Hantu oray, kasaksian mangsa caang bulan, aya objek ngagebur hurung jiga oray, ngalayang saluhureun tangkal kalapa, urang lembur nyebutna hantu oray. Ceuk beja, aya nu bentukna jiga lauk emas, disebutna hantu lauk emas. Cenah mah oray nu umurna geus nahun, kolot pisan, terus jadi hantu oray.
Hantu Bola Seuneu, kasaksian mangsa rebun-rebun, harita imah kapi uwa dapurna kahuruan, teu kungsi lila aya mobil mgaliwat mawa nu rek balanja ka pasar, aya objek mangrupa bola seuneu nu ngabelesat ti tempat kahuruan muru mobil nu ngaliwat, selang sababaraha meter ti tempat kahuruan, mobilna milu kahuruan. Uing kungsi survey, cenah ieu fenomena teh di urang kulon dikenal "fire ball" fenomena nu mirip jeung UFO. Asana kungsi nyimpen artikelna. 2010/12/18 Deni Indra Kelana <[email protected]> > > > Kapungkur mah aya istilah jurig kuris, nu kumaha tateh kang? >
