Alhamdulillah pangesto Ki. Eta kurupuk ajaib rupina heu heu heu.... Tapi maenya wae ngadamel kurupuk nganggo nipagin (metyl paraben), nipasol atanapi sodium benzoat (sadayana bahan pengawet) komo formalin mah. R Tapi ningali awetna mah siga nganggo formalinnya... (Ieu mah hanya dugaan nya ki) tapi ah, maenya teuing. Efekna biasana mah kerusakan hati, ginjali jrrd. Seueur Ki saleresna mah (keula ieu geumpeur nga-sundakeuna kumaha) Ke urang sambung deui, ieu juragan tuturubun hoyong uih ti manado. Manado bade ka anjangan ku tsunami cenah.
Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 11 Mar 2011 15:18:33 To: Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Bi Oeti, Bahan Pangawet Kurupuk? Bi Oeti damang? Hehehe Cing Bi, sugan apal kana urusan bahan pangawet kadaharan, utamana kurupuk. Uing boga kasus jiga kieu: Tilu poe kaliwat, aya nu ngabahanan kurupuk, mangrupa cemilan kadaharan barudak. Harita teh berewek we bungkusna dibuka. Diasaan saeutik, lumayan gurih, rasa hurang. Sanggeus diasaan, digolerkeun we jeung bungkusna dina meja. Pleng we kapopohokeun. Ari tadi tas Jumaahan, alak-ilik kana meja, geuning bungkusan kurupuk teh masih keneh aya. Eusina ge loba keneh malah. Panasaran kojengkang dicokot, am diasaan, geuning rasana teu robah, oge masih keneh beleger, taya riuk-riuk melempem, jiga ilaharna kurupuk. Uing jadi ngahuleng, naha kurupuk disimpen dina meja, bari jeung ngaboleklak bungkusna geus dibuka, teu riuk-riuk melempem. Pan ari biasana mah, kurupuk naon wae, mun kangin angin sok gancang melempem. Boa-boa yeuh, aya nanaonna, ceuk pikir uing teh. Cing Bi pangneguhkeun, kunaon eta kurupuk teu melempem? Naha aya bahan pangawet dagareun nu sakti jiga kitu? Mun tea mah aya, naon tah efekna kana kasehatan. -mh-
