Karna tos nguping yen Wersasena pralaya, enggal wae anjeunna majukeun karetana 
nu dikusiran ku Salya; memang Karna ayeuna mah leuwih gagah leuwih tanggoh 
sareng PD pisan; Karna maju bari manah ka satiap Kapala Pasukan Pandawa; tapi 
henteu ari ka prajurit mah; atuh tos puluhan Para perwira Pnsawa bu korban ku 
panah Karna ! Satyaki laju maju ngahalangan, ger awe perang ragot. 

Karna bari perang nyorowok ka Satyaki :"Hahahaha ! satyaki, urang ayeuna 
panggih deui, sok kaluarkeun kaahlian sam[eyan dina perang maen panah !"

Satyaki teu seueur saur teras wae nyerang ka Karna; tapi teu aya hiji2 acan nu 
keuna; ayeuna katingal Satyakikadeseh pisan ku Karna, marga lantaranana kusir 
Karna ayeuna mah Salta ; ari  Satyaki kusir nu biasa ngusiran anjeunna; atuh 
Satyaki ripuh pisan; tos aya lima kalina gamti gondewa; akhirna Satyaki mundur 
ti palagan disurakan ku para pasukan Astina. Karna bungangang bingah ati tos 
tiasa males ka Satyaki .

Kacaturkeun Dursasana, teu tiasa tenang margi cariosan Salya kaemutan terus; 
Dursasana terus wae miwarang kusirna nyaketan Pasukan Pandawa; harita Bhima 
nuju ngikintil Arjuna; nyel wae Dursasana keuheul ningali Bhimasena teh; ayeuna 
mah leungit kasieun teh, terus wae Dursasana manahan ka Bhima; Bhima nu teu 
nyangki teras ngagubrag ti na karetana; barang gugah ningal Dursasana manahan; 
sanes reuwas atawa sieun, malah bungah manah :"Lakadalah siah si durujana 
Dursasana nganteurkeun nyawa ! Poe ieu bakal dicabut siah nyawana ku Kaula !"

Enggal wae Bhima luncat teras lumpat nuju kareta Dursasana bari teu sempet mawa 
senjata da pan tinggaleun na kareta; Dursasana kaget mimhali Bhima muru ka 
anjeunna, teras wae Dursasana ngalepas panah; tapi najan Bhima boborot getih 
memang nyata KUAT pisan jasmanina teras wae ngudag sareng luncat ka na kareta 
Dursasana; ger wae  galungan ieu dua musuh teh ! Tapi ngan sakedap Dursasana 
tos kapidara  ! Saha nu bisa ngalawan Bhma soal gelut mah ? Eta mah memng 
jagona. Kapan Hidimba oge nu sakitu ngajungkiringna mati ku Bhima mah !

Barang Dursasana keur kapaehan teu antaparah deui dadana dikerewek dugi ka bor 
boran getih teras getihna diuyup saharita keneh ! Teras nyorowok :" yeu si 
Dursasana geus KOJOR ! Sok ayeuna lanceukna maju ! Si Haramjadah Duryodhna !"

Peta Bhima kitu katingal pisan ku Karna, atuh mani reuwas jeung rada gimir; 
Karna ngaleketey bruk wae diuk di na karetana ! ku reuwas2na ! Salya enggal 
sasauran :" Eh Karna ! Ulah kit5u ! Teu hade etah kitu peta ! Kapan sampeyan 
teh Maha Senapati bala Kurawa !?"

Enggalna Karna emut deui ka porwadaksina.

HANCA

Kirim email ke