Keun teu nyambung ge urang tuluykeun. Pantesna mah kitu asal usulna nyebut duit saperak. Kumaha sajarahna ari saringgit? (dua perak satengah). Ari Sa-benggol sabaraha perak nya? (di lembur uing mah benggol teh duit tina tambaga, jigana jieunan walanda, sok dipake ngerok amun asup angin). Aya oge sa-ketip, sa-talen, sa-peser, sa-picis, sa-sen (Sen di amerika dipake keneh, mun teu salah sadolar= 100 sen). Cing eta teh sabaraha perak jeung sugan aya nu apal kumaha sajarah atawa dongeng mimitina? Aya deui anu leuwih gede ti saperak salian ti saringgit, nyaeta salawe (dua puluh lima perak). Tah lebah salawe, naha ukuran duit atawa ukuran bilangan? Geuning sok aya kolot anu nyebut 25000=salawe rewu. Jigana resep mun anu sipatna sebutan bilangan dihirupkeun deui, siga salosin jeung sakodi anu masih keneh dipake.
Tah kumaha sajarahna lebah bacaan/novel murahan nyebut roman picisan (tina sapicis), lebah pagawean teu beres nyebut ngodi (tina sakodi), lebah ngagambarkeun loba nyebut ngalosin(tina salosin)? Setiadi --- In [email protected], "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasunda@...> wrote: > > mang h, > aya carita/legenda? kieu,....ti mimiti jaman salaka nagara, bangsa sunda mun > balanja mayar make duit perak, tapi mun ngajual barang/ekspor maranehna nu > meuli kudu mayar make duit emas. numatak puser dayehna oge disebut rajata > pura, mun ceuk basa luar agyre atawa kota PERAK. Paingan nepi ka kiwari urg > sunda nyebut ka satuan duit teh, saperak, dua perak jstna. da ari rupiah mah > asal ti india rupee. haaar jadi teu nyambung jeung judul??? > > > 2011/1/22 mh <khs579@...> > > > > > > > Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika, > > ngan duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen > > memang urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu? > > > > Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na > > koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah > > biasa deui wae. > > > > Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias > > angka. > > > > Urang mimitian. > > > > Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan, > > salapan, sapuluh, > > Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas > > Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh > > Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus > > > > Istilah husus > > sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ..., > > salapan-likur > > > > Aya istilah husus lain teu nya? > > > > 2011/1/18 mh <khs579@...> > > > >> Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan > >> geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait. > >> Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning. > >> Boa-boa aya pakaitna jeung watek > >> urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu > >> ditoong leuwih teleb deui. > >> > >> Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika, > >> naon wae nya? > >> > >> Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor. > >> > >> hiji, > >> dua, > >> tilu, > >> opat, > >> lima > >> genep, > >> tujuh, > >> dalapan, > >> salapan, > >> sapuluh, > >> .... > >> jst > >> > >> Cing baraya, lengkepan daftarna > >> > >> > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
