2011/10/9 <[email protected]>
> Manasiik haji ngan sababaraha kali, da elat iber ti depagna. Dina > penjelasan manasik eta teu aya gambar hirup (audio visual) kaayaan di tanah > suci. Mucunghul ide, kumaha upama munggah haji teh didokumentasikeun kana > gambar hirup. Pan ari foto-fotoan mah tos ilahar. > > Aya oge saurang jamaah anu sa ide.Kamera rek disumputkeun dina buku kandel > anu dicowakan. Ngarah engke mun dipariksa askar moal kanyahoan. Tapi niatna > wae geus teu “lempeng“, ahirna bolay teu jadi mawa kamera. Ari kuring mah > balaka ka pa ustadz pamingpin KBIH, rek mawa handycam.Pa ustadz ngidinan. > Harita teu kabayang, askar sok mariksa babawaan para jamaah anu rek asup ka > masjid Haram/Nabawi. > > Kusabab geus diidinan tea, shooting teh laluasa. Ti awit masigit tempat > miang nepi ka balik deui ka masigit eta sabada munggah haji, teu > katinggaleun didokumentasikeun. Aya kana 13 kaset mah @ 1 jam pikeun > ngadokumentasikeun munggah haji. > > Sigana geus kitu wae meureunan rezeki kuring. Di Mekah atawa di Madinah, > askar anu biasana sok mariksaan babawaan jamaah anu rek kajero masigit, tara > pirajeunan mariksa tas babawaan kuring. Sakali mangsa mah kungsi kanyahoan > ku askar di masjid Nabawi, dihulag teu meunang asup. Tapi teu eleh akal, > kuring asup ti panto sejen, askarna heunteu mariksa tas kuring. > > Walhasil, eta sakadang kamera teh jadi ngilu tawaf jeung sa'i, wukuf di > arofah, jumroh di Mina, tafakur di rohangan raudah. Pokona mah ka sagala > tempat, anu teu bisa disorang ku satiap jamaah. Ayeuna dipikir-pikir, > pangalaman aheng anu karandapan ku kuring salila munggah haji teh, nya eta > laluasa shooting di jero masjid haram & Nabawi. > Powered by Telkomsel BlackBerry® > >
