Kang Runa,

Sigana mah teknologina sarua jeung dipake ku pabrik cai nginum di Cisalak, lain 
make chlorine tapi reverse osmosis terus dikamalirkeun kana pipa anti karat 
jeung disinar ku ultraviolet keur maehan sagala rupa jaram...........kitu 
meureunan. Ngarah teknologi na murah pisan mah kudu dipilih sumber cai anu 
herang ngarah teu gancang ngaruksak kana peralatanana.........bisa dipilih 
sumber cai di Gunung Sunda misalna, anu ngagelenggeng gede jeung herang caina.


Sok atuh gera tulungan dulur urang di pasisian (jeung di kota oge) ngarah bisa 
dihirupan ku cai herang. 


Baktosna,

ilen kardani



________________________________
From: Runa Inawan™ <[email protected]>
To: Millis Urang Sunda <[email protected]>
Sent: Tuesday, September 13, 2011 8:53 PM
Subject: Re: [kisunda] Cai Kiruh di Ciherang


  
Kumaha teknologina tah kang nu di singapur? Teknologi na murah atawa kumaha 
tah? Asa kataji euy informasina. 


Sent from my BlackBerry®
powered by | Ki  Runa Inawan™ |
Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan
www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id
________________________________

From:  ilen kardani <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Tue, 13 Sep 2011 05:50:23 -0700 (PDT)
To: [email protected]<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Cai Kiruh di Ciherang
  
Baraya,

Tibalik jeung kanyataanana, lembur Ciherang - Bogor geus teu bisa make cai 
herang deui teuing naon nu ngalantarankeunana mah ngan ngerakeun we jaman 
kiwari Pemda teu bisa meresan urusan cai. Sarua jeung di lembur Cikarang 
pasisian, cai anu dipake masak teh asalna ti bendungan Jatiluhur anu 
dikamalirkeun ti sawah terus ditamperkeun di kebon saencan di pake masak, tapi 
angger we cai teh teu bisa herang deui da ukur ditamperkeun. Sangu nu didalahar 
ku urang dinya mah henteu bodas, tapi semu geuneuk da puguh dipasak ku cai 
kiruh.


Era ku urang Singapore anu teu boga walungan-walungan acan tapi cai keran di 
kamar mandi bisa diinum langsung teu kudu ditaheur heula.

Arek dikumahakeun yeuh?

 

Kirim email ke