Uing can lalajo tayangan video nu diributkeun teh. Ngan palebah cara meuncit
sato di urang, jigana teu bisa digebyah uyah jiga nu diributkeun di media.
Sabab uing aya boga pangalaman di lembur, malah mah ritual cara meuncitna
teh hade pisan, ngaleuwihan cara nu ceuk urang Ostarli leuwih
peri-ka-hewanan. Embe nu rek dipeuncit teh didandanan heula, ngarah
katinggali kasep jeung geulis. Bulu huluna disisiran, terus embe teh sina
ngeunteung, nyidik-nyidik beungeutna. Meureun ngeunteung panungtungan. Terus
digolerkeun, bari sasadu diparancahan menta idin ka embe, yen dipenta ridona
keur dimangpaatkeun ku manusa. Panungtung, maca do'a, samemeh dipeuncit teh.


Tah kitu nu kaalaman ku uing di lembur mah.

2011/6/9 Waluya <[email protected]>

>
>
> > Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> > Impor Sapi dari Australia Terganjal "Penyiksaan Hewan di Rumah Jagal"
>
> Cokot we hikmahna keur intropeksi. Kudu diaku urang Indonesia teh rada
> telenges ka sato. Mangga we tempo nu mawa hayam/ bebek dina motor. Hayam
> atawa meri dikantetkeun, sukuna dihijikeun ditalian digantungkeun dina
> palang nu dipasang dina pamboncengan motor. Mawana teu kira-kira bisa
> puluhan.
>
> Baheula keur jaman dijajah walanda, cenah kalakuan siga kitu teh bisa
> ditewak pulisi, ah ari ayeuna mah nya jadi hal nu biasa we ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>

Kirim email ke