hehe... pesek heula wae ti sisi bahasa: 'sineger' teh naon, 'tengah' teh naon. alhamdulilah nepi ka kiwari kuring teu apal naon ari 'sineger', tina 'siger' atawa 'seger'. ngan mun ningali tina bentuk sisipan -in- dina 'tinulis' atawa 'sinerat' gede kamungkinan 'sineger' teh tina 'seger'. naon hartina? naha sami jeung 'segar' dina basa indonesia. ngan asana mah lain da asa teu nyambung jeung rarasaan (enyaan kuring teu apal naon saenyana) harti sineger tengah.
bisa oge, 'sineger' teh asal kecapna tina 'siger', ngan kusabab nyebut 'siniger' mah asa hese, nya robah jadi 'sineger'. naon hartina siger? asana mah sarua jeung 'iket'. ari tengah mah tangtu sarerea apal, henteu di hareup, henteu di tukang, henteu di kenca henteu di katuhu. jadi sacara bahasa bisa jadi hartina sineger tengah teh, iket nu nyengcle (/'dicengclekeun) ditengah-tengah. harti konotatipna bisa positip, bisa negatip. utamana dina ngahartian tengah. bisa 'teu boga pamadegan', bisa oge 'ajeg dina hiji pamadegan'. haha.... punten ah ieu mah ukur asana :p 2011/1/28 JeBe <[email protected]> > > > Tah geuning versi lainna aya > Hehehe... > > Mantap lah bahO, sae pisan kitu mah > Ngan nyaeta ari ditingali2 ayeuna mah asa hese dilarapkeun utamina ku > pamingpin > Nya? :D > > > Sent from MobilePhone® > ------------------------------ > *From: * oman abdurahman <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Fri, 28 Jan 2011 14:26:17 +0700 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: Sineger Tengah ==> Re: [kisunda] habis Syiah terbitlah JIL > > > > "Sineger tengah" teh meureun "ummatan wasathon" tea basa Arab/istilah Al > Qur'an na mah. Ngan, lain hartina plin-plan. Kayakinan tetep boga, ngan dina > implementasina aya toleransi tea alias henteu kena-kena keur kawasa atawa > loba pasukan, azas2 kaadilan tetep dijalankeun. Hal ieu teh kaasup dina > sikep hirup sapopoe. > > manar > > 2011/1/28 mh <[email protected]> > >> >> >> Cing pek urang pada naroong atuh, manusa Sunda nu jiga kumaha >> karakteristikna >> nu dipiharep ku urang sarerea teh. Manusa nu sineger tengah tea kitu? >> >> Nu jiga kumaha nya nu sineger tengah teh? >> Sok ah geura guar, geura bedah! >> >> >> 2011/1/28 Akang Tajimalela <[email protected]> >> >>> >>> >>> Sumuhun... >>> >>> Hayu atuh urang lereskeun... >>> >>> >>> TM >>> >> > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
