Aliran-aliran dalam Islam, "kacaturkeun dina buku eta, yen Kangjeng Ali harita teu nungtut bales" kaca sabaraha ieu teh. Uing geus poho.
________________________________ Dari: Gus Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 12:26 Judul: Re: Bls: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura Huseina) Sae Mang Sp Saprudin, nambihan langkung seueur oge langkung sae. Mairan patarosan Amang : "Tuluy Pamimpin nagara jeung pamimpin agama, naha beda?" Ke urang samikeun heula definisina "Ngabedakeun" sareng "Ngamisahkeun", ieu dua hal anu teu sami mung mirip. Ngabedakeun mah langkung condong kanu konsep pamikiran, nunjukkeun, ngategorikeun, ngasistematisasi sesuai sareng 'domain'na (ambahan / wilayahna). Ngamisahkeun/misahkeun mah jelas-jelas aya dua hal, jenis, aspek nu teu aya pakuat-pakaitna, langkung ka 'phisicaly'. Contoh gambaran anu sae, nalika Gus Dur janten pamingpin nagara urang, ieu gambaran jelema anu jadi pamimpin (umat agama islam khususon versi NU/ budayawan) sakaligus jadi pamingpin nagara. Contoh nu sanes kapamingpinan di Iran ayeuna sami teu misahkeun sareng teu ngabedakeun kapamimpinan agama/nagara. Contoh anu sejenna, di urang saleresna aya nu namina presiden salaku Kepala Nagara, aya oge presiden salaku Kepala Pamarentahan. Di nagara Itali mah dibedakeun, Kapala Nagara dipimpin ku Presiden, ari Kapala Pamarentahna dipimpin ku Perdana Mentri. (beda pacabakan). Teras agama dasarna aya lima, nyaeta : 1. Sahadat, 2. Shalat, 3. Zakat, 4. Puasa, 5. Haji Ieu nu namina disebat dadasar syareat tea. Syareat pikeun ngudag hirup cageur, bageur, bener jeung pinter pikeun akur, makmur jeung papada jelema Dasar nu leuwih jero namah soal hubungan makhluk jeung nu nyiptakeunana (Gusti nu Mahasuci jeung Mahakawasa). Lamun dasarna pisan acan kakobet, teu aneh lamun aya jalma ladang duit hasil korupsi bari dimimitian ku bismillah, geus meunang duit alhamdulillah terus jarah ka Mekah. Teu boga kaera. Balik deui ka soal utama, anu jadi pamikiran sim uing, - hasil maca buku karangan mang Ahsa, - Aliran-aliran dalam Islam, kacaturkeun dina buku eta, yen Kangjeng Ali harita teu nungtut bales ngarebut deui kakawasaan anu diserahkeun ka katurunan Muawiyah, padahal harita wadya balad jeung nu ngadukung sareng kakiatan cekap kanggo merangan Muawiyah. Why ? (legegna), Kunaon ? Make tanda tanya ageung!. (malihan anu kuciwa, ngadamel kelompok nyalira anu katelah kaum Khawarij tea). Dinu hal ieu pisan ceuk pamanggih kuring islam kabagi ka dua aliran Syiah sareng Sunni kusabab alatan para pangikutna kuanjeun/sorangan. Tiasa oge kusabab dina mempertahankeun kakawasaan ti kaum Muawiyah anu embung karebut deui kakuasaanna, terus mojokeun ngadamel trik ka Ali katut pangikut-pangikutna. Dina hal ieu jelas leuwih condong kanu urusan politik tibatan urusan agama. Nu katangkep ku pamikiran sim uing mah, oh numatak kitu oge(meureun) aya beda udagan aya beda fisi, misi, strategi dina ngokolakeun agama jeung (pamarentahan) hiji nagara. Ari agama mah teu aya kompromi da nu diudag urusan akherat, sedengkeun ari ngurus nagara mah tangtu kedah seueur kompromi da dasarna teu leuwih jeung teu