Mending mana, "komeok memeh dipacok" jeung "kumecrot memeh dikecrot"?

2011/4/7 nurul iman <[email protected]>

>
>
> Muhun kang ulang keok samemeh dipacok....
> urang teh kedah tiasa bersaing sinareng mun tiasa mah mikacontoh ka bangsa
> sejen nu tiasa manfaat kanggo urang sadayana.
> Da mencari ilmu mah kedah tiasa kamana-mana (carilah ilmu walau ke negeri
> Cina, Eropa, Asia, dll.).
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* MRachmat Rawyani <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Cc:* [email protected]
> *Terkirim:* Kam, 7 April, 2011 13:29:51
> *Judul:* [kisunda] Re: [Urang Sunda] Haramay, potensi sandang anu
> merlukeun tekad jeung politik tekstil Pamarentah - Garut deui
>
>
>
> Naon anu dipedarkeun ku kang Oman  di handap bisa jadi salah sahiji
> strategi kebudayaan masyarakat Sunda dina nyanghareupan globalisasi, utamana
> dina nyanghareupan pasar bebas ACFTA. Minggu kamari, UI kadongkapan salah
> saurang pangusaha urang Korea anu dibaturan ku urang kamenterian Koperasi
> jueng UKM. Eta urang Korea teh rek menta dipanglatihkeun perkara potensi
> usaha UKM di Indonesia pikeun para pengusaha UKM Korea. Dina  sataun aya
> welasan CEO UKM korea ka Indonesia dilatih jeung dididik di UI. Ti dinya
> maranehana rek ngembangkeun industri UKM Korea, anu engkena dipasarkeun di
> Indonesia. Program ieu teh cenah ceuk urang Korea geus diterapkeun di China,
> dimana para pangusaha Korea dilatih di China, nyieun produk anu dipasarkeun
> di China.
>
> Tah batur mah nepi ka kitu pikeun ngadorong industri kecilna teh. Ari Urang
> kumaha atuh?
>
> Januari kamari kuring ka Lombok jalan-jalan ngajak barudak jeung pamajikan.
> Salah sahiji diantara anu jadi tempat tujuan teh industri karajinan tina
> sabansaning taneuh. Tetela maju, upama dibandingkeun jeung kaayaan 20 tahun
> katukang, dimana kuring kungsi mukim di Lombok. Ceuk cenah mah kamajuan eta
> teh ku sabab industri kerajinan keramik dilatih ku urangJepang. Pasaran
> Keramik Lombok ayeuna loba pesenan ti turis Rusia jeung nagri-nagri Eropa.
>
> Ieu mah hiji conto, kumaha ku ayana tangtangan ti luar bisa jadi ngadorong
> bisa leuwih maju, heunteu gimir sumawona keok samemeh dipacok. Tapi upama
> urang gumantung pisan kana kawijakan pamarentah, repot bin rese tea. Kudu
> aya inisiatif ti kalangan swasta atawa perorangan pikeung ngamajukeun
> masyarakat.
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
> ------------------------------
> *From:* oman abdurahman <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Cc:* urang sunda <[email protected]>
> *Sent:* Wed, April 6, 2011 7:09:42 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Haramay, potensi sandang anu merlukeun tekad
> jeung politik tekstil Pamarentah - Garut deui
>
>
>
> Baraya,
>
> Warta di koran Kompas poei ieu, 7 April 2011, kaca 17 (rohangan Ekonomi)
> judulna: "Batik Terpukul Bahan Baku". Mataholangna eta warta netelakeun yen
> industri batik urang, jembarna industri tekstil urang, kaancam ku tambah
> susahna (atawa mahalna) meunangkeun bahan baku (kapas, sutera) sabab eta
> bahan baku teh impor. Ancaman sejenna, gondorukem (bahan lilin keur ngabatik
> anu asalna tina geutah pinus) oga naek hargana sabab eta barang jadi tambah
> sulit nhayakeun alatan Perhutani salaku produsen eta barang leuwih milih
> ngaekspor. Ancaman sejenna: Cina geus ngintip pasar domestik urang ku cara
> eta nagara ngaborong katun (bahan batik) ti Amerika jeung lianna. Cina ka
> hareup baris gede-gedean ngabatik pikeun merangan produksi jeung tataniaga
