Manasiik haji ngan sababaraha kali, da elat iber ti depagna. Dina penjelasan
manasik eta teu aya gambar hirup (audio visual) kaayaan di tanah suci.
Mucunghul ide, kumaha upama munggah haji teh didokumentasikeun kana gambar
hirup. Pan ari foto-fotoan mah tos ilahar.
Aya oge saurang jamaah anu sa ide.Kamera rek disumputkeun dina buku kandel anu
dicowakan. Ngarah engke mun dipariksa askar moal kanyahoan. Tapi niatna wae
geus teu “lempeng“, ahirna bolay teu jadi mawa kamera. Ari kuring mah balaka ka
pa ustadz pamingpin KBIH, rek mawa handycam.Pa ustadz ngidinan. Harita teu
kabayang, askar sok mariksa babawaan para jamaah anu rek asup ka masjid
Haram/Nabawi.
Kusabab geus diidinan tea, shooting teh laluasa. Ti awit masigit tempat miang
nepi ka balik deui ka masigit eta sabada munggah haji, teu katinggaleun
didokumentasikeun. Aya kana 13 kaset mah @ 1 jam pikeun ngadokumentasikeun
munggah haji.
Sigana geus kitu wae meureunan rezeki kuring. Di Mekah atawa di Madinah, askar
anu biasana sok mariksaan babawaan jamaah anu rek kajero masigit, tara
pirajeunan mariksa tas babawaan kuring. Sakali mangsa mah kungsi kanyahoan ku
askar di masjid Nabawi, dihulag teu meunang asup. Tapi teu eleh akal, kuring
asup ti panto sejen, askarna heunteu mariksa tas kuring.
Walhasil, eta sakadang kamera teh jadi ngilu tawaf jeung sa'i, wukuf di arofah,
jumroh di Mina, tafakur di rohangan raudah. Pokona mah ka sagala tempat, anu
teu bisa disorang ku satiap jamaah. Ayeuna dipikir-pikir, pangalaman aheng anu
karandapan ku kuring salila munggah haji teh, nya eta laluasa shooting di jero
masjid haram & Nabawi.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/