Wilujeng. Hade eta neng Roro, "kungsi" ka Liberia sagala. Pangpangna mah eta
tauco, kabeuki si kuring :). Sakali deui: wilujeng.

manar

2011/10/1 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Nu Panggih di Liberia
> ku : Nyi Roro
>
> (Mangle No.2341, hal. 22-23. Kaping terbit:  29 September-5 Oktober 2011)
>
> Geus meh dalapan bulan kuring ditugaskeun ku PBB di nagara Liberia. Salila
> eta, kuring saimah jeung Mr. Steve Rungsington, tangtara Amerika. Diaranan
> kitu soteh, pedah jelemana rungsingan pisan. "Mamang" , ku kuring sok
> disebut kitu, da manehna leuwih kolot tujuh taun ti kuring. Kuduna mah
> leuwih koloteun tapi kalakuanana siga budak kamari sore, euweuh teuing
> araheunana, pikasebeleun kabeh.
>
> Nu pangna nyaeta sok ngageungeureuhkeun batur, mun dina panyakit tea mah
> geus stadium akut. Ningali batur make baju dines atawa rek masamoan kurang
> alus keur tetempoan manehna, digeunggeureuhkeun. Ningali batur barang
> asakan, mun teu cop jeung letah manehna langsung cuh cih
> ngageunggeureuhkeun. Barang daharna siga hayam, uprat-apret di mana karep.
> Geus puguh ari beberes mah, jauh pisan ka daek, eusi imah jadi awut-awutan
> siga kandang bagong.
>
> Panyakit hiji deui nu karandapan Mr. Rungsington nyaeta tara daek gaul
> jeung batur. Boa-boa di nagara asalna ge manehna teu boga batur nya?  Sok we
> geura, sakitu geus lila saimah jeung manehna, ih sugan daek mumuluk atawa
> dahar peuting babarengan, baroraah teuing!
>
> Sumpah kuring mah! nyaan, daek medu! Keuheul pisan basa ningali manehna
> ngajungjungkeun wadah sambel nu ngahaja dijieun sina loba tarasina.
> Katingali irungna nu ngadungkuk jaba liangna molongo sagede guha Jepang,
> ngambeuan eta wadah bari enyur-enyuran. Tarangna nu geus ngariut tilu gurat
> jadi nambahan sababaraha gurat, katingali beuki pajurawet"Oh, thank you..
> this is too strong for me.."   ceuk eta mangkeluk tuluy neundeun wadah bari
> ngaleos teu permios.
>
> Kuring ge teu ngabibisani mun manehna teu beukieun kana kadaharan kuring
> (pasakan Indonesia), tapi cik tong kitu-kitu teuing atuh! beungeut
> pikacuaeun beuki we siga si Blekih keur ngambeuan "kueh" nu meujeuhna haneut
> karek purucut tina bujur munding. Mun teu inget keur mawa ngaran bangsa
> jeung nagara, sakapeung mah mani sok hayang nalapung balik ka Amerika!
>
> Leuheung mun langsung jempe, ieu mah ditambahan deui ku ngecom
> ngabandingkeun dahareun nu sok didahar ku manehna jeung nu didahar ku
> kuring. Majarkeun teh dahareun kuring mah pipanyakiteun wungkul, teu sehat.
> Ari manehna? Pirana ge roti eusi sele suuk! Naon onjoyna? Eta mah tamba era
> we pedah teu bisa barang asakan, anggap we kaleng butut! gombraaang!
>
> Unggal weekend, sakumaha sasari apartemen kuring di kompleks Riverview sok
> jadi pangjugjugan ku babaturan ti Indonesia. Kaayaan kompleks nu matak
> pikabetaheun kacida legana,  pernahna di sisi walungan Saint Paul Monrovia.
> Kompleks dijaga nepi ka 24 jam. Sagala rupa fasilitas diayakeun. Aya balong
> paragi ngojay mun rek ngojay sawaregna, mangga. Rek fitness aya rohanganana,
> rek lumpat sayogi jogging track-na. Bisi rek internetan bisa make sambungan
> dedicated wireless internet nu cang cing ceng, timanan langganan ka ISP
> lokal laon kacida cocog pisan keur nu ngabuburit, jaba sok lup-lep siga
> kuya.
>
> Poe pere keur Mamang Rungsington mah sok dipake ngablu. Atoh we keur kuring
> jeung wadya balad mah, bisa bebas ngabarakatak bari eak-eakan make basa
> Indonesia ge moal aya nu ngageunggeureuhkeun. Tapi, mun kabeneran si Mamang
> keur aya di imah sok jadi matak risi sarerea. Manehna ngudukeun make basa
> Inggris sanajan ngawangkong teh jeung babaturan ti Indonesia, sieun
> diomongkeun goreng meureun!
>
> Ari keur kuring jeung babaturan mah poe pere  teh dijadikeun acara keur
> ngamumule kuliner Indonesia. Menu pasakan nu dipikaresep ku kuring jeung
> babaturan nyaeta Menu Saka. Enya, sakainget, sakahayang, sakapanggihna
> diluyukeun jeung kaayaan di Liberia nu walurat ku sambara lekoh siga di
> lemah cai.
>
