Geuning perkara "disuntrungkeun" oge loba variasina nya.

Cing akurkeun istilah pakait nu kapanggih di lembur uing, Garut.

"disuntrungkeun" biasana dilarapkeun pikeun kaayaan jiga kieu:
1. Keur cinutrung dina gologog disuntrungkeun, nepi ka ngudupruk dina
buruan.
2. Keur ngajanteng dina galengan balong disuntrungkeun, nepi ka ngagejebur
kana balong.

Dua kaayaan di luhur gerakanana sarua, didorong kalayan kuat ti tukang.

Anapon "didegungkeun", ieu mah sirahna disentak boh ti gigir, ti tukang oge
ti hareup. Didegungkeun mah teu matak nepi ka ngudupruk atawa ngagejebur,
ukur oyag ngised saeutik.

2011/4/27 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Kang JeBe, di lembur uing mah di Ciamis, didegulkeun teh sarua jeung
> didiglongkeun, nyaeta nyuntrungkeun tapi ngaliwatan sirah (ukur sirah anu
> didorongna).
>
> manar
>
> 2011/4/27 JeBe <[email protected]>
>
>>
>>
>> Didegulkeun eta mah kang
>> Disuntrungkeun mah=didorong (paksa)
>>
>> Sent from MobilePhone®
>> ------------------------------
>> *From: *Gunawan Yusuf <[email protected]>
>> *Sender: *[email protected]
>> *Date: *Wed, 27 Apr 2011 03:08:16 +0000
>> *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: *[email protected]
>> *Subject: *Re: [kisunda] disuntrungkeun bahasa indonesia ?
>>
>>
>>
>> Kang Oman, Kang Sulkan, disuntrungkeun biasana (tos pasti ?), mastaka
>> (sirah), pami didorong, diceburkan tiasa anggota badan nu sanes (teu
>> spesifik sirah), nuhun
>>
>> 2011/4/27 Sulkan, Muhamad (D&DTooling) <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>>  Didorong , ….manawi J
>>>
>>> Mangga tambihan manawi aya nulangkung uninga.
>>>
>>>
>>>
>>> Baktos.
>>> *Sulkan, M*
>>>
>>> **
>>>
>>>
>>>
>>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>>> Behalf Of *Gunawan Yusuf
>>> *Sent:* Wednesday, April 27, 2011 9:15 AM
>>> *To:* [email protected]
>>> *Subject:* [kisunda] disuntrungkeun bahasa indonesia ?
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> aya anu uninga disuntrungkeun bahasa Indonesia-na naon ?
>>>
>>>
>>
>  
>

Kirim email ke