bisa ditingali di : www.zenhusein.wordpress.com


Lahir putra Ka’bah

13 Rajab

Lahir di bulan Rajab, tempatna di Ka’bah, syahidna keur shalat, dinten ganjil (21 Ramadhan)

Diasuh keur leutik ku nabi Allah...

 

Ditutup-tutup bebeneran kabuka oge…

Di berbagai sumber kitab syiah jeung suni sacara jelas yen Imam ali as/kw dilahirkeun di jero Ka’bah

Para ahli tarikh oge nyaritakeun hal anu sarupa kaistimewaan kelahiran di jero Ka’bah…dimana Ka,bah kalebet tempat anu suci anu dimana teu meunang asup ka jero mesjid mekkah komo deuiKa’bah lamun kaayaan Junub, Haidh atawa mawa getih nifas(getih pas geus lahir) jeung  getih sanesna, tah kumaha atuh lamun ngalahirkeun di jero Ka’bah , lain kahoyong ibuna Imam Ali as tapi kahoyong Allah Swt  yen kudu lahir bayi anu lahirna teu kaluar getih nifas, anu ibuna Jalmi anu suci , komo deui putrana.

Fatimah Binti Asad ibuna Imam ali nuju hamil ageung ngadeukeutan Kabah teras ngadoa :

Kuring Iman ka Anjeung jeung ka sakabeh Para nabi jeung kitab2 anu dicandakna anu turunna ti ANJEUN, jeung Sabda Aki kuring Ibrahim as khalilullah , ya rabbi ra rabbi, Ku hakna ieu anu ngawangun Ka’bah jeung ku Haq ieu bayi anu di jero rahim ieu kuring ngabenerkeun ( kana risalah para nabi jeung kana bayi ieu) mudahkeun kalahiran ieu bayi

Ieu ngabuktikeun yen ibnuna the lain penyembah berhala tapi jalmi Iman Tauhid.

Teras we Allah SWT ngizinan ieu the ku ngabukana tembok Ka’bah, ieu salah sahiji Mukjizat kanggo jalmi2 anu beriman .

Sumber dina Ulama2 Suni :

1. Hakim Nisyaburi ( ulama suni) (Wafat 405 H) Dina Kitab Mustadrak ala shahihain jilid 3 hal 550, penertib : darul kutub Alilmiah , Beirut.

 فقد تواترت الأخبار أن فاطمة بنت أسد ولدت أمير المؤمنين علي بن أبي طالب كرم الله وجهه في جوف الكعبة .

Khabar tos mutawatir saenya2na Fatimah binti Asad (Ibuna Imam Ali as) ngalahirkeun Amirilmukminin Ali bin Abi Thalim Karamallahu Wajhah di jero Ka’bah.

2. Syah Waliyullah Dehlawi (ulama suni) (wafat 1176 H)  di kitab Izalatul khafa ‘an khilafatilkhulafa Jilid 4 bab :tetang Imam Ali jeung keberanianana

Ngakhabarkeun hal anu sarupa, yen Imam Ali as the lahirna di jero Ka’bah

3. Sabt Ibnu Jauzi (wafat 654H ) dina kitabna Tadzkiratul Khawas hal 20 terbitan muassasah ahlulbait , Beirut.

وروي أن فاطمة بنت أسد كانت تطوف بالبيت وهي حامل بعلي (ع) فضربها الطلق ففتح لها باب الكعبة فدخلت فوضتعه فيها .

Diriwayatkeun yen Fatimah binti Asad ( Ibuna Imam Alias) keur thawaf di Ka’bah keur kaayaan hamil gede Ali as , teras di tepak tembok ka’bahna kabuka (ku izin Allah) teras asup we ka jero Kabah ngalahirkeun dijerona.

4. Kanji Syafe’I (wafat 658 H) (salah sahiji imam Hadits uni dina kitabna Kifayatutthalib hal 407

ولد أمير المؤمنين علي بن أبي طالب بمكة في بيت الله الحرام ليلة الجمعة لثلاث عشرة ليلة خلت من رجب سنة ثلاثين من عام الفيل ولم يولد قبله ولا بعده مولود في بيت الله الحرام سواه إكراما له بذلك ، وإجلالا لمحله في التعظيم .

Dilahirkeun Imam Ali bin Abi Thalib di Mekkah di baitullah alharam malam Jum’ah 13 Rajab tahun ka tilupuluh tahun gajah ,teu aya nu ngalahirkeun saacanana jeung saatosna di jero baitullah (kabah) ha lieu dikarenakeun kemulianana jeung kaluhuran makam kebesaranana.

5. Ibnu Sibagh’ almaliki oge ngajelaskeun hal anu sarupa di Fushushul Muhimmah jilid 1 hal 171

6. Halabi (wafat 1044 H) makruf ulama suni di nakitab siratul halabiah fi siratul makmun hal 226 jilid 1

لأنه ولد في الكعبة وعمره (يعني النبي) (ص) ثلاثون سنة .

Saenya2 na dia ( Imam Ali as) dilahirkeun dijero kabah keur umurna Nabi saww 30 tahunan.

 

1. Photo tempat ngabeulahnangabukana ka’bah

 

2. Bolong na anu direparasi ku pamarentahan (supaya nutupan)

3. kulantaran unggal taun kabuka wae , pamarentahan satempat nutupan deui ku bentuk anu laenna

 

 

 

4. katingali perbedaan satiap tahun , ku lieurna pmarentah kunaon ieu the ngabuka wae

 

5. eh deui2 kabuka deui , rusak deui … hehe… beuki lieur tah wahabi

 

6. Akhirna beak pikiran di betonan ku besi supaya paten, upaya nutupan

 

7. Akhirna di patenkeun, ngan anggeur keneh we katingali … hehe… ke oge kabuki deui geura.

 

 

Penutup

Teu kudu ditutup2 lamun kuduna kitu mah anu hoyongeun mah tembokna lain sasaha… tembok ka’bah bangga meureun nembongkeun kaayaan anjeuuna bekas sajarah kalahiran waliyullah.  aya naon tah pamarentahan nutup2 bukti sajarah ahlulbaet? Aya naon tah , da ku rada retak atawa dekok saeutik mah moal ngaruksak Ka’bah… ? da nu lahir oge didinya mah pan Imam Ali as anu ceuk suni oge salah sahiji khalifah nu kaopat, lain kudu bangga tah pamarentah wahabi teh ku kaagungan Imam Ali, atawa teu bangga???

Kirim email ke