Nuhun pisan kang Oman; da ari kapungkur mah mung ngajelaskeun nhabandungan 
wungkul; jadi masih tetep baluweng

--- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
>
> Kang Abbas, harita, waktu salira tataros, tos diwaler ku sababaraha anggota
> milist. Mataholangna, asal-usul kecap "Bandung", ceuk hiji katerangan,
> memang pakait jeung kecap "pabandung" atawa "ngabandungan".
> 
> Dina kecap "ngabandungan", aya dua pihak anu adu hareupan. Misalna, dina
> kalimah "ngabandungan pangajian", dua pihak anu adu hareupan teh nyaeta
> ajengan atawa kiyai atawa da'i anu maparin materi pangajianana jeung
> jama'aha anu ngupingkeun eta pangajian atawa da'wah. Anu jelas
> pahareup-hareup, mungkin oge aya interaksi tanya jawab. Kusabab kitu, di
> sababaraha wewengkon aya istilah "bandungan" keur istilah "pangajian".
> "Aceuk, bandungan dimana minggu hareup?", ceuk hiji ibu-ibu ka dulurna. Eta
> pertanyaan si ibu maksudna nanyakeun  jadual pangajian ka aceukna.
> 
> Tah, ceuk kaol tadi, di wewengkon Bandung baheula basa masih keneh mangrupa
> talaga gede, aya dua pasir (B Ind: bukit) anu tempatna pahareup-hareup atawa
> paeunteung-eunteung atawa nya anu disebut "ngabandung" tea. Ceuk geologi
> atawa geografi mah pernahna eta dua pasir anu ngabandung teh di deukeut
> (samemeh) Gado Bangkon ayeuna, bates Talaga Bandung purba beulah kulon. Ti
> dinya cenah nya jadi kecap "bandung", jadi wae ngaran kota, "Kota Bandung".
> 
> Cag.
> 
> manar
> 
> 2011/10/12 Abbas Amin <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Kuring kungsi nanya masalah ieu kecap; gegedena lantaran teu terang asal
> > usulna.
> >
> > Bandung --->>>> Kamungkinan asalna tina bendungan, lantaran dina Legenda
> > Sangkuring, aya ngabendung situ. Jadi Bendungan; nya meureun ti na kecap
> > bendungan
> > asal muasalna ngaran Kota Bandung teh.
> >
> > Terus patarosan satutasna, nya eta naha aya hubunganana antara kecap
> > ngabandungan
> > nu hartina merhatikeun ? atawa teu aya sama sakali ? pedah eta we sarua aya
> > bandungna !
> > da piraku meureun kecap nu sakitu deukeutna euweuh hubungan sama sakali ?
> > Naha nu kaluar di na perbendaharaan kecap Sunda ngabandungan nu ti heula ?
> > Atawa Bandung heula !?
> >
> > Poma ieu pertanyaan SERIUS ulah ditanggapi ku nyebut ODOB jste.
> >
> > Nuhun sateuacanna !
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke