Kang Abbas, harita, waktu salira tataros, tos diwaler ku sababaraha anggota milist. Mataholangna, asal-usul kecap "Bandung", ceuk hiji katerangan, memang pakait jeung kecap "pabandung" atawa "ngabandungan".
Dina kecap "ngabandungan", aya dua pihak anu adu hareupan. Misalna, dina kalimah "ngabandungan pangajian", dua pihak anu adu hareupan teh nyaeta ajengan atawa kiyai atawa da'i anu maparin materi pangajianana jeung jama'aha anu ngupingkeun eta pangajian atawa da'wah. Anu jelas pahareup-hareup, mungkin oge aya interaksi tanya jawab. Kusabab kitu, di sababaraha wewengkon aya istilah "bandungan" keur istilah "pangajian". "Aceuk, bandungan dimana minggu hareup?", ceuk hiji ibu-ibu ka dulurna. Eta pertanyaan si ibu maksudna nanyakeun jadual pangajian ka aceukna. Tah, ceuk kaol tadi, di wewengkon Bandung baheula basa masih keneh mangrupa talaga gede, aya dua pasir (B Ind: bukit) anu tempatna pahareup-hareup atawa paeunteung-eunteung atawa nya anu disebut "ngabandung" tea. Ceuk geologi atawa geografi mah pernahna eta dua pasir anu ngabandung teh di deukeut (samemeh) Gado Bangkon ayeuna, bates Talaga Bandung purba beulah kulon. Ti dinya cenah nya jadi kecap "bandung", jadi wae ngaran kota, "Kota Bandung". Cag. manar 2011/10/12 Abbas Amin <[email protected]> > ** > > > Kuring kungsi nanya masalah ieu kecap; gegedena lantaran teu terang asal > usulna. > > Bandung --->>>> Kamungkinan asalna tina bendungan, lantaran dina Legenda > Sangkuring, aya ngabendung situ. Jadi Bendungan; nya meureun ti na kecap > bendungan > asal muasalna ngaran Kota Bandung teh. > > Terus patarosan satutasna, nya eta naha aya hubunganana antara kecap > ngabandungan > nu hartina merhatikeun ? atawa teu aya sama sakali ? pedah eta we sarua aya > bandungna ! > da piraku meureun kecap nu sakitu deukeutna euweuh hubungan sama sakali ? > Naha nu kaluar di na perbendaharaan kecap Sunda ngabandungan nu ti heula ? > Atawa Bandung heula !? > > Poma ieu pertanyaan SERIUS ulah ditanggapi ku nyebut ODOB jste. > > Nuhun sateuacanna ! > > >
