---------- Forwarded message ----------
From: mh <[email protected]>
Date: 2010/12/9
Subject: Re: [Urang Sunda] Jin jeung Jurig-->Re: sajarah siliwangi 1#
To: [email protected]




2010/12/9 Dudi Herlianto <[email protected]>


>
> kang jaelani, jurig nu samodel kitu di lembur kuring ge aya. ngan lain
> mirupa bangkong, tapi ucing. nu mun ditajong bisa jadi sagede kuda.
> disebutna teh 'kiciwis'.
>

enya wado mah da natangga jeung lembur uing, sarua nyebutna teh 'kiciwis'.
di lembur uing baheula arang nu wani ngulampreng peuting-peuting ka tempat
anggang. tapi ju jurus nekad, sabab uing hayang sakola ka bandung, rutin ari
ka bandung teh ngincid waktu janari kudu nikreuh aya kana 4 km-na ngaliwatan
tempat suni nu ceuk beja sok aya kiciwis tea, muru kareta nu nyubuh ka
bandungkeun. berekah, euweuh nanaon, ukur tuur we leklok balas ku nyeker.


> basa halal bihalal kusnet (2006?) sapertos cek bah wily diayakeun di
> pasantren di keresek, indit teh peuting ti bogor, angkeuhan bakal nepi ka
> ditu isuk. ngan perhetangan eta nyalahan, wanci janari kuring geus nepi ka
> pertelon nu deuk ka keresekeun. jam sakitu kandaraan geus euweuh. jadi turun
> tina beus teh, terus nikreuh, ngaliwatan sababara rungkun awi ukur dicaangan
> ku bulan pias. nepi ka babaturan nu mapagkeun kana motor, datang. anjog ka
> pasantren kuring sabatur dipernahkeun di hiji kobong, keur ngareureuhkeun
> kacape. nepi ka hudangna deui dina isukna, kuring sabatur teu kacaritakeun
> aya jin nu ngaganggu. jigana mah enya jina geus tara amuk-amukan deui :)
>

tah lalakon burakna lembur jurig jeung jin teh, di lembur uing mah jaman aya
nalo jeung porkas. ku tukang nalo jeung porkas, sabangsaning tempat nu
kasebut lembur panyingkuran jin jeung jurig diubrak-abrik, unggal jumaah
pada ngemitan, pada menta kode jitu. jigana meureun kapok tak jin jeung
jurig teh, sasat teu barogaeun kalkulator, kalabur sieun ditanya kode
buntut.


