sugan aya nu apal, ari angka nu nyengcle di luhur (superscript, pangkat) aya
istilah sundana teu nya?

misalna, X2 = X kuadrat = X pangkat 2


kitu deui keur angka nu ngawir ka gigir handap (subscript, indeks), naon
istilah sundana nya?


contona X2 =  X kadua

2011/1/23 mh <[email protected]>

> urang teruskeun, keur angka pecahan
>
> 1/2, satengah, hiji-per-dua
> 1/4, sa-parapat, hiji-per-opat
> 1/3, sa-per-tilu, hiji-per-tilu
> 2/3, dua-per-tilu
>
> 1/100, sa-persen, sa-per-saratus, hiji-per-saratus
>
> ari keur angka desimal, jiga 0.5, 0.25, jst aya istilah husus teu nya?
>
> 2011/1/22 mh <[email protected]>
>
>> Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika,
>> ngan duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen
>> memang urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu?
>>
>>
>> Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na
>> koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah
>> biasa deui wae.
>>
>> Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias
>> angka.
>>
>> Urang mimitian.
>>
>> Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan,
>> salapan, sapuluh,
>> Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas
>> Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh
>> Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus
>>
>> Istilah husus
>> sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ...,
>> salapan-likur
>>
>> Aya istilah husus lain teu nya?
>>
>>
>
>

Kirim email ke