Tah nambah deui euy, dongengna.

Aya info anyar dina dongeng ieu teh, nyaeta geuning aya jabatan khusus nu
jadi tukang pecat, nepi ka diangkir ngurilingan dunya.

---------- Forwarded message ----------
From: ilen kardani <[email protected]>
Date: 2011/3/1
Subject: [kisunda] Dipecat Siah ku Aing!
To: [email protected]




Baraya,

Tiheula mah ngadongeng wawancara calon pagawe, ayeuna mah
ngadongeng pangalaman ngeureunkeun pagawe, katelahna mecat tea.

Mun pareng lalajo pilem 'Up in The Air" eta teh nyaritakeun hiji jelema anu
profesina tukang mecatan pagawe, manehna ngurilingan dunia nedunan panggilan
ti perusahaan gede anu baroga program ngurangan karyawana. Tina sataun
si Kasebelan teh bisa ngapung dina pesawat leuwih ti 200 poena, geningan
sakitu pentingna jadi tukang pecat teh.

Teu kabayang kumaha rasana boga jabatan siga kitu, ngan nu kaalaman ku
kuring mah mecat jelema teh lain pangalaman anu pikagenaheun. Jaba ti kudu
nyinghareupan jelema nu rupa-rupa mentalna, oge kudu mikirkeun kumaha
kaayaan kulawarga jeung dulur-dulurna satutasna eta jelema di pecat. Kumaha
lamun ieu jelema teh jadi gunung pananggeuhan dulur-dulurna, kumaha lamun
mental manehna teu kuat nyinghareupan pamecat, kumaha lamun anak
pamajikanana katalangsara, kumaha lamun manehna kalap terus nganiaya kuring,
 kumaha lamun isuk jaganing geto eta jelema teh jadi dunungan kuring, kumaha
lamun manehna boga hutang ka rentenir urang batak. Nu pang palaurna mah
nyaeta kumaha lamun manehna nandasa dirina sabab rentas pangharepan, teu
kuat mental nyinghareupan parobahan kahirupan. Intina mah, mecat jelema teh
lain pikangeunaheun, nu matak parusahaan garede sok nitah batur tina urusan
mecat karyawanana sakumaha kacaritakeun tina pilem tea.

Basa kuring dititah mecat 8 jelema sabab perusahaan keur nyinghareupan
resesi, sakeupeung mah rada baluweng nangtukeun saha pijelemaeunana nu bakal
dipecat ku kuring. Didikan nu katarima ti kolot teges pisan yen kuring kudu
bisa berlaku adil tina nyinghareupan sagala situasi jeung make hate anu
suci. Didieu aya tinimbangan, kumaha prestasi pagawe hiji-hijina, kumaha
kalakuanana, kumaha hubungan manehna jeung pagawe sejen, geus sabaraha taun
digawena, sabaraha gajih bulananana, kumaha kaayaan kahirupanana, kumaha
balukarna lamun dipecat, jrrd. Ulah pisan-pisan mecat jelema lantaran aya
urusan pribadi jeung eta jelema, estuning kudu urusan profesi.

Didieu perlu sikep mental anu lantip jeung malapah gedang tina nepikeun
beja ngeureunkeun karyawan, ulah kabawa ku emosi jeung kudu teger kana
tujuan mimiti, nyaeta mecat tanpa mawa kagorengan bari nuduhkeun pipolaheun
satutasna dipungkas tina jabatanana. Ari anak buah teh rupa-rupa bangsana,
ti mimiti urang Malayu, Cina, India, Indonesia, Iran, Iraq, Amerika,
Belanda, Inggris, Philippina, Pakistan, Norwegia jeung Mesir. Hiji-hiji
ditaliti kaayaanana sangkan teu nyalahan. Sanggeus yakin, hji-hiji
dipanggilan ka kantor terus dibejaan yen samet poe eta manehna digawe teh.
Sagala rupa kalimah jampe pamake dipapatkeun sangkan tujuan kuring surup
kana atina jeung hatena teger nyinghareupan kanyataan. Sakabeh anu dipecat,
sakeudeungan mah mata simeuteun, leuleus leumpeuh lir kapuk kaibunan kapas
kapanasan, taya tangan pangawasa, cumalimba menta ditunda atawa dibatalkeun
niat kuring mecat manehna. Kabayang keneh ku kuring kumaha lenghoyna
leumpang maranehna kaluar ti kantor kuring, hate mah teu tega tapi da kitu
kanyataanana. Anggap we jadi jenderal anu ngomando perang ka prajuritna,
sanajan pibahayaeun tapi tetep kudu dilakonan.

Mungguhing hirup, kadang-kadang jelema teu bisa dipisahkeun tina jabatanana,
gaya hirup jeung identitas sapopoena geus disakompetdaunkeun jeung jabatan,
padahal masih keneh aya wates antara jabatan jeung jati diri hiji jelema.
Coba lamun sakabeh atribut jabatan jeung kakayaan dipiceun ti manehna,
kumaha pibakaleunana? Naha masyarakat masih keneh ngambeuan urut pejabat
tinggi anu jadi narapidana? Naon anu jadi dangiang hiji jalma lamun manehna
teu boga harta teu boga jabatan? Taya lian, pamor hiji jelema teh gumantung
kana elmu pangaweruhna, tekad ucap jeung lampahna. Ari urusan harta mah geus
aya nu ngaturna, cumpon kana paribahasa, "Kulak Canggeum Bagja Diri, Dihin
Pinasti Anyar Pinanggih"


Sakitu cenah kang kuncen dongengna.

si ilen kardani nu teu resep jadi tukang pecat.

Kirim email ke