> eh naha enya pasantren nu eta kitu?
>
> 2010/12/9 <[email protected]>
>
>>
>>
>> Di kuring mah aya jurig katelahna orowodol. Sok ngaruapkeun bangkong, mun
>> ditajong sok teru ngagedean tepikeun ka ngadahar nu najongna. Cenah eta oge
>> sih, :D. Perkawis JIN nu di pesantrek Keresek Garut kuring ge pernah
>> ngadangu da aya babaturan nu pernah masantren di dinya. Emang aheng pisan
>> caritana, da eta JIN-na the awewe ngaranna Siti Qolbuniyah.
>>
>> Caritana eta jin the keur bulan madu jeung salakina da kabeneran putrina
>> raja jin (ceuk sakaol mah ngaran rajana the Handarun). Bulan maduna cenah
>> ningali kahirupan manusa, pas meneran ulinna ka bumi Mama Keresek.
>> Salumrahna dina sinetron2, eta Jin the nyamar jadi oray. Kulantaran reuwas
>> ningali oray, nya ku mama ajengan the digebuk eta oray the nepi ka paeh.
>> Singhoreng eta the jin panganten lalakina. Ath nya ngamuk eta Jin awewe teh.
>> Lain ngadu ka bapana, tapi malah ngaheureuyan ka santri2 Mama. Tapi untungna
>> ayeuna mah tos henteu dui saurna, mereun tos janten 'inguan' mamana, mereun
>> eta oge. Jadi muringkak bulu punduk kieu, boa aya Jin nu ngiringan milis
>> ieu.
>>
>> Kitu panginten, pnten pami lepat caritana. Mung saukur saemut kuring
>> wungkul. Cag ah, sieun kuring....
>>
>> Sent from my BlackBerry®
>> powered by Sinyal Kuat INDOSAT
>> ------------------------------
>> *From: * "Waluya" <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Thu, 9 Dec 2010 13:44:35 +0700
>> *To: *<[email protected]>; <[email protected]>; <
>> [email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *[Urang Sunda] Jin jeung Jurig-->Re: sajarah siliwangi 1#
>>
>>
>>
>> > From: mh
>> > Tah jigana Kang Oca, nu ieu mah kudu nanya ka balad Kang Imun, nu
>> wanoheun
>> > ka jin nu ngabalad jeung tokoh-tokoh
>> > Super-Semar. Hehehe.
>>
>> Naon bedana Jin jeung Jurig? Kacirina mah euweuh bedana, sarua bangsa
>> lelembut, ngan kulantaran kecap /JIN/ asalna tina basa Arab nu aya
>> hubunganana jeung agama Islam, JIN di masyarakat sunda "leuwih terhormat"
>> tibatan JURIG. JIN tara dicaritakeun ngageugeuh dina tangkal kai gede,
>> batu
>> nu ngajungkiring atawa nu leuwi nu jero, tapi biasana pangulinan JIN ayana
>>
>> di masigit/ masjid atawa di tempat nu pakuat-pakait jeung agama Islam. Nu
>> diheureuyanana nya nu disabudeureun eta, jiga budak diasupkeun kana jero
>> bedug. Baheula dina Mangle aya carita Jin di pasantren Keresek (Pasantren
>> nu
>> kungsi jadi kopdarna Kusnet). JIN salian sok resep iseng ngaganggu bangsa
>> manusa, tapi oge sakapeung boga kalakuan anu hade ka bangsa manusa.
>> Carita-carita urang Sunda nu aya mistik Islamna, biasana sok aya unsur
>> JINna
>> nu digambarkeun boga kalakuan hade, ngarojong manusa (contona Dongeng
>> Parbu
>> Siliwangi versi Halimunan ieu).
>>
>> Aslina di Arab, Jin kabagi sababraha golongan, salah sahijina nu
>> dipikawanoh di urang, Jin IFRIT. Tapi "bangsa lelembut" ti Arab ieu oge
>> "emigrasi" ka Eropa, jadi Genie (dina Basa Inggris) jeung GHOUL, bangsa
>> lelembut nu beuki daging manusa nu asalna di sagara keusik. Pilem "The
>> Ghaul" kungsi diputer di stasiun TV di urang, sababaraha taun katukang.
>>
>> JURIG mah beda deui, ieu bangsa lelembut nu lokal sipatna. JURIG sok
>> ngageugeuh dina tangkal kai gede, batu nu ngajungkiring, walungan nu jero
>> jeung nu pokona mah ditempat-tempat pikasieuneun keur urang sunda. Beda
>> jeung JIN, JURIG mah dipercaya ukur mawa kagorengan keur bangsa manusa.
>> Jurig malah sok digambarkeun menta disembah jeung menta wadal (boh manusa
>> atawa sato). Aya sababraha "species" jurig di tatar Sunda contona
>> buta-hejo,
>> ririwa, lulun samak, jurig jarian, genderewo, kelong ....jst. "Species2"
>> Jurig ieu masing-masing boga sifat nu beda-beda dina ngaganggu bangsa
>> manusa. Contona Ririwa nu karesepna ngagebrug-gebrug panto atawa jandela
>> ti
>> peuting atawa kelong nu sok ngarawu budak nu ulin kamalinaan ngaleuwihan
>> magrib (dirawu kelong). Kuring teu apal kabeh, manawi aya baraya nu apal
>> kana JURIG atawa JIN nu aya dina "hate" urang Sunda?
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>
>>
>>

Kirim email ke