PBKS - Selebriti Balik Kampung?
Ku Roni Suarsa

Teu karasa ti poe ninggang minggu jeung bulan, anjong sataun, bener ceuk si
pare’, kuring sabalad-balad teu pati manggih pasualan nu pabeulit, eta pedah
kuring boga ageman nu sarua jeung pribumi? Wallahu a’lamu, nu jelas mah
kaprofesionalan dina urusan gawe oge ngarupakeun bagean tina lumangsungna
lila cicing di ieu lemah, oge urusan ageman, ieu rada nyambung oge. ****


Munggaran cuti dina nincak sataun cicing di Saudi, hate meni asa bungangang
kacida, bakal panggih jeung indung bapa, kulawarga jeung nu sejenna.****

** **

Mangsa munggaran kuring nincak deui lemah cai, teu sirikna siga selebritis
nu keur meunang pancen tohaga atawa keur digosipkeun ku sababaraha media,
kuring jadi sasaran pananyaan tatangga, batur jeung dulur, kumaha kahirupan
salama sataun dilemah arab teh. Atuh kuring kudu rada sabar, geuning
selebritis oge sok sabar, naha ari kuring teu bisa sabar kitu? Ma’lum ari
hirup dilembur mah siga kitu mereun dimana-mana oge’.****


Nya teu saeutik (lolobana ketah) nu tungtungna sok punta penta, nya menta
oleh-oleh has arab tea, untungna kuring rada asak ijiran, samemeh mulang ti
arab teh pakipuk beberengkes babawaan oleh-oleh khas arab boh nu ilahar
kayaning korma jeung kakacangan, oge nu rada-rada aneh jeung arang langka.**
**


Hiji mangsa aya tatangga nganjang ka imah, nya ku kuring disuguhan kakaren
arab, palebah disuguhan buah zaitun, manehna semu aneh jeung atoh sabab
kakarek harita ningali bungkeleukna buah zaitun teh.****

** **

“Kang, tah ieu buah zaitun teh, nu aya dina ayat alQur’an tea ning”, ceuk
kuring muka obrolan.****


“Owh, ieu geuning bungkeleuk buah zaitun teh, geuning wangunna siga anggur
nya? Atawa tegesna mah siga buah jamblang mun diurang mah, hideung lonjong”,
ceuk manehna bangun nu atoh.****


“Enya kang, sok geura cobaan, sugan we saanggeus ngagayem zaitun mah
langsung bisa maca qur’an” walon kuring ngabanyol.****

** **

Teu antaparah deui, belewek weh manehna ngahuapkeun zaitun dua siki laju
digayem, ngan wasa dua-tilu gayeman, tatangga kuring teu kuat ngampeuh rasa
eta buah. Deuk diutahkeun mereun era da harepeun pribumi, kuring surti, bari
laju ngabarakatak seuri ngeunah pisan, da heeuh geuning apan rasa buah
zaitun mah peheur, teu puguh babandinganana mun jeung bubuahan di urang,
mereun asa buah cangkudu atawa berenuk tea ha…ha…****


Teu kagok sial eta tatangga, sanggeus “katipo” ku rasa buah zaitun, matana
masih keneh panasaran kanu oleh-oleh arab, crek nyokot kacang nu aya
cangkangna, belewek dihuapkeun... **


Ana gerewek teh manehna ngajerit bari auh auhan nyepeng baham, kuring rada
kaget sabab teu apal kunaon pangna manehna ngajerit, sihoreng teh manehna
ngegel cangkang kacang nu teuas alahbatan batu nu akibatna salah sahiji
huntuna semplak, beu karunya teuing tatangga kuring, katurug katutuh sasatna
mah, deuk nyemah neang nu ngeunah, ngadong ngalaman nu aneh-aneh..

Kirim email ke