Saena dikintunkeun wae atuh konsep ulemanana ka sababaraha anggota milist
ieu, upamana wae ka Kang Deni, Kang Ilen, kanggo diparios. Sabab, upama eta
kecap "resepsi" ( anu seja diganti ku basa Sunda) masih ngantet dina
kalimah, komo padalisan. lengkepna mah baris leuwih gampang narjamahkeunana.

Keur kuring sorangan, upama hese-hese teuing mah teu ditarjamahkeun oge teu
nanaon, diaku basa Sunda wae eta kecap "resepsi" teh. Atawa diganti
ku "ramah tamah", nyaeta gumantung kalimahna.

manar




2011/2/28 <[email protected]>

>
>
> Hatur nuhun Kang Deni, sim kuring teh bade ngadamel uleman kanggo resepsi
> pernikahan dina basa sunda. Sim kuring nganggo "walimahan" teh kanggo "akad
> nikah". Tah kanggo "resepsi" nu janten bingung teh.... Hehehe..
> Baktosna..
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: *Deni Indra Kelana <[email protected]>
> *Sender: *[email protected]
> *Date: *Sun, 27 Feb 2011 17:01:48 -0800 (PST)
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: *[email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Terjemahan Resepsi
>
>
>
> Sapamendak, sacara umum tiasa ditarjamahkeun janten "hajat" atanapi
> "pasamoan". Atuh khususna gumantung kana naon anu diresepsikeun. Misalna,
> pami resepsi pernikahan pan jantenna 'walimahan", atanapi khitanan janten
> nyepitan...
>
> Kitu panginten, nyungkeun koreksi.
> Nuhun,
>
> Deni
>
>
>  ------------------------------
> *From:* "[email protected]" <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Sunday, February 27, 2011 18:54:41
> *Subject:* [kisunda] Terjemahan Resepsi
>
> Punten bade tumaros ka sadayana, dupi ari "resepsi" dina basa sundana naon
> nya ? Hatur nuhun.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke