---------- Forwarded message ---------- From: ilen kardani <[email protected]> Date: 2011/2/23 Subject: [kisunda] Cingceung To: [email protected]
Nyumponan pamundut kuncen Kisunda, sakotret keur balarea: Hiji mangsa kuring balik sakola bareng jeung kolot ngaliwat ka pasar, rentang-rentang aya jelema gagah parigel meuntas jalan. Leumpangna bangun gancang bari paroman cingceung bangun rusuh. Ku kuring di obrolkeun ka kolot yen eta teh jeger pasar nu dipikasieun ku jelema salembur. Ari ceuk kolot, urang mah ulah sieun ka jelema kitu tapi kudu karunya, jaman ayeuna mah hirup teh lain ku peureup tapi ku uteuk. Sakitu papath ti kolot, harita mah asa teu penting bubuhan can dewasa nu aya mah puguh kabita jadi jelema nu dipikarisi dipikarempan ku balarea, ari kadieunakeun karek sadar geningan bener pisan nu diomongkeun ku kolot teh. Jadi jeger pasar moal mawa katenangan sok sanajan narima setoran ti unggal kios, anak jeung pamajikanana pasti unggal detik hariwang boga bapa atawa salaki nu sawaktu-waktu bisa kasoren ku jelema sejen anu marebutkeun lapak di pasar. Kitu cenah kang kuncen..................... ilen kardani
