Sieun geuning maca posting2 na... Sugan teh di trans7 wungkul nu horor didieu 
oge janten horrorrr ... 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Deni Indra Kelana <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 18 Dec 2010 01:55:36 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Survey 1

Kapungkur mah aya istilah jurig kuris, nu kumaha tateh kang?





________________________________
From: mh <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, December 18, 2010 20:50:51
Subject: [kisunda] Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Survey 1

  
Hasil survey sementara, identifikasi bangsa jurig:

Aul, satengah ajag satengah manusa, kawentar di daerah tonggoheun lembang. 
Kantos ningal sakolebatan di leuweung poek, antara maribaya-jayagiri. Ana 
disampeurkeun ngiles duka ka mana.
Bagaspati, kuring kungsi jonghok, aya di kuburan, bentukna jiga bola buleud, 
ngan panonna nu mimitina hiji nambahan jadi loba, terus muter jiga lampu disko.
Buta hejo, jurig nu badag enjum, panggorengna di antara nu garoreng.
Jurig bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung.
Jurig cai, jurig nu ulinna dina sirah cai.
Jurig ceper, di daerah leuweung tengah rancaupas, mangrupakeun jalma anu 
beungeutna rata.
Jurig pa, nyaru2 rombongan pecinta alam/pramuka ngabring ti jaya giri ka 
tangkuban parahukeun mamawa obor, pasangrok di leuweung tengah, ditanya teu 
malire, barang diudag ngiles teu pararuguh
jurig bikang (sengseong), di sebrang jatiluhur, wanoja geulis nu sok rajeun 
ngajak indehoy, mun henteu nepungan na ngimpi ngajak indehoy.
Jurig geblig, deui di buni nagara, resepna ngagebligan ngurilingan tenda.
Jurig jarian, teu kacaritakeun ari rupa na mah, nu jelas sok aya di jarian 
meureun, biasana ngaganggu barudak.
Jurig nu datangna jiga keusik muruluk, kajadian di imah, muruluk ti para terus 
ngawujud jadi jelema hideung sajangkung ampir nepi lalangit, ngabelegbeg euweuh 
panonan atawa nu laina, teu nyora, teu gerak, lila pahareup2, nepika leungit 
deui
jurig sero, di daerah kang mh, di kaum. Nyurup kanu ngamat meong.
Jurig seuri, kajadian dua kali sawaktu nguseup kamagriban, disadana dina 
dapuran 
awi, sora awewe seuseurian, tapi jiga dina jero ruangan aula.
Jurig suku, kungsi manggihan sawaktu balik kemping kapeutingan, hujan 
ngaririncik, ngaliwatan totoang, aya nu nuteurkeun kusrak kesrek, pas dilieuk 
ka 
tukang aya suku nuturkeun, sukuna ngan nepika mumuncangan, euweuh tapakan, tapi 
disada kusrak kesrek, teu ngudag da kuring teu lumpat, leungit2 geus di 
tungtung 
lembur.
Jurig tibalik, di ranca suni - buni nagara, sirahna nyanghareup ka pengker.
Kunti, ngarupakeun awewe rambutna panjang, cicingna na tatangkalan badag jiga 
caringin, nangka jrrd. Ngarah teu aya kunti, biasana tatangkalan eta sok 
ditanceban paku, cenah mah kunti sieun ku paku, dina hiji carita aya kunti nu 
ditewak terus ranbutna ditalikeun kana paku jadi teu bisa leupas. Tah ti dinya, 
angger cenah, kunti jadi sieuneun nempatan tangkal nu aya paku na.
Oray sanca gede, sorana ngaheos jiga rem angin tronton, rada ngilincring, kunsi 
panggih di jajalaneun deukeut makam oge anu poek, ngabeulit dina tangkal, 
gedena 
satangkeup tangkal kalapa, bedana jeung oray biasa, ieu teu ngudag, ngan megat, 
mun lumpat kalah megat hareupeun, lain ceuk dongen, kungsi ngalaman oge.
Orowodol, kumaha daerah, aya nu mangrupa bangkong, aya nu ucing, tapi mun 
ditajong sok ngabelegedeg jadi jiga buta, sawareh sok nyebut jadi jurig kuda.
Pocong, mangrupa beulegeunjeuran mayit make boeh, leumpangna kukuncungan.
Tuyul, leutik sagede2 budak sd, kungsi manggihan sawaktu nyieun jalan tol 
jakarta merak, di lokasi gunung/bukit nu di beulah, gawena ngaganggu alat2 
berat 
siga doser jeung exavator, resep kana lampu, mun digebah lalumpatan, ngan nu 
kaalaman ku kuring marake baju biasa siga budak, ting cirihil, datangna ti jero 
leuweung nu poek.


 


Kirim email ke