Saleresnamah "tos diwaler", aya dina paragrap ieu :

"> Eta *tanggapan ti para ahli sajarah salah,*(termasuk Nina Lubis) sabab teu
> ngarti metoda2/ sistem pananggalan, pasti teu ngarti sabab kalender berbasis
> astronomi jeung matematika, lain widangna. Tong sok nyanyahoanan milu
> komentar, asa pangheueuhna!. Harita Prasasti2 sa Nusantara make pananggalan
> KalaSunda, ilahar disebut Pawukon( Ir C.J Snijder). umurna leuwih ti 17000
> taun. Hartina jauh samemeh pananggalan India anu karak 2000 taun SM.(Kala
> Surya Sidhanta). Thesis Sundana Openheimer, jeung Teori Atlantisna Aryoso
> Santos ngarujuk kadinya. Oge ulah hilap, alm Bah Ali lain ahli sajarah, jadi
> ulah neumbleuhkeun tanggal mimiti KalaSunda kudu aya kajadian naon? Eta mah
> paluruh we ku ahli sajarah, eta bagian anjeun, ulah pacorok kokod.
=================

Ceuk si kuring mah, anu namina gerakan planet sareng matahari anu dipelajari ku 
Astronomi, khususon perputaran bumi dina porosna, teras perputaran bulan kanu 
bumi, teras perputaran bulan dan bumi ngurilingan matahari, ti  2.000.000 taun 
katukang nepi ka ayeuna asanamah angger we kitu-kitu keneh. 
Kukituna bade iraha wae, sareng mimiti ti iraha arek nyieun tanggal anyar, bulan
anyar jeung taun anyar, MANGRUPAKEUN HAK AZASI BANGSA DIJAMIN KU PBB, ngan kudu
puguh KASAPUKAN NANA, Khususon keur NGINGET-NGINGET wungkul. 
Hartosna keur nyatet sajarah. Konsekwensinya (naon bhs indonesiana, punten), 
lamun
teu bisa netepkeun peristiwa awal jeung mimitina iraha, boa-boa memang suku 
bangsa
Sunda TEU BOGA SEJARAH.

Teras ngeunaan sejarah, aya istilah zaman pra sejarah sareng zaman sejarah.
Upami teu lepat, anu kamashur diperkirakeun anu kacatet dina sejarah nyaeta
zaman Mesir Kuno anu diperkirakeun peradaban na taun 3000 BC. 
Upami leres Prasasti2 sa Nusantara make pananggalan KalaSunda, ilahar disebut 
Pawukon( Ir C.J Snijder). umurna leuwih ti 17.000 taun. Wah... asa nembe 
nguping, prasati naon?

Mangga sakitu heula anu kapihatur, mugi tiasa nambih panas.

Baktos
mz

On Sun Jan 9th, 2011 8:29 PM ICT oman abdurahman wrote:

