Nu Panggih di Liberia ku : Nyi Roro (Mangle No.2341, hal. 22-23. Kaping terbit: 29 September-5 Oktober 2011)
Geus meh dalapan bulan kuring ditugaskeun ku PBB di nagara Liberia. Salila eta, kuring saimah jeung Mr. Steve Rungsington, tangtara Amerika. Diaranan kitu soteh, pedah jelemana rungsingan pisan. "Mamang", ku kuring sok disebut kitu, da manehna leuwih kolot tujuh taun ti kuring. Kuduna mah leuwih koloteun tapi kalakuanana siga budak kamari sore, euweuh teuing araheunana, pikasebeleun kabeh. Nu pangna nyaeta sok ngageungeureuhkeun batur, mun dina panyakit tea mah geus stadium akut. Ningali batur make baju dines atawa rek masamoan kurang alus keur tetempoan manehna, digeunggeureuhkeun. Ningali batur barang asakan, mun teu cop jeung letah manehna langsung cuh cih ngageunggeureuhkeun. Barang daharna siga hayam, uprat-apret di mana karep. Geus puguh ari beberes mah, jauh pisan ka daek, eusi imah jadi awut-awutan siga kandang bagong. Panyakit hiji deui nu karandapan Mr. Rungsington nyaeta tara daek gaul jeung batur. Boa-boa di nagara asalna ge manehna teu boga batur nya? Sok we geura, sakitu geus lila saimah jeung manehna, ih sugan daek mumuluk atawa dahar peuting babarengan, baroraah teuing! Sumpah kuring mah! nyaan, daek medu! Keuheul pisan basa ningali manehna ngajungjungkeun wadah sambel nu ngahaja dijieun sina loba tarasina. Katingali irungna nu ngadungkuk jaba liangna molongo sagede guha Jepang, ngambeuan eta wadah bari enyur-enyuran. Tarangna nu geus ngariut tilu gurat jadi nambahan sababaraha gurat, katingali beuki pajurawet"Oh, thank you.. this is too strong for me.." ceuk eta mangkeluk tuluy neundeun wadah bari ngaleos teu permios. Kuring ge teu ngabibisani mun manehna teu beukieun kana kadaharan kuring (pasakan Indonesia), tapi cik tong kitu-kitu teuing atuh! beungeut pikacuaeun beuki we siga si Blekih keur ngambeuan "kueh" nu meujeuhna haneut karek purucut tina bujur munding. Mun teu inget keur mawa ngaran bangsa jeung nagara, sakapeung mah mani sok hayang nalapung balik ka Amerika! Leuheung mun langsung jempe, ieu mah ditambahan deui ku ngecom ngabandingkeun dahareun nu sok didahar ku manehna jeung nu didahar ku kuring. Majarkeun teh dahareun kuring mah pipanyakiteun wungkul, teu sehat. Ari manehna? Pirana ge roti eusi sele suuk! Naon onjoyna? Eta mah tamba era we pedah teu bisa barang asakan, anggap we kaleng butut! gombraaang! Unggal weekend, sakumaha sasari apartemen kuring di kompleks Riverview sok jadi pangjugjugan ku babaturan ti Indonesia. Kaayaan kompleks nu matak pikabetaheun kacida legana, pernahna di sisi walungan Saint Paul Monrovia. Kompleks dijaga nepi ka 24 jam. Sagala rupa fasilitas diayakeun. Aya balong paragi ngojay mun rek ngojay sawaregna, mangga. Rek fitness aya rohanganana, rek lumpat sayogi jogging track-na. Bisi rek internetan bisa make sambungan dedicated wireless internet nu cang cing ceng, timanan langganan ka ISP lokal laon kacida cocog pisan keur nu ngabuburit, jaba sok lup-lep siga kuya. Poe pere keur Mamang Rungsington mah sok dipake ngablu. Atoh we keur kuring jeung wadya balad mah, bisa bebas ngabarakatak bari eak-eakan make basa Indonesia ge moal aya nu ngageunggeureuhkeun. Tapi, mun kabeneran si Mamang keur aya di imah sok jadi matak risi sarerea. Manehna ngudukeun make basa Inggris sanajan ngawangkong teh jeung babaturan ti Indonesia, sieun diomongkeun goreng meureun! Ari keur kuring jeung babaturan mah poe pere teh dijadikeun acara keur ngamumule kuliner Indonesia. Menu pasakan nu dipikaresep ku kuring jeung babaturan nyaeta Menu Saka. Enya, sakainget, sakahayang, sakapanggihna diluyukeun jeung kaayaan di Liberia nu walurat ku sambara lekoh siga di lemah cai. "Gi, aya asin cumi yeuh! Urang pasak yu!" ceuk Hadi nu karek balik ti Indonesia bari ngaluarkeun