Taqwa ka Allah: Penting tapi prakna ngubeng jeung pamohalan!!... Dina babasan sapopoe kecap takwa teh harib harib kana taat ‘patuh’ tumut turut pengkuh. Ieu kecap teh dina agama mah kaasup nu paling sering -paling henteuna unggal aya nu da’wah- dinasehatkeun diomongkeun diuarkeun dihuntukeun. Malah aya ‘kaidah’ agama nu jelas nanceb di muslimin yen Allah cenah mah moal ningali jungkiring gede leutikna tapi ningali teh kataqwaanana.
harti taqwa sabenerna nyaeta : ‘ngajaga’, ‘nyinglar’ ‘ngajauhan’, jadi ittaqullah taqwa ka Allah teh maksudna nu saenyana ngajauhan nyinglar ngajaga diri ti Allah. Diri teh (dijaga/ditahan) tong aya bijil panggih (nyinglar) tong deukeut (ngajauhan) jeung/ti Allah. Tina ieu harti takwa ka Allah najan sering diomongkeun dicaritakeun sab geus ngarupakeun waja nu semplak dina agama tapi jadi hal nu aheng keur loba loba jalma sabab hiji hal nu pamohalan/imposible/ teu mungkin dipigawe. Kapamohalanana teh, saperti nu diantarana didugikeun ku M Quraysh shihab, sabab, cenah, teu mungkin dilakukeun ku mahluk, rek kumaha mahluk ngajauhan, nahan atawa nyinglarkeun diri ti Allah sedengkeun Allah marengan/qarib ka mahlukna, dimana jelema aya Allah aya kamana jelema indit moal kaeuweuhan ti Allahna. Rek nurus bumi ngejat ka langit ge moal bisa nyinglar ngajaga ngajauhan ti Allah..... lengkepna tiasa diaos di: http://kasundaansundamenceger.blogspot.com/2011/08/taqwa-ka-allah-penting-tapi-prakna.html salam baktos ka sadayana eddy nugraha