> "Gi, aya asin cumi yeuh! Urang pasak yu!" ceuk Hadi nu karek balik ti
> Indonesia bari ngaluarkeun asin cumi tina ransel nu dibaguded keneh ku
> palastik ambih bauna teu kaambeu kamana mendi. Puguh we atoh, da arang
> langka manggih asin cumi di Liberia. Kuring ngobetan resep di internet nu
> kira-kira cocog keur ngasakan lauk asin cumi bari diluyukeun jeung sambara
> nu aya. Tah geuning kapanggih, "Tumis Asin Cumi Tauco" . Kuring nyampeurkeun
> kulkas nu ngajugrug di juru dapur rek ngilikan tauco sugan aya keneh
> dikieuna.
>
> Hih, sisinarieun aya keneh ningan? Ketang, da memehna geus ditapelan kertas
> nu ditulisan ku basa Inggris nu hartina kurang leuwih kieu," NU KURING, AWAS
> TONG DIPICEUN. RAMUAN AHENG TI NINI" . Sasarina si Mang Rungsington sok
> mariksa eusi kulkas kaasup barang nu lain boga manehna. Inget keneh basa
> hiji poe kuring ampir nyarekan si Sarah!
> "Sarah! Naha tauco anyar dipiceun??!!" kuring nanya rada ambek make basa
> Inggris pedah ningali sabotol tauco anyar geus aya dina wadah runtah.
>
> "Oh eh.. aduh, punten Pa, abdi dipiwarang ku Mr. Steve miceun eta botol,
> teu kiat ku bauna ceunah..." ceuk si Sarah ara ap eureup eup, sarua make
> basa Inggris. Kuring ngamaklum, bau tauco nu sakitu "seungit" na keur bule
> mah matak piongkekeun.
>
> Saha ari Sarah teh? Neng Sarah teh nyaeta tukang bebersih di imah
> Riverview. Manehna boga tanggung jawab kana kabersihan jeung nguruskeun
> sagala rupa urusan rumah tangga. Nyeuseuhan baju seragam nepi ka kolor nu
> aya di imah. Neng Sarah  geus bisaeun barang asakan menu Nusantara, kayaning
> Sate Hayam, Sate Domba, Goreng Sangu, rupa-rupa tumis jeung sayur. Tapi
> angger teu dititah ge, sok keukeuh ngawanohkeun pasakan Liberia.
>
> Eh, naha jadi ngomongkeun si Sarah? Urang balik deui ka acara masak tea.
> Harita nu keur pakepuk di dapur teh limaan, kaasup kuring. Salah sahiji
> lantaran nu ngajadikeun kuring resep masak, komo cicing di kompleks
> perumahan staf PBB Riverview nyaeta : dapurna lega. Di rohangan eta kuring
> jeung babaturan remen ngayakeun arisan.
>
> Saacan breng masak, jandela dibuka-bukakeun ambih haseup teu ngelun di jero
> imah. Kabeh sapuk yen si Mamang keur euweuh di imah, jadi panto dapur teu
> kudu dipeundeutkeun. Tugas mimiti dibagi, Hadi nyiksikan bawang, Didit mesek
> jeung ngumbah sayur, kuring kabagean ngumbah asin cumi.
>
> Mimiti numis sambara ku mantega. Geus rada koneng, asin cumi digebruskeun,
> langsung ngabudah. Kaayaan harita lir ibarat di pangperangan, asin cumi
> pating beletok rame naker silih tembak jeung papada musuhna.. Sambara mimiti
> nyerep kana asin cumi, katingali kelirna jadi semu beureum. "Whatta bloody
> hell is this smeeeeellll!!!@%@!@ ? I sense a dead body in the house!.!!!!*"
> ujug-ujug aya sora ngajoworok tarik pisan.
>
> Kabeh nu aya dirohangan pating lalieuk tuluy papelong-pelong. Beungeutna
> parias bakatku reuwas. Nu keur barang asakan ngadadak siga arca. Panon
> Siregar bolotot bari nyekelan peso. Biwir Arif calangap, eureun ngumbah
> wadah. Kitu deui kuring nu keur ngagongseng asin cumi, eureun heula bari
> nyekelan cungkir. Kuring yakin jero hate babaturan kabeh eusina sarua, ,"
> Hag siah! Si kasebelan aya di imah!"
>
> Lol, sirah si Mang Rungsington nolol di lawang panto. Panonna mureleng.
> Ningali di rohangan dapur aya limaan, geus pasti manehna eleh jajaten. Si
> Mamang geus ngartieun mun weekend teh acara rutin kuring jeung babaturan,
> jadi rek ngambek ge teu wanieun da sieun dihurup. Ngan, eta irungna angger
> enyur-enyuran siga irung marmot. "You guys enjoy your party, ok! I am going
> out!" ceuk Mang Rungsington rada leuleuy bari ngaleos.
>
> Ba'da Magrib, Tumis Asin Cumi Tauco jeung sagala rupa pasakan Nusantara
> geus ledis, teu nyesa saciwit-ciwit acan. Nu nyesa kari imut wareg babaturan
> kuring nu kamerkaan bakating ku seubeuh teuing. Ti harita kapanggih,
> sihoreng nyingkahkeun si Mang Rungsington teh babari, teu kudu make bedil
> komo nuklir, cukup ku asin cumi nu melenghir.
>
> roro_rohmah@...
>
>  
>

Kirim email ke