Ngiringan,

        * Aul: satengah ajag satengah manusa, kawentar di daerah tonggoheun 
lembang. 
kantos ningal sakolebatan di Leuweung Poek, antara Maribaya-Jayagiri. Ana 
disampeurkeun ngiles duka ka mana
        * Jurig Ceper: di daerah leuweung tengah rancaupas, mangrupakeun jalma 
anu 
beungeutna rata

        * Jurig tibalik: di ranca suni - buni nagara, sirahna nyanghareup ka 
pengker

        * Jurig geblig: deui di buni nagara, resepna ngagebligan ngurilingan 
tenda

        * Jurig bikang/sengseong: di sebrang jatiluhur, wanoja geulis nu sok 
rajeun 
ngajak indehoy, mun henteu nepungan na ngimpi ngajak indehoy
        * Jurig PA: nyaru2 rombongan pecinta alam/pramuka ngabring ti jaya giri 
ka 
tangkuban parahukeun mamawa obor, pasangrok di leuweung tengah, ditanya teu 
malire, barang diudag ngiles teu pararuguh
        * Jurig sero: di daerah kang MH, di Kaum. Nyurup kanu ngamat 
meongmangga we 
diimpleng, heuheu...






________________________________
From: JeBe <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, December 18, 2010 12:25:58
Subject: Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: 
AdamTunggal,Adam Smith, Embe jeung Jin

  
Pocong=mangrupa beulegeunjeuran mayit make boeh, leumpangna kukuncungan
Orowodol=kumaha daerah, aya nu mangrupa bangkong, aya nu ucing, tapi mun 
ditajong sok ngabelegedeg jadi jiga buta, sawareh sok nyebut jadi jurig kuda
Jurig jarian=teu kacaritakeun ari rupa na mah, nu jelas sok aya di jarian 
meureun, biasana ngaganggu barudak
Kunti=ngarupakeun awewe rambutna panjang, cicingna na tatangkalan badag jiga 
caringin, nangka jrrd. Ngarah teu aya kunti, biasana tatangkalan eta sok 
ditanceban paku, cenah mah kunti sieun ku paku, dina hiji carita aya kunti nu 
ditewak terus ranbutna ditalikeun kana paku jadi teu bisa leupas. Tah ti dinya, 
angger cenah, kunti jadi sieuneun nempatan tangkal nu aya paku na...
Buta hejo=jurig nu badag enjum, panggorengna di antara nu garoreng.

Cenah... Haha...


Sent from MobilePhone®
________________________________

From:  mh <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Sat, 18 Dec 2010 08:15:56 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam  
Tunggal,Adam Smith, Embe jeung Jin
  
najan can kungsi panggih, coba deskripsikeun jiga kumaha gambaranana?


2010/12/18 JeBe <[email protected]>

  
>Ceuk cenah
>3. Pocong
>4. Orowodol
>5. Jurig jarian
>6. Kunti
>7. Buta hejo
>
>Alhamdulillah teu acan hiji2 acan diparengkeun pendak hehe....
>Sent from MobilePhone®
________________________________

>From:  mh <[email protected]> 
>Sender:  [email protected] 
>Date: Sat, 18 Dec 2010 08:01:04 +0700
>To: <[email protected]>
>ReplyTo:  [email protected] 
>Subject: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam Tunggal,  
>Adam Smith, Embe jeung Jin
>
>  
>Cing urang tuluykeun, numutkeun nu kapanggih, kadenge, karasa, atawa kaalaman
>bu baraya, mahluk ga'ib naon wae nu dipikawanoh dina kahirupan urang Sunda.
>
>Urang bagi sababaraha tahapan
>1. identifikasi jurig, ngumpulkeun sakur ngaran jurig nu kapanggih 
>2. klasifikasi jurig, milah-milah kelompok jurug dumasar kana kriteria tertentu
>
>Tah ayeuna identifikasi heula, cing aya jurig naon wae, coba sebutkeun 
>ngaranna 

>jeung deskripsikeun jiga kumaha gambaranana
>
>1. Jurig Bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung
>2. Jurig Cai, jurig nu ulinna dina sirah cai
>3. ,,,,
>
>  
>
>
>
>2010/12/14 Waluya <[email protected]>
>
>  
>>> From: "Tubagus Rifki L" <[email protected]>
>>
>>> Catatan. Kebangsaan, jurig - Sunda, Jin - Arab.
>>
>>
Gambaran jin jeung jurig oge beda. Jin lamun nembongan sok digambarkeun aya 
>>angin muter heula (angin puyuh) kakara ngajirim sedengkeun jurig mah 
>>rupa-rupa, loba oge nu resep ngajirim jadi jadi sato: oray, maung, buhaya 
>>jst. Di lembur kuring aya kapercayaan jurig kunti, memeh nembongan sok 
>>ngajirim siga entog, tapi lamun kapergo sok terus hiber ngadadak.  Meureun 
>>gambaran manusa kana bangsa lelembut gumantung oge kana naon nu dipikasieun/ 
>>teu dipikaharti di lingkunganana. Di urang, nu dipikasieun salah sahijina 
>>sato: oray gede, maung, buhaya jst. Jurig sok diasosiasikeun jeung sato-sato 
>>ieu.  Tapi keur masyakarat Sagara keusik, nu dipikasieun pisan sigana gejala 
>>alam, sabab ari sato mah paling oge onta.  Gejala alam di sagara keusik nu 
>>pikasieuneun, teu aya deui angin puyuh, sabab bisa ngarobah bentuk sagara 
>>keusik, pasir (bukit) bisa pararindah, jelema bisa disorientasi alias sasab. 
>>Kulantaran lingkunganana kitu, bangsa lelembutna oge digambarkeun ku angin 
>>(haseup) muter .....
>>
>>Duka bener henteuna mah, da pantesna .....
>>
>>WLY 
>>
>>

 

Kirim email ke