asin cumi tina ransel nu dibaguded keneh ku palastik ambih bauna teu kaambeu kamana mendi. Puguh we atoh, da arang langka manggih asin cumi di Liberia. Kuring ngobetan resep di internet nu kira-kira cocog keur ngasakan lauk asin cumi bari diluyukeun jeung sambara nu aya. Tah geuning kapanggih, "Tumis Asin Cumi Tauco". Kuring nyampeurkeun kulkas nu ngajugrug di juru dapur rek ngilikan tauco sugan aya keneh dikieuna. Hih, sisinarieun aya keneh ningan? Ketang, da memehna geus ditapelan kertas nu ditulisan ku basa Inggris nu hartina kurang leuwih kieu,"NU KURING, AWAS TONG DIPICEUN. RAMUAN AHENG TI NINI". Sasarina si Mang Rungsington sok mariksa eusi kulkas kaasup barang nu lain boga manehna. Inget keneh basa hiji poe kuring ampir nyarekan si Sarah! "Sarah! Naha tauco anyar dipiceun??!!" kuring nanya rada ambek make basa Inggris pedah ningali sabotol tauco anyar geus aya dina wadah runtah. "Oh eh.. aduh, punten Pa, abdi dipiwarang ku Mr. Steve miceun eta botol, teu kiat ku bauna ceunah..."ceuk si Sarah ara ap eureup eup, sarua make basa Inggris. Kuring ngamaklum, bau tauco nu sakitu "seungit"na keur bule mah matak piongkekeun. Saha ari Sarah teh? Neng Sarah teh nyaeta tukang bebersih di imah Riverview. Manehna boga tanggung jawab kana kabersihan jeung nguruskeun sagala rupa urusan rumah tangga. Nyeuseuhan baju seragam nepi ka kolor nu aya di imah. Neng Sarah geus bisaeun barang asakan menu Nusantara, kayaning Sate Hayam, Sate Domba, Goreng Sangu, rupa-rupa tumis jeung sayur. Tapi angger teu dititah ge, sok keukeuh ngawanohkeun pasakan Liberia. Eh, naha jadi ngomongkeun si Sarah? Urang balik deui ka acara masak tea. Harita nu keur pakepuk di dapur teh limaan, kaasup kuring. Salah sahiji lantaran nu ngajadikeun kuring resep masak, komo cicing di kompleks perumahan staf PBB Riverview nyaeta : dapurna lega. Di rohangan eta kuring jeung babaturan remen ngayakeun arisan. Saacan breng masak, jandela dibuka-bukakeun ambih haseup teu ngelun di jero imah. Kabeh sapuk yen si Mamang keur euweuh di imah, jadi panto dapur teu kudu dipeundeutkeun. Tugas mimiti dibagi, Hadi nyiksikan bawang, Didit mesek jeung ngumbah sayur, kuring kabagean ngumbah asin cumi. Mimiti numis sambara ku mantega. Geus rada koneng, asin cumi digebruskeun, langsung ngabudah. Kaayaan harita lir ibarat di pangperangan, asin cumi pating beletok rame naker silih tembak jeung papada musuhna.. Sambara mimiti nyerep kana asin cumi, katingali kelirna jadi semu beureum. "Whatta bloody hell is this smeeeeellll!!!@%@!@ ? I sense a dead body in the house!.!!!!*" ujug-ujug aya sora ngajoworok tarik pisan. Kabeh nu aya dirohangan pating lalieuk tuluy papelong-pelong. Beungeutna parias bakatku reuwas. Nu keur barang asakan ngadadak siga arca. Panon Siregar bolotot bari nyekelan peso. Biwir Arif calangap, eureun ngumbah wadah. Kitu deui kuring nu keur ngagongseng asin cumi, eureun heula bari nyekelan cungkir. Kuring yakin jero hate babaturan kabeh eusina sarua, ," Hag siah! Si kasebelan aya di imah!" Lol, sirah si Mang Rungsington nolol di lawang panto. Panonna mureleng. Ningali di rohangan dapur aya limaan, geus pasti manehna eleh jajaten. Si Mamang geus ngartieun mun weekend teh acara rutin kuring jeung babaturan, jadi rek ngambek ge teu wanieun da sieun dihurup. Ngan, eta irungna angger enyur-enyuran siga irung marmot. "You guys enjoy your party, ok! I am going out!" ceuk Mang Rungsington rada leuleuy bari ngaleos. Ba'da Magrib, Tumis Asin Cumi Tauco jeung sagala rupa pasakan Nusantara geus ledis, teu nyesa saciwit-ciwit acan. Nu nyesa kari imut wareg babaturan kuring nu kamerkaan bakating ku seubeuh teuing. Ti harita kapanggih, sihoreng nyingkahkeun si Mang Rungsington teh babari, teu kudu make bedil komo nuklir, cukup ku asin cumi nu melenghir. roro_rohmah@...
