Salah sahiji pangalaman pang endahnya pikeun kuring mah waktu jaman jadi
mahasiswa. Saha nu teu reueus jadi anggota sivitas akademika paguron luhur anu
dipikaserab, lain wae di tingkat nasional, tapi oge di regional jeung
internasional.
Babaturan sa angkatan anu jadi mahasiswa anyar teh aya kana 200 - an urang.
Dina daftar anu lulus seleksi aya aran Guruh Irianto Soekarnoputra jeung
Harvey
Malaiholo. Tapi nepi ka rek waktu perkenalan, Guruh teu katingali daftar ulang.
Jigana wae ngan sakadar rek nguji kamampuanana naha masih bisa lulus asup UI.
Padahal harita teh waktu kuring karek jadi mahasiswa di FISIP aya mahasiswa
senior, lanceuk terena, nyaeta Bayu Soekarnoputra. Jigana wae Guruh (meureun)
eraeun asup ka FISIP, pedah aya lanceuk tere, sabapa teu saindung Ibu
Hartini
(istri kadua.. eh.. katilu Soekarno?). Padahal mah ceuk cenah mah baheula oge
Lanceukna Guruh (Megawati Soekarnoputri) kuliah di Fakultas Psikologi , tapi
ngan sataun alatan salakina anu jadi perwira angkatan udara gugur keur
ngajalankeun tugas, bari jeung teu kapanggih layonna.
Saperti biasana, upama mahasiswa anyar kakarekek asup tah, aya masa perkenalan
anu baheula mah biasa disebut masa perpeloncoan. Tapi waktu kuring asup mah
istilahna the OSPEK (Orientasi Siswa PEngenalan Kampus).
(hanca…..)