Hatur nuhun Pak Ilen..
Baktos
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: ilen kardani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sun, 27 Feb 2011 19:55:06 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Terjemahan Resepsi

Gamparan,

Resepsi tiasa oge digentos ku : Hajatan atanapi Kariaan.
Umpanana, "Diantos kasumpinganana kanggo ngaluuhan acara karian pun anak anu 
parantos rengse disepitan".
Jadi inget kana lagu Darso, kieu cenah:
================
HAJAT

Tibareto boga niat, boga milik hayang hajat
Arek ngondang kawawuhan sina datang nyarambungan
Nepi kana ento hajat babaturan mani riab
Ngadon dahar parasmanan suka seuri bungah pisan

Basa hjat geus lekasan, eusi amplop dibukaan
Tina sakitu lobana, euweuh nu mere sajuta
Panyecep ge teu tinggaleun, pagetona dihijikeun
Diolo diinjeum heula pake mayar daging domba

=============
kitu nun, 
si ilen raja sawer



________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, February 28, 2011 10:59:58 AM
Subject: Re: [kisunda] Terjemahan Resepsi

  
Saena dikintunkeun wae atuh konsep ulemanana ka sababaraha anggota milist 
ieu, upamana wae ka Kang Deni, Kang Ilen, kanggo diparios. Sabab, upama eta 
kecap "resepsi" ( anu seja diganti ku basa Sunda) masih ngantet dina kalimah, 
komo padalisan. lengkepna mah baris leuwih gampang narjamahkeunana.

Keur kuring sorangan, upama hese-hese teuing mah teu ditarjamahkeun oge teu 
nanaon, diaku basa Sunda wae eta kecap "resepsi" teh. Atawa diganti ku "ramah 
tamah", nyaeta gumantung kalimahna.

manar



 
2011/2/28 <[email protected]>

  
>Hatur nuhun Kang Deni, sim kuring teh bade ngadamel uleman kanggo resepsi 
>pernikahan dina basa sunda. Sim kuring nganggo "walimahan" teh kanggo "akad 
>nikah". Tah kanggo "resepsi" nu janten bingung teh.... Hehehe..
>Baktosna.. 
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>From: Deni Indra Kelana <[email protected]> 
>Sender: [email protected] 
>Date: Sun, 27 Feb 2011 17:01:48 -0800 (PST)
>To: <[email protected]>
>ReplyTo: [email protected] 
>Subject: Re: [kisunda] Terjemahan Resepsi
>
>  
>Sapamendak, sacara umum tiasa ditarjamahkeun janten "hajat" atanapi 
>"pasamoan". 
>Atuh khususna gumantung kana naon anu diresepsikeun. Misalna, pami resepsi 
>pernikahan pan jantenna 'walimahan", atanapi khitanan janten nyepitan...
>
>Kitu panginten, nyungkeun koreksi.
>Nuhun,
>
>Deni
>
>
>
>
>
>
________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Sunday, February 27, 2011 18:54:41
>Subject: [kisunda] Terjemahan Resepsi
>
>Punten bade tumaros ka sadayana, dupi ari "resepsi" dina basa sundana naon nya 
>? 
>Hatur nuhun. 
>
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
>------------------------------------
>
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>




      

Kirim email ke