Wah... sigana moal bisa. Beda kaidah. he.he.he.. Lamun make sistematika jeung metodologi sejarah siga anu di usulkeun ku MH, atuh "pinter" anu di alam ghoib teh. Lamun bener bisa, tangtuna bisa oge nyaritakeun sajarah di wewengkon sejen umpamana dj inggris, jerman umpamana. Atawa, ulah jauh teuing, pan informan ki halimunan, 'hirup' nepi ka ayeuna tah taroskeun sakalian, kusaha jeung kamana Wiji Thukul, atanapi kamana salakina Eva Arnaz. he.he.he.
On Tue Dec 7th, 2010 6:23 PM ICT mh wrote: >Kang Imun, ngarah rada ngaberele pedaranana, jigana hade mun nyusun caritana >make periodisasi geura. >Misalna, ti mimiti kalahiran, mangsa budak, rumaja, dewasa, jeneng raja, >nepi ka mangsa mangkatna. > >Der ah! > >2010/12/6 Halimunan <[email protected]> > >> >> >> Neruskeun caritaan saacana yen ieu carita lain ukur dongeng atawa harewos >> goib.. Kuring saparakanca estu ngorehan diditu didieu jang nambah kayakinan >> kana carita guru kuring ngeunaan sabagean kajadian nu dialaman ku siliwangi >> harita, guru kuring bisa nyaritakeun kusabab anjeuna ngalaman sorangan, >> nempo sorangan jeung ngadenge sorangan kajadian eta. >> >> Kunaon bet disebut guru? Lain kusabab nurunkeun elmu goib, batin jsb, lain >> oge nurunkeun atawa mere kakuatan ka kuring saparakanca, anjeuna disebut >> guru kusabab loba mamatahan alusna hirup jadi jelema teh jiga kumaha, nyarek >> mun alah, ngabenerkeun mun bener, jeung hiji deui, guru kuring eta nu >> nyaritakeun kajadian siliwangi nepika maotna. >> >> Kunaon guru kuring eta aya nepika ayeuna? Kusabab lain bangsa manusa, >> kajeun sasama mahluk, anjeuna lain bangsa manusa, tapi bangsa jin, anu >> umurna beda jeung kuring, jeung bangsa manusa. >> >> Kusabab kitu, anjeuna bisa nyaritakeun naon nu kaalaman ku anjeuna, naon >> anu jadi amanah siliwangi nu kudu ditepikeun ka turunan siliwangi ayeuna, >> ngarah apal kajadian sabenerna.ditepikeun ka kuring jang diteruskeun ka >> balarea, rek di percaya atawa henteu, rek di baca atawa henteu, teu jadi >> pasualan jang kuring, kuring ngan ukur kaamanahan nepikeun wungkul. >> >> Saha ari guru kuring saparakanca teh, kaasup guruna kang nonggerak, nu >> arang bijil ari teu perlu mah, beda jeung kuring nu rada sakainget. Guru >> kuring teh asmana SANTANG, KI SANTANG, atawa ku kuring mah disebit SI AKI. >> >> Kukituna, hampura mun engke dina cara nepikeun henteu saluyu jeung kaidah >> nulis nu aya, kusabab kuring lain tukang nulis artikel, teori, makalah jeung >> sajabana, sakali deui hanmpura dina kakurangan cara nepikeun ieu carita >> engkena. >> >> ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