kurang, leuwih condong ngurus soal kadunyaan. Terakhir, apan dina Al Qur'an oge(al baqoroh kitu, punten hilap) , aya anu kasebut Ulama aya oge Ummaro. Atuh lamun kitu, numawi dibedakeun ge hartosna/tangtosna aya bedana. Salam --- On Wed, 7/12/11, Sp Saprudin <[email protected]> wrote: >From: Sp Saprudin <[email protected]> >Subject: Bls: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: >[kisunda] 10 Muharam ( Asyura Huseina) >To: "[email protected]" <[email protected]> >Received: Wednesday, 7 December, 2011, 11:00 AM > > > >Punten Kang Gus Maman nambihan alit we kana masalah iraha ayana nagara. Ceuk >kuring mah ku ayana jelema di luhur dunya. He..he....dunya mun teu dieusi >jelema moal aya nagara Indonesia. >Tuluy sarat nagara anu tos di pedarkeun aya 4 ieu kalebet syarat primerna, >uing nambahan hiji we. Conto Palestina opat syarat geus kacumponan, ngan hiji >anu can kacumponan nyaeta syarat sekunder pangakuan ti nagara-nagara sejen anu >hal ieu meureun pangakuan ti PBB. Jadi dasar nagara aya lima perkara. >Tuluy agama dasarna naon? Ceuk anak uing agama dasarna aya lima, nyaeta : >1. Sahadat >2. Shalat >3. Zakat >4. Puasa >5. Haji > >Ngenaan masalah pamimpin jeung agama. Ceuk kuring mun pamimpin teu boga agama >ngarana atheis nyah. Tuluy mun pamimpin boga agama tapi teu boga kataqwaan >meureun sok deket jeung Komariah nyah? Jadi dina hal ieu pamimpin nagara kudu >boga ageman lain sakadar tanda di KTP. Anu mana nilai-nilai agama baris matri >dina dirina tur ditembongkeun ku laku lampah sajalan jeung saayunan. Agama >lain sakadar kapercayaan henteu ngabuah, hal ieu sarua jeung ember bolong. >apan buahna agama teh nyaeta ibadah ritual jeung ibadah sosial. > >Tuluy Pamimpin nagara jeung pamimpin agama, naha beda? Atuh beda lah. Pamimpin >nagara bisa Presiden, PM atawa Raja, sedengkeun Pamimpin agama bisa meureun >Ajeungan nyah.....he..he.. Meureun bisa oge pamimpin nagara sakaligus pamimpin >agama, model Gus Dur basa jadi Presiden. >Kuring rada bingung masalah Kapamimpinan jeung agama, naha misah? Aduh kumaha >nyah, ah ieu mah ceuk kuring yen jadi pamimpin kudu ngabogaan kualitas >spritual sasuai jeung nilai-nilai agama eta sorangan. Jadi mun aya pamimpin >beuki kana Kolusi jeung Korupsi, eta pamimpin can ngabogaan kualitas spritual >(nilai-nilai agama). > >Kitu we lah.......salah ceukmaneh, bener ceuk uing tah...... >Wallahu'alam > >Dari: Gus Maman <[email protected]> >Kepada: [email protected] >Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 9:24 >Judul: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 >Muharam ( Asyura Huseina) > > >Salah sahiji definisi politik nyaeta seni jeung ilmu pikeun >ngaraih/meunangkeun kakawasaan. Kakawasaan naon? Marentah dihiji daerah >atanapi wilayah atanapi nagara kusabab boga kakakawasaan/kawenangan. >Kawenangan marentah batur, ngatur batur, ngatur hirup di hiji daerah >kakawasaan, boh tina mayar pajek, ngatur katertiban umum, jeung ngatur >kamakmuran masyarakatna. >Timana bijilna atanapi sumberna jeung legalitas ayana kakawasaan marentah hiji >nagara? >Aya sababaraha riwayat : 1 pamere ti numaha kawasa, 2 ti asal usul >katurunan(raja), 