mun ngeunteung kana sababara panalungtikan nu dilakukeun tempat kuring, keur
mopilerkeun hiji hal henteu bisa ukur ngandelkeun internet. bakal kurang
optimal. internet ngarupakeun media nu paling saeutik diakses masarakat.
media nu panghadena dina mopilerkeun hiji hal nyaeta media luar ruang model
baliho, poster, atawa kalender. terus tipi, koran jeung radio. ngan memang
lamun sumber daya nu dipiboga nyukupan, upaya mopilerkeun make sakabeh media
nu aya tangtu bakal leuwih alus :).

ngan nu jadi udagan mimiti kalender saka sunda ieu teh popiler di masarakat
atawa bisa asup ka kawijakan politik?

2011/1/14 Irpan Rispandi <[email protected]>

>
>
> Kuring satuju jeung bah MH, Sinta jeung Jojo tenar tina internet, Justin
> Bieber jadi buah bibir lantaran internet, Ariel .... he..he...he...
>
> Eta teh salah sahiji conto kakuatan internet.
>
> Kuring usul, kumaha lamun kalasunda nyieun website khusus. Masalah teknis
> pemrograman mah keun lah da loba urang sunda nu bisaeun. Kari data na.
>
> Sok sanajan geus nyieun versi internet, versi cetakna moal pareum ieuh.
> tingali we kompas jeung Republika. Maranehna nyieun versi digital, versi
> cetakna angger we mahabu. Samalah saha nu nyaho, seiring "Brand Awareness"
> masyarakat kana Kalasunda beuki gede, maka permintaan versi cetak oge beuki
> loba.
>
> Kumaha tah bah ?
>
> On 01/14/2011 03:52 AM, mh wrote:
>
>
>
> Kang Oza, upama Kala Sunda hayang leuwih dikenal ku masyarakat awam,
> jigana wae kudu dipublikasikeun di Internet nurutan kalender sejenna.
> Ceuk uing mah rada hese mun dipublikasikeunan kudu mangrupa citakan wae
> mah.
>
> Geura toong ieu, saha wae bisa nyedot di dieu:
>
> Kalender Masehi: http://www.calendarlabs.com/
> Kalendar Hijriah: http://www.islamicfinder.org/Hcal/index.php
> Kalender Cina: http://www.herongyang.com/2011/
>
>
>  2011/1/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>
>>
>>
>> kg oman,
>> geus jadi samacem 'katangtuan' yen pemasaran kalender jeung strategina
>> metodana
>> taya deui ti iwal mun ku pangawasa di tangtukeun.
>> saha gregorian teh, saha julian teh, saha slt agung hanyokrokusumo teh.
>> jadi mun kg oman jadi minimal gupernur, weh, bisa dijadikeun kalender
>> jawabarat
>> KOMO MUN JADI PRESIDEN.
>> kiwari, kalasunda ngan saukur dianggap pa elmuan wungkul
>> sok sanajan hanteu sa eutik anu make kalasunda teh kang.
>> buktina krang kring ka uin anu rek mareulian teh.
>> keur nyitak wungkul uin malah dipenta nyieun proposalna ku KadisBudpar kg
>> Budiana
>> di ucapkeun di acara internasional astronomi, sabuga.bandung.
>> isukna dikirim proposal teh, 50 YUTA KEUR NYITAK SAREWU LAMBAR
>> jawaban karak dikrim tujuh bulan kahareup.
>> eusi jawaban ti ged sate-GUPERNUR kumaha? ngantilu baris, 'TEU AYA DANANA'
>> hn*R3M
>>
>>
>>
>>
>>  2011/1/9 oman abdurahman <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> Bang Oca,
>>>
>>> Lian ti pananya anu ku bah Oca dipasrahkeun ka para ahli sajarah pikeun
>>> ngajawabna (sabab bah Ali alm mah ahli metematik & astronomi/kalender),
>>> sakumaha pananya kahiji ti kang Maman di handap ieu, pasoalan sejenna teh
>>> kumaha strategi ngamasyarakatkeun eta kalender Kala Sunda ciptaan atawa
>>> hasil reinventing Bah Ali?
>>>
>>> Macaan argumentasi bah Oca mah lumayan, malah bisa jadi Kala Sunda teh
>>> jadi kalender unggulan pikeun sadunya. Ngan, pikeun ngambah kadinya teh
>>> tangtu lain perkara gampang. Lian ti masyarakat geus biasa pisan make
>>> kalender Georgian (Masehi), oga di kalangan masyarakat Islam urang apan geus
>>> biasa make kalender Hijriah atawa Mataram. Nepi ka aya babasan caang bulan
>>> opat belas". Kumaha cikan strategi anu jitu pikeun ngamasyarakatkeun ieu
>>> karya bah Ali alm? Kumaha respon Pamarentah Jabar?
>>>
>>> manar
>>>
>>>  2011/1/9 Maman <[email protected]>
>>>
>>>
>>>>    1. Patarosan nu sanes Kang Raja,  timana mimitina, naon awal
>>>> musababna, peristiwa atawa kajadian naon pikeun netepkeun jeung nangtukeun
>>>> tanggal 1 bulan 1 tahun 1 dina Kala Sunda.
>>>> 2. "Thomas"... nami baptis ti kristen katolik,   Djamaluddin nami
>>>> Islam...
>>>> (teu aya hubungan sareng agama dina soal netepkeun tanggal he.he.he.,
>>>> atanapi aya?  )
>>>>
>>>>
>>>> [image: 
>>>> http://www.sekolahdinewzealand.com/images/kudagerak.gif]<http://www.sekolahdinewzealand.com/>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> --- On *Sun, 1/9/11, Roza R. Mintaredja <[email protected]>*wrote:
>>>>
>>>>
>>>> From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>>>> Subject: Re: [kisunda] Astronomi - Kala Sunda dina Toongan Astronomis?
>>>> To: [email protected]
>>>> Date: Sunday, January 9, 2011, 3:52 AM
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>  __
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke