Bi Oeti damang? Hehehe

Cing Bi, sugan apal kana urusan bahan pangawet kadaharan, utamana kurupuk.
Uing boga kasus jiga kieu:

Tilu poe kaliwat, aya nu ngabahanan kurupuk, mangrupa cemilan kadaharan
barudak.
Harita teh berewek we bungkusna dibuka. Diasaan saeutik, lumayan gurih, rasa
hurang.
Sanggeus diasaan, digolerkeun we jeung bungkusna dina meja. Pleng we
kapopohokeun.

Ari tadi tas Jumaahan, alak-ilik kana meja, geuning bungkusan kurupuk teh
masih keneh
aya. Eusina ge loba keneh malah. Panasaran kojengkang dicokot, am diasaan,
geuning
rasana teu robah, oge masih keneh beleger, taya riuk-riuk melempem, jiga
ilaharna kurupuk.

Uing jadi ngahuleng, naha kurupuk disimpen dina meja, bari jeung ngaboleklak
bungkusna
geus dibuka, teu riuk-riuk melempem. Pan ari biasana mah, kurupuk naon wae,
mun kangin
angin sok gancang melempem. Boa-boa yeuh, aya nanaonna, ceuk pikir uing teh.

Cing Bi pangneguhkeun, kunaon eta kurupuk teu melempem? Naha aya bahan
pangawet
dagareun nu sakti jiga kitu? Mun tea mah aya, naon tah efekna kana
kasehatan.

-mh-

Kirim email ke