Baraya, urang teruskeun deui serial PBKS (Pangalaman Balad Ki Sunda) tea.
Carita ringkes cukup sakaca, nu mangrupakeun pangalaman hirup nu karandapan
ku balad Ki Sunda sapopoe.

Kabeneran uing meunang kiriman lalakon baraya nu keur dumuk di nagri Onta,
Kang Roni Suarsa.
Di-japri-keun ka uing alatan manehna keur keuna ku "musibah", bisa nampa
serelek, tapi teu bisa ngirim.

Lalakonna rada panjang, urang teukteukan we nya ngarah ngeunah macana.

Sok ka baraya sejena, geura ngalalakon deui, teu kudu panjang-panjang, cukup
sakaca we. Ngarah nu macana
teu cangkeul teuing. Bisi tereh bosen. Kulantaran ieu lalakon ku uing
didokumentasikeun, cirian dina tajukna make
awalan PBKS. Conto: "PBKS - Ngacleng ka Saudi"

Catetan:
japri - jalur pribadi
serelek - serat elektronik (e-mail)

===
PBKS - PBKS - Ngacleng ka Saudi
Ku Roni Suarsa

Dina mangsa munggaran ngumbara, harita pamungkas taun 2001, mun teu salah
mah sababaraha mangsa sabada kajadian aheng di nagri dengeun nu nelah nain
ilepen tea. Nya etamah meneran we da teu dihaja kuring ngumbara lain ku
alatan nyingkahan balai, lain buron, komo da bujeng ning kawentar ka
janabria kuring teh, katua RT ge ampir teu apaleun ka kuring mun teu nyaho
ngaran kolot kuring mah.



Kuring ngumbara teh meneran ka nagri nu katelah haramain, nyaeta nagri nu
dijerona aya dua masjid agung keur umat Islam sajomantara dina raraga
ngalaksanakeun haji jeung umroh, dibarung ku jarah ka makam rosul sareng
kulawargana radiyallahu ‘anhum, ieu wewengkon du katelah Saudi Arabia tea.



Diniatan sabenernamah ngulampreng ka Saudi teh, nu utamana mah hayang
pirajeunan nga hajikeun diri bari palakiahna murah, asa ngimpi puguh ge
munggaran mah, belenyeh seuri sorangan, iraha boa kuring bisa hajian dina
umur sakieu ngora keneh na, dina inyana ge lamun boga waragad keur haji ti
lembur, teu kapikiran iraha jeung kumaha pamustrunganana, ceuk ceunah mah
sok aya wae rereged teh kacoceng kaditu kadieu.



Cuw cew nu ngaromong ka kuring harita, naha teu milih nagri sejen we atuh,
salain Saudi, apan loba, di timteng sejenna, di Asia keneh ge napuk, di
Afrika nungguan, ceuk ceunah mah, mun ka Saudi, bisi pabeulit jeung
sarupaning katugenah, ti mimiti isu kalakuan urang Saudi, isu rencang (PRT)
jeung supir anu rada remen kabejakeun teu pararuguh na jrrd.

Ari ceuk hate mah, beda deui mereun, keun weh batur ngacapruk siga kitu, da
sagala rupa oge mereun ti kuring oge keur kuring sorangan, nawaetu weh, da
enya tea tujuan utamana mah rada ngadahan, kahiji neang duit, kaduana bisa
hajian, keun we lah bismillah…

Kirim email ke