Leres, dipipaan ti nagri Johor. Asana kontrakna puluhan taun.
Kungsi ribut oge sababaraha taun ka tukang, da cenah nilai kontrakna teu
imbang.

Keur mimiti mah cai RO (reverse osmosis) Singapur teh loba nu kontra oge. Da
eta kabayangna cai kumbahan jadi cai inuman. Kimawi mah eta metoda ngolah
cai RO teh dipake oge di Malaya, geus dibotolan, oge dipasang mesin meuli
cai di hareupen toko-toko.

2011/9/13 [email protected] <[email protected]>

> **
>
>
>
> Nambihan sakedik. Pami teu lepat mah seuseueurna kabutuhan cai di Singapura
> diimpor ti semenanjung, anu sabagian alit ku jalan ngaropea sumber cai alam
> di tilu pulo palih wetan pulo singapura. Salah sahiji anu pangageungna
> nyaeta reservoir pulau Ubin.
>
> Kitu panginten. Nuhun.
>
> -----Original Message-----
> From: ilen kardani
> Sent: 13/09/2011 11:58:12 pm
> Subject: Re: [kisunda] Cai Kiruh di Ciherang
>
> Kang Runa,
>
> Sigana mah teknologina sarua jeung dipake ku pabrik cai nginum di Cisalak,
> lain make chlorine tapi reverse osmosis terus dikamalirkeun kana pipa anti
> karat jeung disinar ku ultraviolet keur maehan sagala rupa
> jaram...........kitu meureunan. Ngarah teknologi na murah pisan mah kudu
> dipilih sumber cai anu herang ngarah teu gancang ngaruksak kana
> peralatanana.........bisa dipilih sumber cai di Gunung Sunda misalna, anu
> ngagelenggeng gede jeung herang caina.
>
> Sok atuh gera tulungan dulur urang di pasisian (jeung di kota oge) ngarah
> bisa dihirupan ku cai herang.
>
> Baktosna,
>
> ilen kardani
>
> ________________________________
> From: Runa Inawan™ <[email protected]>
> To: Millis Urang Sunda <[email protected]>
> Sent: Tuesday, September 13, 2011 8:53 PM
> Subject: Re: [kisunda] Cai Kiruh di Ciherang
>
>
> Kumaha teknologina tah kang nu di singapur? Teknologi na murah atawa kumaha
> tah? Asa kataji euy informasina.
>
> Sent from my BlackBerry®
> powered by | Ki Runa Inawan™ |
> Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan
> www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id
> ________________________________
>
> From: ilen kardani <[email protected]>
> Sender: [email protected]
> Date: Tue, 13 Sep 2011 05:50:23 -0700 (PDT)
> To: [email protected]<[email protected]>
> ReplyTo: [email protected]
> Subject: [kisunda] Cai Kiruh di Ciherang
>
> Baraya,
>
> Tibalik jeung kanyataanana, lembur Ciherang - Bogor geus teu bisa make cai
> herang deui teuing naon nu ngalantarankeunana mah ngan ngerakeun we jaman
> kiwari Pemda teu bisa meresan urusan cai. Sarua jeung di lembur Cikarang
> pasisian, cai anu dipake masak teh asalna ti bendungan Jatiluhur anu
> dikamalirkeun ti sawah terus ditamperkeun di kebon saencan di pake masak,
> tapi angger we cai teh teu bisa herang deui da ukur ditamperkeun. Sangu nu
> didalahar ku urang dinya mah henteu bodas, tapi semu geuneuk da puguh
> dipasak ku cai kiruh.
>
> Era ku urang Singapore anu teu boga walungan-walungan acan tapi cai keran
> di kamar mandi bisa diinum langsung teu kudu ditaheur heula.
>
> Arek dikumahakeun yeuh?
>
>  
>

Kirim email ke