> Joseph Hoff dari University of Washington. Sementara, pembicara lainnya
> yaitu Prof. Dr. Sangkot Marzuki dari Lembaga Eijkman dan Dr. Eko Yulianto
> dari Pusat Penelitian Geoteknologi LIPI.
> >Tri Wahono
> >Dapatkan artikel ini di URL:
> >
> http://www.kompas.com/read/xml/2010/10/27/1856144/Indonesia.adalah.Induk.Peradaban.Dunia
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>  
>

Kirim email ke