Tah nu ieu mah, mun di lembur uing kieu:

1. "digelom," budak ngaheumheum peremen loli nu buleud jiga kaleci, bari
diemut.

2. "kaseglong," mun keur ngagelom peremen terus meunang kareuwas atawa
digareuwahkeun, teu kahaja peremenna kateureuy buleud sakaligus, atuh
ohek-ohekan.

3. "kabeureuyan," rada mirip jeung kaseglong, ngan ieu mah keur cacaluakan
barang dahar jeung goreng jaer garing, teu kahaja cucukna kateureuy, nepi ka
eueuleugeugan.

2011/4/27 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Tah istilah "kagelong" mah sarua, di lembur kuring oge kitu hartina teh,
> teu kahaja keteleg. Khusus keur sangu, waktu neda, aya istilah kabuhulan.
> Jampe kabuhulan geus kamashur: "man kabuhila fatunjiko pundukuhu"  = "sing
> saha anu kabuhulan, mangka tonjok wae pundukna" hehehe (bhs Arabna mah ukur
> "man" = sing saha, jeung "fa" = mangka).
>
> manar
>
> 2011/4/27 JeBe <[email protected]>
>
>>
>>
>> Wah jadi nambihan ingpo
>> Nuhun bahO...
>> Ngan asa aneh: didiglongkeun heheh
>> Jadi inget, aya kosa kata: kagelong = biasana amun ngaheungheum nu buleud2
>> (peremen misalna) terus kateleg teu kahaja, di kuring disebutna kagelong
>>
>> Sent from MobilePhone®
>> ------------------------------
>> *From: *oman abdurahman <[email protected]>
>> *Sender: *[email protected]
>> *Date: *Wed, 27 Apr 2011 10:13:10 +0700
>>   *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: *[email protected]
>> *Subject: *Re: [kisunda] disuntrungkeun bahasa indonesia ?
>>
>>
>>
>> Kang JeBe, di lembur uing mah di Ciamis, didegulkeun teh sarua jeung
>> didiglongkeun, nyaeta nyuntrungkeun tapi ngaliwatan sirah (ukur sirah anu
>> didorongna).
>>
>> manar
>>
>> 2011/4/27 JeBe <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Didegulkeun eta mah kang
>>> Disuntrungkeun mah=didorong (paksa)
>>>
>>> Sent from MobilePhone®
>>> ------------------------------
>>> *From: *Gunawan Yusuf <[email protected]>
>>> *Sender: *[email protected]
>>> *Date: *Wed, 27 Apr 2011 03:08:16 +0000
>>> *To: *<[email protected]>
>>> *ReplyTo: *[email protected]
>>> *Subject: *Re: [kisunda] disuntrungkeun bahasa indonesia ?
>>>
>>>
>>>
>>> Kang Oman, Kang Sulkan, disuntrungkeun biasana (tos pasti ?), mastaka
>>> (sirah), pami didorong, diceburkan tiasa anggota badan nu sanes (teu
>>> spesifik sirah), nuhun
>>>
>>> 2011/4/27 Sulkan, Muhamad (D&DTooling) <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>>  Didorong , ….manawi J
>>>>
>>>> Mangga tambihan manawi aya nulangkung uninga.
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Baktos.
>>>> *Sulkan, M*
>>>>
>>>> **
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>>>> Behalf Of *Gunawan Yusuf
>>>> *Sent:* Wednesday, April 27, 2011 9:15 AM
>>>> *To:* [email protected]
>>>> *Subject:* [kisunda] disuntrungkeun bahasa indonesia ?
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> aya anu uninga disuntrungkeun bahasa Indonesia-na naon ?
>>>>
>>>>
>>>
>>
>  
>

Kirim email ke