Ari dina term abad pertengahan, balista = panah nu ageung kacida, dugi ka tiasa ngancurkeun tembok puri.
Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: "Abbas" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 09 Apr 2011 03:46:24 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Bharat Yudha ka - 17 balista = panah nu dikadalian; sigana mah make tali meureun eta panah atawa tumbak teh. MUhun tah model KumbaKarna --- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote: > > Ballista teh senjata samodel kumaha bah? > > Lamun dinu carita Ramayana bhisma asa samodel jeung kumbakarna. Jelema > bener cicing dinu tempat salah. Jaman ayeuna oge rea jigana, tungtungna > anger paeh. > > > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Friday, April 08, 2011 10:46 AM > To: kisunda; urangsunda > Cc: Nurkadi; Sam Soemadipradja > Subject: [kisunda] Bharat Yudha ka - 17 > > > > > > > > Dina Perang poe kasapuluh, ku margi tos apal ka na kelemahan Bhisma ti telik > sandi; susunan Pasukan Pandawa diatur supaya Srikandhi sina misah ti > Pasukanana; tapi kudu teras caket sareng Arjuna. Pasukan Srikandhi digabung > sareng pasukan Pancala, nu dipimpin ku Prabu Drupada. > > Enggalna Arjuna tos ngamuk ka bala tentara Kurawa; kitu deui Bhima sareng > Gatotkacha di medan sanesna. Enggal Bhisna maju jurit ngahalangan Permasi; > Drona ngahalangan Gatotkacha. > > Pangamukna Arjuna estu matak gigis keur Pasukan Kurawa; ratusan pahlawan > sareng prajurit seueur nu binasa; ATUH ENGGALNA bHISMA MEGATAN pERMADI, GER > WAE PERANG RAGOT PISAN. > > Keur kitu Srikandi rada nyaketan Arjuna; teras ngeceng rada lami ku BALISTA; > harita Bhisma pas nakis panah Arjuna; barang nakis barang belesat teh > balista Srikandhi nancep jero pisan ka na kenca Resi Bhisma. Bhisma > kalintang kagetna, socana moncorong tanda amarah; enggal malik ka Srikandhi; > barang bade males ras emut yen anjeunna tos sumpah moal merangan Srikandhi; > sareng moal ngalawan lamun diserang Srikandhi; anjeunna sadar yen waktu > kanggo anjeunna tos tumiba; waktosna Bhisma ngamanah kitu teh ngan ukur > sababaraha detik; tapi kanggo Dananjaya ieu teh lami pisan dipasihan > kasempetanana; waktos Bhisma hareugeueun ( EU wungkul tah Kang Ocha ) tos > murudul panah2 ti Arjuna narancep di na jasmani Bhisma; barang bade males ka > Arjuna; gondewa enggal dipanah dugi ka parotong pisan; teras ditambihan deui > tatuna ku lima panah; Bhisma estu ripuh pisan; ampir teu tiasa nakis2 acan; > atuh panaah2 Arjuna mani ting tarancep di na sakujur badan Bhisma; Bhisma > nyandak tumbak pusaka nu dilempagkeun ka Arjuna; tapi ku Arjuna ditengah > jalan dipanah nepi ka parotongna; teras deui nambihan manahan deui dugi > sakujur badan Bhisma tos pinuh ku panaah. Bhisma nekad luncat ti na kareta > bari mesat pedang muru ka Arjuna; tapi kakara oge ngalengkah panah ti > Permadi tos murudul; akhirna Bhisma rubuh niban lemah; tapi salirana teu > adek kana taneuh ku margi kaatunjang ku ratusan panah anu maranggang ampir > saluar awak. Bhisma ambruk. > Ngadadak hujan kembang; lantaran DEWATA ngahormat ka Bhisma Dewabrata > Pahlawan Agung nu sae lakuna. > > Ku rubuhna Maha Senapati Kurawa, Bhisma Dewabrata, sapertos nu jangjian > Perang dilirenan samemeh waktosna; sadaya Pahlawan boh ti Kurawa boh ti > pihak Pandawa sami2 ngariung Resi Bhisma nu tatu parna; sadaya sami sedih; > sareng sadaya pada ngahormat ka ieu Pahlaawan Agung. > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
