Alhamdulillah, aya saurang geus diajak. Sugan daekeun. Rada hese nyiar babaturan ti Banten asli nu daek di ajak dungdreng rada serius, tarapti. Lolobana batur kula, mun diajak ngobrol serius hayangna lalagaan bae. Komo urang Serang mah jarang nu bisa basa Sunda. Wong Serang iku omonge Jawi, mung Jawine sejen lan Jawi Solo. Mengkonon koh dulur-dulur. Urang Serang mun paeh morongkol.
Aya deui nu jajawaraanan (asa Jawara,) mun ngobrol tara ngadengekeun batur, manehna bae ngocoprak sorangan, jeung kumaha aing. Geus jadi kacapangan keur kula leutik sok aya dongeng Jawara. Kieu dongengna, aya hiji jawara ulin ka jakarta. Ceuk anakna, abah mun balik meuli anggur. Tah singket carita, si jawara teh meuli anggur di hiji warung sambara [kamimah biasa nyebut sambara (make eb)] di jelambar. "Meuli, anggur sakilo!" bari nunjuk kana hiji barang. jawab palayan, "Pak, ini bukan anggur, tapi asam jawa" Jawara, "Ceuk aing anggur, anggur. Sakilo!" Palayan teu protes deui. Di bungkus eta pesenan. Datang ka imah, brak oleh-oleh di buka. Anak jawara protes, abah ieumah haseum!" Si jawara teu percaya, di asaan kumanehna anggurna, "Ehm..." Cenah, "horengan anggur ti jakarta mah haseum!" Jawara euweuh salahna. Tos heula ah, nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor. --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > 2010/12/4 Tubagus Rifki L <tbri...@...> > > > > > > > Sakanyaho kula, Adam Tunggal nu dimaksud ku urang Kanekes heunteu nunjuk ka > > Nabi Adam As. sakumaha nu dikhobarkeun di Al-Qur'an. Sabab sapangakuan urang > > Baduy teh kieu, "Bisa bener bisa salah, bener aya caritana, salah euweuh > > kitabna." Sabab urang Baduy heunteu ngadasarkeun 'terminologi' Adam Tunggal > > kana Al-Quran, maka "Adam Tunggal' beda jeung Nabi Adam As. > > > > > Terus terang kami resep nitenan kekecapan urang Kanekes teh. Estuning dina > milih kecap teh estu saderhana tapi logis. Geura jiga conto di luhur "Bisa > bener bisa salah, bener aya caritana, salah euweuh kitabna." > > Kang TR, cik barejaan balad Banten, ajak gabung ka milis Ki Sunda geura. > Resep jigana. > -mh- > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