>Bang Oca,
>
>Lian ti pananya anu ku bah Oca dipasrahkeun ka para ahli sajarah pikeun
>ngajawabna (sabab bah Ali alm mah ahli metematik & astronomi/kalender),
>sakumaha pananya kahiji ti kang Maman di handap ieu, pasoalan sejenna teh
>kumaha strategi ngamasyarakatkeun eta kalender Kala Sunda ciptaan atawa
>hasil reinventing Bah Ali?
>
>Macaan argumentasi bah Oca mah lumayan, malah bisa jadi Kala Sunda teh jadi
>kalender unggulan pikeun sadunya. Ngan, pikeun ngambah kadinya teh tangtu
>lain perkara gampang. Lian ti masyarakat geus biasa pisan make kalender
>Georgian (Masehi), oga di kalangan masyarakat Islam urang apan geus biasa
>make kalender Hijriah atawa Mataram. Nepi ka aya babasan caang bulan opat
>belas". Kumaha cikan strategi anu jitu pikeun ngamasyarakatkeun ieu karya
>bah Ali alm? Kumaha respon Pamarentah Jabar?
>
>manar
>
>2011/1/9 Maman <[email protected]>
>
>>
>>
>> 1. Patarosan nu sanes Kang Raja,  timana mimitina, naon awal musababna,
>> peristiwa atawa kajadian naon pikeun netepkeun jeung nangtukeun tanggal 1
>> bulan 1 tahun 1 dina Kala Sunda.
>> 2. "Thomas"... nami baptis ti kristen katolik,   Djamaluddin nami Islam...
>> (teu aya hubungan sareng agama dina soal netepkeun tanggal he.he.he.,
>> atanapi aya?  )
>>
>>
>> [image: 
>> http://www.sekolahdinewzealand.com/images/kudagerak.gif]<http://www.sekolahdinewzealand.com/>
>>
>>
>>
>> --- On *Sun, 1/9/11, Roza R. Mintaredja <[email protected]>* wrote:
>>
>>
>> From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>> Subject: Re: [kisunda] Astronomi - Kala Sunda dina Toongan Astronomis?
>> To: [email protected]
>> Date: Sunday, January 9, 2011, 3:52 AM
>>
>>
>>
>>
>> baraya...................................
>> tulisan/makalah kang Thomas ku uin ditanggapi sacara lisan dina seminar
>> astronomi internasional( IOAA- International Olimpiad on Astronomi and
>> Astrophysic) 19-28 agustus 2008. Anjeuna salaku pemakalah anu memang k uin
>> di ulem dina acara kasebut. Tim KalaSunda dipasihan tempat kanggo ilubiung
>> dina acara kasebut. Dipenta ku kang Taufik kepala Lab observatorium.Boscha.
>> Lembang.
>> Argumentasi/tanggapan terhadap makalah kang Thomas ti uin:
>>
>> 1. Kang Thomas henteu mempelajari kalender Hindu/India, di India aya kl 30
>> jenis  kalender.(The Indian Calender, Robert Sewell , London-Schwan
>> Sonnenschein & Co., Ltd.-1896).  Ternyata nu mirip KalaSunda mung hiji, di
>> Bengali. (Rupina tilas pangaruh jaman kakawasaan Sanjaya nuju di India
>> salami kl saratus taun- Encyclopedia Brittannica) oge beda urutan bulan
>> jeung teu make Pancawara. Mung Saptawara wungkul. Jaba kala India LuniSolar
>> deuih! mirip kalender Bali.
>> Padahal di Sunda (sa-jawa bali) geus ilahar make Panca jeung Saptawara,
>> malah dina prasati Sanghyang Tapak (SriJayaBupathi-Raja Sunda-Cibadak
>> Sukabumi-abad X) make Sadwara kumplit pisan!. Geus ilahar saJawaBali, make
>> modul poe ti Ekawara- sapoe (luang), Dwiwara (Mengo-pepet),
>> Triwara(Dora-Way-Jantara), Caturwara(Sri-Laba/hla-Jaya-Mandala),
>> Pancawara(Manis-Paing-Pon-Wage-Kliwon) jst. tug dugi ka Dasawara. Jadi lain
>> kalender India anu di adopsi ku kalender lokal, kitu sebutan para ahli
>> sajarah Sunda kiwari.
>> Eta *tanggapan ti para ahli sajarah salah,*(termasuk Nina Lubis) sabab teu
>> ngarti metoda2/ sistem pananggalan, pasti teu ngarti sabab kalender berbasis
>> astronomi jeung matematika, lain widangna. Tong sok nyanyahoanan milu
>> komentar, asa pangheueuhna!. Harita Prasasti2 saNusantara make pananggalan
>> KalaSunda, ilahar disebut Pawukon( Ir C.J Snijder). umurna leuwih ti 17000
>> taun. Hartina jauh samemeh pananggalan India anu karak 2000 taun SM.(Kala
>> Surya Sidhanta). ThesisSundana Openheimer, jeung Teori Atlantisna Aryoso
>> Santos ngarujuk kadinya. Oge ulah hilap, alm Bah Ali lain ahli sajarah, jadi
>> ulah neumbleuhkeun tanggal mimiti KalaSunda kudu aya kajadian naon? Eta mah
>> paluruh we ku ahli sajarah, eta bagian anjeun, ulah pacorok kokod.
>> 2. Masalah metoda Kresna jeung Suklapaksa, jelas beda jeung metoda Ru'yah
>> jeung Hisab anu ilahar dipikanyaho. Jadi kang Thomas henteu 'fair' lamun
>> nuduh teu bisa dipake acuan ngitung tanggal hiji keur KalaSunda. Dianggap
>> teu soheh bae?
>> Hoyong terang, sabaraha kamungkinan alternatif nangtukeun hilal ceuk ahli
>> astronomi( uin diondang ka Boscha dina seminar nangtukeun hilal.) leuwih ti
>> duaratus! Jaba ngitung derajat hilalna Hiriah teu bisa
>> dipertanggungjawabkeun. (pek tanya ka ahli hilal anu jujur objectip, jeung
