Sok Kang Imun, Kang JB, burudulkeun sagala nu ngancik dina ingetan, ngeunaak
mahluk gaib dina hazanah kahirupan US.
Ari di Banten, Kang TRL aya jurig naon wae?


2010/12/18 <[email protected]>

>
>
> tuyul, leutik sagede2 budak sd, kungsi manggihan sawaktu nyieun jalan tol
> jakarta merak, di lokasi gunung/bukit nu di beulah, gawena ngaganggu alat2
> berat siga doser jeung exavator, resep kana lampu, mun digebah lalumpatan,
> ngan nu kaalaman ku kuring marake baju biasa siga budak, ting cirihil,
> datangna ti jero leuweung nu poek.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * mh <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 18 Dec 2010 08:15:56 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam
> Tunggal,Adam Smith, Embe jeung Jin
>
>
>
> najan can kungsi panggih, coba deskripsikeun jiga kumaha gambaranana?
>
> 2010/12/18 JeBe <[email protected]>
>
>>
>>
>> Ceuk cenah
>> 3. Pocong
>> 4. Orowodol
>> 5. Jurig jarian
>> 6. Kunti
>> 7. Buta hejo
>>
>> Alhamdulillah teu acan hiji2 acan diparengkeun pendak hehe....
>>
>> Sent from MobilePhone®
>> ------------------------------
>> *From: * mh <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Sat, 18 Dec 2010 08:01:04 +0700
>> *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam
>> Tunggal, Adam Smith, Embe jeung Jin
>>
>>
>>
>> Cing urang tuluykeun, numutkeun nu kapanggih, kadenge, karasa, atawa
>> kaalaman
>> bu baraya, mahluk ga'ib naon wae nu dipikawanoh dina kahirupan urang
>> Sunda.
>>
>> Urang bagi sababaraha tahapan
>> 1. identifikasi jurig, ngumpulkeun sakur ngaran jurig nu kapanggih
>> 2. klasifikasi jurig, milah-milah kelompok jurug dumasar kana kriteria
>> tertentu
>>
>> Tah ayeuna identifikasi heula, cing aya jurig naon wae, coba sebutkeun
>> ngaranna
>> jeung deskripsikeun jiga kumaha gambaranana
>>
>> 1. Jurig Bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung
>> 2. Jurig Cai, jurig nu ulinna dina sirah cai
>> 3. ,,,,
>>
>>
>>
>>
>> 2010/12/14 Waluya <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> > From: "Tubagus Rifki L" <[email protected] <tbrifki%40gmail.com>>
>>>
>>> > Catatan. Kebangsaan, jurig - Sunda, Jin - Arab.
>>>
>>> Gambaran jin jeung jurig oge beda. Jin lamun nembongan sok digambarkeun
>>> aya
>>> angin muter heula (angin puyuh) kakara ngajirim sedengkeun jurig mah
>>> rupa-rupa, loba oge nu resep ngajirim jadi jadi sato: oray, maung, buhaya
>>>
>>> jst. Di lembur kuring aya kapercayaan jurig kunti, memeh nembongan sok
>>> ngajirim siga entog, tapi lamun kapergo sok terus hiber ngadadak. Meureun
>>>
>>> gambaran manusa kana bangsa lelembut gumantung oge kana naon nu
>>> dipikasieun/
>>> teu dipikaharti di lingkunganana. Di urang, nu dipikasieun salah sahijina
>>>
>>> sato: oray gede, maung, buhaya jst. Jurig sok diasosiasikeun jeung
>>> sato-sato
>>> ieu. Tapi keur masyakarat Sagara keusik, nu dipikasieun pisan sigana
>>> gejala
>>> alam, sabab ari sato mah paling oge onta. Gejala alam di sagara keusik nu
>>>
>>> pikasieuneun, teu aya deui angin puyuh, sabab bisa ngarobah bentuk sagara
>>>
>>> keusik, pasir (bukit) bisa pararindah, jelema bisa disorientasi alias
>>> sasab.
>>> Kulantaran lingkunganana kitu, bangsa lelembutna oge digambarkeun ku
>>> angin
>>> (haseup) muter .....
>>>
>>> Duka bener henteuna mah, da pantesna .....
>>>
>>> WLY
>>>
>>>
>   
>

Kirim email ke