Jurig teu ngawujud, kuring harita asa kaganggu sabab sorana sok ribut di imah, jiga nu ngawangkong, ku kuring peuting2 ditangtang, diajak gelut. Pahareup2 ku kuring di gelutan, ditonjok, ditajong, karasa bukbek tapi teu katingali jeung teu ngalawan.
Ngan lila2 ujug2 awak kuring ngangkat, bari nangkarak, ampir nepi satengah lalangit, kuring kaget awak ngalayang sorangan, ujug2 awa kuringbantingkeun kana lomari Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: mh <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 18 Dec 2010 17:14:01 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Re: Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Survey 1 Hantu oray, kasaksian mangsa caang bulan, aya objek ngagebur hurung jiga oray, ngalayang saluhureun tangkal kalapa, urang lembur nyebutna hantu oray. Ceuk beja, aya nu bentukna jiga lauk emas, disebutna hantu lauk emas. Cenah mah oray nu umurna geus nahun, kolot pisan, terus jadi hantu oray. Hantu Bola Seuneu, kasaksian mangsa rebun-rebun, harita imah kapi uwa dapurna kahuruan, teu kungsi lila aya mobil mgaliwat mawa nu rek balanja ka pasar, aya objek mangrupa bola seuneu nu ngabelesat ti tempat kahuruan muru mobil nu ngaliwat, selang sababaraha meter ti tempat kahuruan, mobilna milu kahuruan. Uing kungsi survey, cenah ieu fenomena teh di urang kulon dikenal "fire ball" fenomena nu mirip jeung UFO. Asana kungsi nyimpen artikelna. 2010/12/18 Deni Indra Kelana <[email protected]> > > > Kapungkur mah aya istilah jurig kuris, nu kumaha tateh kang? >