>> para astronom pananggalan), cenah bisa akurat lamun make teropong anu
>> haregana ratusan milyar, di sababraha tempat.(kang Thomas teu ngiluan eta
>> seminar, sabab ternyata * lain Astronom spesialis pananggalan)*
>> 3. Sakali deui, ngaran poe Radite Soma Anggara (Saptawara) jsbna eta asli
>> dipake saJawaBali tibabaheula samemeh aya Kala India.
>> 4.Kunaon Kalasunda kiwari teu diparake/leungit? Ceuk saha? loba anu ngaku
>> ka uin enya eta pananggalan Sunda anu dipake kolot maranehna baheula(nyumput
>> buni dinu caang sabab sieun dicap musyrik), tiap taun mareulian wae.sajawa
>> bali. malah biarawan klenteng oge mareulian da make eta.
>>
>> Baraya..............................
>> Sing inget KANA SAJARAH, bangsa pribumi kadatangan atawa kadeseh ku bangsa
>> deungeun/pendatang para mukimin ti abad sabaraha? Paling ngora ti abad ka
>> dua Cina, India abad ka opat, Arab abad kasapuluh. Portugis abad tiluwelas,
>> Walanda abad genepwelas, Inggris abad ka limawelas. Jepang abad duapuluh.
>> AMERIKA, AYEUNA Sakabeh marawa pananggalan nurutkeun budayana! Conto enteng
>> we, pananggalan proklamasi make pananggalan Jepang lin? Jadi jelas,
>> pananggalan ditarangtukeun ku pangawasa di eta wewengkon. Kahartos?
>> Leungitna Kalasunda ditaksir ti abad ka duawelas. Jadi euweuh anu nyaho
>> kolot kiwari oge. Dina seminar pananggalan Nusantara UGM tina opat welas
>> pemakalah, sawelas pemakalah kabeh ngaguarna make hijriah! Lucuna para
>> pemakalah anu sawelas bingung sorangan sabab ngaku aya/manggih pananggalan
>> lokal, ngan teu kaguar, jadi nu aya we cnah! Kumaha tah???
>> 5. Ari dina KalaSunda kumaha nangtukeun tanggal hijina? Ku budak satepak
>> oge geus bisa kajeueung, teu perlu polopesor, doktor, hajji akbar jsbna
>> sabab saparo poek jeung saparo caang watesna eces, pasti garis lurus.! Bener
>> henteu?
>> Ieu masalah matematik, lain ritual. Maenya dalil matematik bisa make hukum
>> mun bener pahalana dua, mun salah pahalana hiji?
>> Jadi dina perhitungan Lunar/Hijriah unggal bulan pasti tanggal hijina atawa
>> poena *paling saeutik aya dua, bner teu?* Ngan anu diributkeun di
>> masalahkeunana dina poean lebaran wungkul. Lucuna saangeus poe eta alakur
>> deui weh tanggal hijriah teh.
>> Gara-gara tanggal hijina aya dua/geseh ngabalukarkeun masyarakat bingung,
>> sabab poe mudikna jadi ngambang jsbna. Kacipta ieu masalah berlangsung
>> salila sarewu limaratus taun! Aya Kyai anu togmol trus terang ngaku ka Bah
>> Ali jeung uin basa medarkeun KalaSunda di Konperensi Internasional Budaya
>> Sunda agt 2001, asa era jeung bingung mun nitenan kala hijriah dina masalah
>> eta.
>> Na metoda ieu anu dipuji jeung dianut k astronom level kang Thomas, ulah
>> tuturut munding kuma ramena wae atuh.
>> 6.Masalah pananggalan kiageng Hanyokrokusumo anu mimiti ngadeklarasikeun
>> panggalan jawa,campur Hijriah dimimitian taun 1555 Caka/1633M lain
>> dimimitian ku taun 01. geuning euweuh anu ngaramekeun? Ngarah kaciri kolot
>> nya? Tah eta hebatna panguasa teh, jadi kabeh rahayatna tuturut munding we
>> deuih da parentah raja tea atuh.  Dina tabel kala Sunda bisa ka urut
>> timimiti pananggalan Prasasti Sanghyang Tapak,(Sunda) kabuktian dirobahna
>> Pancawara ku Jawa. geseh sapoe. Nuruuuuuut weh deuih. Kacipta sistim
>> pananggalan Sunda anu beda metoda jeung pananggalan Hiriah di aduk ku Jawa.
>> Caricing deuih tah kang Thomas dkk.
>> 7. Taun ALIP,(ABOGE;  ALIP-rebo- wage) Taun BE, Taun DAL, Taun WAU,Taun
>> JIMawal jstna jlas ngaran taun pangaruh ARAB.
>> 8. Taun KEBO, Taun MONYET, Taun HURANG, Taun KALABANG, Taun EMBE, Taun
>> KEUYEUP, jlas, asli SUNDA PITUIN.
>> 9.Arek ngadu akurat? Lamun kang Thomas nganggap enteng masalah akurat
>> hartina *kang Thomas lain elmuwan sajati tina widang matematik. Uin moal
>> daek debat.  *
>> Para astronom SEJEN pada ngaku akurasina KalaSunda. diantarana sobat uin di
>> ITB, DR MOEDJIHARTO SPESIALIS PANANGGALAN SADUNYA. jeung kang DR TAUFIK ITB
>> manten Kepala Laboratorium Astronomi Boscha di Lembang.
>> Aranjeunna siap ngadampingi uin mun rek launching KALASUNDA KA UNESCO PBB.
>> *KALASUNDA SIAP TARUNG JEUNG KALENDER NU AYA SADUNYA, NGADU SISTEM, NGADU
>> AKURASI, NGADU KOLOT, NGADU KA ASLIANNANA . KALASUNDA, ASLI KALA PITUIN
>> URANG SUNDA. TANPA PANGARUH INDIA, TANPA PANGARUH ARAB, JAWA, MASEHI, MAYA.
>> jjsbna.....*
>> SIAPPPPPPPP JEUNG TANGGUNG JAWABNA!!!(asal aya sponsor)
>> CAG!
>> hn*R3M
>>
>>
>>  
>>



      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke