Betul, kedahna pamarentah oge memanfaatkan kesempatan ieu kanggo bebenah, kana 
teknologi per-sapian.
Sanes kanggo sapi potong, tp kanggo sapi perahna. 
Sugan2 indonesia tiasa kagungan sapi exclusip siga "wagyo beef"... Pang mahalna 
sadunya
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Ii Sumirat" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 9 Jun 2011 15:47:10 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: RE: [kisunda] Re: Heboh Sapi Ostrali?

Peternak sapi lokal kedahna jadi ngarasa untung, harga jual tiasa jadi mahal. 
Logikana 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ki 
Hasan
Sent: Thursday, June 09, 2011 3:21 PM
To: [email protected]
Cc: Ki Sunda; Baraya Sunda
Subject: [kisunda] Re: Heboh Sapi Ostrali?

 

  

Uing can lalajo tayangan video nu diributkeun teh. Ngan palebah cara meuncit 
sato di urang, jigana teu bisa digebyah uyah jiga nu diributkeun di media. 
Sabab uing aya boga pangalaman di lembur, malah mah ritual cara meuncitna teh 
hade pisan, ngaleuwihan cara nu ceuk urang Ostarli leuwih peri-ka-hewanan. Embe 
nu rek dipeuncit teh didandanan heula, ngarah katinggali kasep jeung geulis. 
Bulu huluna disisiran, terus embe teh sina ngeunteung, nyidik-nyidik 
beungeutna. Meureun ngeunteung panungtungan. Terus digolerkeun, bari sasadu 
diparancahan menta idin ka embe, yen dipenta ridona keur dimangpaatkeun ku 
manusa. Panungtung, maca do'a, samemeh dipeuncit teh. 

Tah kitu nu kaalaman ku uing di lembur mah.

2011/6/9 Waluya <[email protected]>

  

> Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> Impor Sapi dari Australia Terganjal "Penyiksaan Hewan di Rumah Jagal"

Cokot we hikmahna keur intropeksi. Kudu diaku urang Indonesia teh rada telenges 
ka sato. Mangga we tempo nu mawa hayam/ bebek dina motor. Hayam atawa meri 
dikantetkeun, sukuna dihijikeun ditalian digantungkeun dina palang nu dipasang 
dina pamboncengan motor. Mawana teu kira-kira bisa puluhan. 

Baheula keur jaman dijajah walanda, cenah kalakuan siga kitu teh bisa ditewak 
pulisi, ah ari ayeuna mah nya jadi hal nu biasa we ....

Baktos,
WALUYA

 

 




Kirim email ke