Baraya,

Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan Ekonomi)
judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta netelakeun yen
industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku tambah
susahna (atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab eta
bahan baku teh impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur ngabatik
anu asalna tina geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi tambah
sulit nhayakeun alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih milih
ngaekspor. Ancaman sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku cara
eta nagara ngaborong katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. Cina ka
hareup baris gede-gedean ngabatik pikeun merangan produksi jeung tataniaga
batik urang. Ditambah deui ku pernyataan Menteri Perdagangan anu negeskeu
yen perdagangan bebas ACFTA teu perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri: dampak
negatif akibat ACFTA masih bisa ditanggulangan ku cara nego antara
Pemerintah jeung pelaku usaha.

Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka Ibu
Aminah. Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, pasna mah
ti Wanaraja, Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung
binaan-binaan paekonomian masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, tekad jeung
prakna usaha ieu puteran ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, salah
saurang pendiri NU, oge anu ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, Garut. Ibu
Aminah di Wanaraja tekun jeung daria pisan mekarkeun jeung ngabina
industri bahan sandang anu lain kapas, tapi HARAMAY.

Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan
industri bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. ibu
Aminah satengah ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. Ramalan ibu
Aminah ieu oge sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, hiji
mangsa Indonesia bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku sabab
salila ieu benang di urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta henteu
cocok dipelak di taneuh urang (Indonesia) umumna.  Saur Ibu Aminah harita kl
kieu: "Indonesia kuduna geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang tina
kapas kana haramay, sabab, haramay ngabogaan kapinujulan dibanding kapas.
Anu pang-pangna, kusabab haramay leuwih cocok dipelak di taneuh urang". Kitu
kurang leuwih kasauran anjeunna harita.

Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan ningalian
proses nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan anu geus
kari make anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan usaha
anjeunna di Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin paragi
ngolah haramay ti mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin
pemintalan/tenun. Anjeunna harita nyaur kl kieu:"Anu masih jadi masalah teh
eta mesin-mesin keur nyieun benang tina haramay masih mesin-mesin anu spec
bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan pibenangeun anu tadina paranjang
(sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang hiji baju, ku mesin spec kapas
ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke disambung-sambung deui. Jadi
loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup obrolan di rohangan
pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin bangsa urang anu
bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan baku haramay.

Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika ibu
Aminah pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil lamun
henteu terang kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung kahareup
urang bakal werit ku urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos prak
dilakonan ku Ibu Aminah teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji teknologi
mandiri bangsa urang dina urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba
diungkulan, piraku euweuh nu nu bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya anu
bisa bertahan tina masalah bahan baku tekstil dunia, industri tekstil daerah
(heula, Jabar, upanana) jeung nasional anu bahan bakuna henteu gumantung ka
nagara sejen.

Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di Wanaraja
(sugan aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti Jabar
tea.

manar

Kirim email ke