Waktu kuliah baheula, aya matakuliah wajib nyaeta “Filsafat Komunikasi”. Ari 
filsafat tea pan ngalatih supaya mikir atawa ‘berlogika’ anu hasil ahirna teh 
neangan bebeneran.  Dosenna  teh urang  sunda rada nyentrik, nenehna  (alm) 
Prof.Dr. Djajusman Tanudikusumah, SISIP, MA. Tadinya kuliah di  ITB, terus 
hijrah ka UI, tolab ilmi di Fakultas Hukum dan Ilmu Pengetahuan Kemasyarakatan. 
Lalampahanana  kawilang luar biasa oge,  kungsi tolab ilmi di  M.I.T.  
(Massachusset  Institue Technologie)  Amerika Serikat.  Harita mah arang langka 
 aya dosen UI  “masantren” di MIT , komo deui dosen FISIP. Pan biasana mah MIT 
the nyongcolang dina widang eksakta.

Anu diajarkeun ku sang dosen teh naon? Dongeng mitologi Yunani, sabangsaning 
 Odipus, anu mikaresep ka indungna, perkawinan inses tea, geuning ayeuna upama 
aya lalaki anu mikaresep ka wanoja anu leuwih kolot sok disebut  ‘Odipus 
complex’, aya  tukang ramal anu sok ditatanya ku Iocasta. Sanajan 
dongeng-dongeng dina mitologi Yunani teh upama dilenyepan teu asup di akal, 
tapi 
 cenah  mitologi Yunani ieu  salah sahiji palajaran  wajib pikeun para 
siswa/mahasiswa di nagri bule.  Di yakini ku neuleuman filsafat anu aya dina 
mitologi Yunani ieu, bangsa Barat maju jiga ayeuna.

(alm) Prof. Dr. Fuad Hassan, Gurubesar Fakultas Psikologi UI, asana teh pernah 
nulis buku “berkenalan dengan filsafat Eksistensialisme”. Kartini Sjahrir oge 
nulis buku “Mitologi Yunani”. Pokona duanana tehekungsi nyieun buku anu ngupas 
perkara Mitologi Yunani. Intina mah netelakeun legenda/mitologi/dongeng Yunani 
jaman baheula, tetela jadi inspirasi  atawa ngalatih jadi berpikir kreatif’ anu 
hasilna the, nya bangsa Barat jadi maju jiga ayeuna. Anu luar biasa dina 
perkara 
ieu, nyaeta kumaha  hiji mitos  (kadang teu kapikiran ku akal sehat) bisa 
ngobah 
budaya hiji bangsa jadi maju. 



      

Kirim email ke