> batik urang. Ditambah deui ku pernyataan Menteri Perdagangan anu negeskeu
> yen perdagangan bebas ACFTA teu perlu dibatalkeun. Ceuk nyi Menteri: dampak
> negatif akibat ACFTA masih bisa ditanggulangan ku cara nego antara
> Pemerintah jeung pelaku usaha.
>
> Inget kana masalah bahan baku tekstil atawa sandang sok ras inget ka Ibu
> Aminah. Ieu isteri sakaligus ustadzah oge pelaku usaha teh asgar, pasna mah
> ti Wanaraja, Garut. Anjeunna anggota DPRD, gaduh pasantren jeung
> binaan-binaan paekonomian masyarakat. Anu leuwih penting ti eta, tekad jeung
> prakna usaha ieu puteran ajengan sohor ti Garut, KH Anwar Musaddad, salah
> saurang pendiri NU, oge anu ngadegkeun yayasan Al Musadaddiyah, Garut. Ibu
> Aminah di Wanaraja tekun jeung daria pisan mekarkeun jeung ngabina
> industri bahan sandang anu lain kapas, tapi HARAMAY.
>
> Emut keneh, 5 taunan ka tukang nalika si kuring ngalongok percontohan
> industri bahan sandang tina haramay di lembur Ibu Aminah di Wanaraja. ibu
> Aminah satengah ngaramal anu ayeuna ramalanana mimiti kabuktian. Ramalan ibu
> Aminah ieu oge sarimbag jeung perkiraan sepuh anu ti Panaruban. Yen, hiji
> mangsa Indonesia bakal kasulitan ku bahan sandang (nyatana benang) ku sabab
> salila ieu benang di urang asalna tina kapas, sedeng ari kapas eta henteu
> cocok dipelak di taneuh urang (Indonesia) umumna.  Saur Ibu Aminah harita kl
> kieu: "Indonesia kuduna geus tatan-tatah konversi bahan baku sandang tina
> kapas kana haramay, sabab, haramay ngabogaan kapinujulan dibanding kapas.
> Anu pang-pangna, kusabab haramay leuwih cocok dipelak di taneuh urang". Kitu
> kurang leuwih kasauran anjeunna harita.
>
> Saterusna, Ibu Aminah maea kuring jeung rombongan jalan-jalan ningalian
> proses nyieun benang tina haramay katut ka produk akhirna (raksukan anu geus
> kari make anu bahan benangna tina haramay). Di kompleks pengembangan usaha
> anjeunna di Wanaraja, kumplit pisan ti mimiti kebon haramay, mesin paragi
> ngolah haramay ti mimiti motong, nepi ka jadi benang, tur mesin
> pemintalan/tenun. Anjeunna harita nyaur kl kieu:"Anu masih jadi masalah teh
> eta mesin-mesin keur nyieun benang tina haramay masih mesin-mesin anu spec
> bahan bakuna kapas. Jadi wae bahan pibenangeun anu tadina paranjang
> (sakumaha tangkal haramay) anu bisa sapanjang hiji baju, ku mesin spec kapas
> ieu jadina kudu diteukteukan, padahal engke disambung-sambung deui. Jadi
> loba gawe anu muter-muter", saurna. Bari nutup obrolan di rohangan
> pemintalan benang, anjeunna ngaharepkeun aya ahli mesin bangsa urang anu
> bisa ngarancang mesin pemintalan benang khusus pikeun bahan baku haramay.
>
> Usaha Ibu Aminah sabenerna kungsi dideugdeug ku Presiden SBY nalika ibu
> Aminah pameran di Bandung. Pon kitu keneh, gubernur Jabar mustahil lamun
> henteu terang kana ieu kagiatan ibu Aminah. Nyawang ayeuna jeung kahareup
> urang bakal werit ku urusan tekstil ieu, aya hadena naon rupa anu tos prak
> dilakonan ku Ibu Aminah teh ditiron terus dibudayakeun jadi hiji teknologi
> mandiri bangsa urang dina urusan sandang. Masaalah permesinan dicoba
> diungkulan, piraku euweuh nu nu bisa?. Sugan wae kahontal hiji budaya anu
> bisa bertahan tina masalah bahan baku tekstil dunia, industri tekstil daerah
> (heula, Jabar, upanana) jeung nasional anu bahan bakuna henteu gumantung ka
> nagara sejen.
>
> Aya anu katantang ku haramay? mangga tepangan wae Ibu Aminah di Wanaraja
> (sugan aya keneh dikieuna eta usaha anjeuna teh). Sugan jadi ketak ti Jabar
> tea.
>
> manar
>
>

Kirim email ke