> From: Mohammad zen
> permasalahn suni jeung syiah sanes permasalahan bani hasyim jeung muawiyah
> (saperti anu dicarioskeun ku kang wahyu) > tapi dina versi anu kuat mah
> masalah penjabaran pamahaman kaimamahan jeung ahlulbait nabi anu jadi
> kapamimpinan
> salanjutna...
Sunni sareng Syiah memang sanes perkara Bani Hasyim jeung Bani Umayyah DEUI,
sabab geus asup kana wilayah agama, lain masalah politik deui. Tapi mimitina
mah, nya cekcok dua Bani ieu (bani = klan kulawarga). Masalah ieu tiasa
ditingali dina buku-buku Sajarah Islam. Disebutkeun asup kana wilayah agama,
sabab masing-masing pihak ngagunakeun agama keur ngalegimitasi klaim
politikna. Akibatna ku perjalanan waktu, Sunii jeung Syiah jadi dua sekte
(aliran) dina Islam. Conto anu jelas yen ieu teh politik nu asup kana agama,
dina hal perkara Hadist. Hadist2 nu diriwayatkeun ku Abu Hurairah, ku urang
Sunni mah dianggap Hadist Sahih, tapi ku urang Syiah mah teu dianggap
(Mangga tingali arsip2 kisunda kenging kang Agus Wirabudiman). Urang Syiah
malah malik nanyakeun saha ari Abu Hurairah teh. Sigana beda ieu, teu
mucunghul di awal-awal Islam, tapi 200 taunan saentasna, ti mimiti hadist
dikumpulkeun jeung dibukukeun.
Koreksi lamun kuring salah ....
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/