Urang nambihan sautak saeutik. --- On Fri, 1/7/11, Abbas Amin <[email protected]> wrote:
From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: Bharata Yudha ka 66 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Friday, 1 July, 2011, 6:16 AM Karna tos nguping yen Wersasena pralaya, enggal wae anjeunna majukeun karetana nu dikusiran ku Salya; memang Karna ayeuna mah leuwih gagah leuwih tanggoh sareng PD pisan; Karna maju bari manah ka satiap Kapala Pasukan Pandawa; tapi henteu ari ka prajurit mah; atuh tos puluhan Para perwira Pnsawa bu korban ku panah Karna ! Satyaki laju maju ngahalangan, ger awe perang ragot. Karna bari perang nyorowok ka Satyaki :"Hahahaha ! satyaki, urang ayeuna panggih deui, sok kaluarkeun kaahlian sampeyan dina perang maen panah !" Satyaki teu seueur saur teras wae nyerang ka Karna; tapi teu aya hiji2 acan nu keuna; ayeuna katingal Satyaki kadeseh pisan ku Karna, marga lantaranana kusir Karna ayeuna mah Salya ; ari Satyaki kusir nu biasa ngusiran anjeunna; atuh Satyaki ripuh pisan; tos aya lima kalina ganti gondewa; akhirna Satyaki mundur ti palagan disurakan ku para pasukan Astina. Karna bungangang bingah ati tos tiasa males ka Satyaki . Kacaturkeun Dursasana, teu tiasa tenang margi cariosan Salya kaemutan terus; Dursasana terus wae miwarang kusirna nyaketan Pasukan Pandawa; harita Bhima nuju ngikintil Arjuna; nyel wae Dursasana keuheul ningali Bhimasena teh; ayeuna mah leungit kasieun teh, terus wae Dursasana manahan ka Bhima; Bhima nu teu nyangki teras ngagubrag ti na karetana; barang gugah ningal Dursasana manahan; sanes reuwas atawa sieun, malah bungah manah :"Lakadalah siah si durujana Dursasana nganteurkeun nyawa ! Poe ieu bakal dicabut siah nyawana ku Kaula !" Enggal wae Bhima luncat teras lumpat nuju kareta Dursasana bari teu sempet mawa senjata da pan tinggaleun na kareta; Dursasana kaget ningali Bhima muru ka anjeunna, teras wae Dursasana ngalepas panah; tapi najan Bhima boborot getih memang nyata KUAT pisan jasmanina teras wae ngudag sareng luncat ka na kareta Dursasana; ger wae galungan ieu dua musuh teh ! Tapi ngan sakedap Dursasana tos kapidara ! Saha nu bisa ngalawan Bhma soal gelut mah ? Eta mah memng jagona. Kapan Hidimba oge nu sakitu ngajungkiringna mati ku Bhima mah ! Barang Dursasana keur kapaehan teu antaparah deui dadana dikerewek dugi ka bor boran getih teras getihna diuyup saharita keneh ! Teras nyorowok :" yeu si Dursasana geus KOJOR ! Sok ayeuna lanceukna maju ! Si Haramjadah Duryodhna !" Teras deuih leungeun Dursasana didudutan nepi ka parotong ber dialung alungkeun. Peta Bhima kitu katingal pisan ku Karna, atuh mani reuwas jeung rada gimir; Karna ngaleketey bruk wae diuk di na karetana ! ku reuwas2na ! Salya enggal sasauran :" Eh Karna ! Ulah kitu ! Teu hade etah kitu peta ! Kapan sampeyan teh Maha Senapati bala Kurawa !?" Enggalna Karna emut deui ka porwadaksina. HANCA