3. kakuatan senjata/militer, 4. ti paloba-loba dukungan sora >ti masyarakatna/rakyatna nu ayeuna katelah demokrasi. > >Iraha mimitina aya 'nagara' , numutkeun catetan sejarah(nu aya tulisan) mah >kirang langkung ti 3000-2500 sebelum tahun Masehi, dibuktikeun ku ayana Sphinx >jeung Piramida di Mesir anu kaungkap tina hurup Hierogliph. Teu kaungkap kabeh >misteri >kahirupan masyarakat dina waktu harita, kusabab catetan / lambang-lambang anu aya >dina dinding Piramid teu sadayana kapecahkeun. Nu jelasmah harita >geus aya strata/tingkat golongan masyarakat cacah, menak/juru tulis, dukun >jeung turunan raja-raja. > >Definisi nagara numutkeun teori nyaeta lamun minimal geus aya nyumponan 4 >hal, Kahiji aya anu marentahna/pamarentah, 2 aya wilayahna, 3 aya rakyatna >jeung ka-4 aya kadaulatan/boga aturan sorangan. > >Politik dina arti sempit nyaeta siasat atanapi taktik, padahal dina awahan anu >leuwih lega mah lain ngan ukur soal kumaha siasat meunangkeun kedudukan >atanapi jabatan atanapi kapamimpinan, ngamasalahkeun kumaha kuduna hirup >bersama, kuduna kumaha hirup bermasyarakat disagala bidang, sosial, budaya, >kasejahteraan ekonomi, pendidikan, kasehatan, luar angkasa, militer jste. > >Ari agama dasarna naon atuh, sarua soal kakuasaan oge? > >Ngahaja dibeber-beber soal politik diluhur maksudna supaya bisa ngabedakeun dina hal naha nyaan ekonomi, budaya, pendidikan, militer kabeh kudu diatur (pamingpin) agama. > >Nu matak ceuk dugaan (hipotesa) kuring, nu ngarana urang Islam matak teu >maju-maju mangsa kirwari, katinggaleun ku non Islam nyaeta LOBA BINGUNG >NGALABELAN umpamana Ekonomi Islami, Pendidikan Islami, Budaya Islami, >Kepemimpinan Islami sabari neneangan DALIL/Katerangan nana dina Hadits Shoheh >/ teu shoheh. >Ngagugulung dalil jeung pakuat-kuat keterangan dinu catetan heubeul, diluar >eta teu Ilmiah teu Islami. Poho udagan mangsa kiwari. Antukna jadi nagara siga >Irak, Afganistan, Mesir >Yaman dikekeyek bangsa deungeun, jeung ribut ambon sorangan kusabab teu boga >konsep/ide nu ajeg. > >Ayeuna ngajurus ka soal katurunan Ali vs katurunan Muawiyah. >Singket we sim uing mah: Ali mah pamimpin Agama, ari Muawwiyah mah pamimpin >Nagara. Kuring moal ngaluarkeun DALIL bisi weureu. > > >Salam > > >--- On Wed, 7/12/11, Mohammad zen <[email protected]> wrote: > > >>From: Mohammad zen <[email protected]> >>Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura >>Huseina) >>To: "[email protected]" <[email protected]> >>Received: Wednesday, 7 December, 2011, 2:43 AM >> >> >> >>Ngan ari pamahaman kuring dina ayat alquran, yen politik anu dimaksud Islam >>lebet kana ajaran Islam, ku kituna ayana ajaran kapamimpinan, kunaon aya >>fiqih siasah. >>kunaon aya ayat politik : Athiullah wa athiurrasul wa ulil amri minkum ( >>taatlah anjeun ka Allah, Ka Nabi sareng ka Ulil Amri minkum), atawa ayat >>saenya2na wali anjeun teh rasul sareng orang-orang beriman, atawa ayat anu >>nyebatkeun yen Ibrahim ngadoa ka Pangeran supaya ngajadikeun katurunanana >>Imam ( Pamimpin), Allah dina ayt firmnanNA : Janji urang (perihal >>kapimimpinan ieu ) moal beunang ka jalmi anu dzalim. >>masalah darah, biru, apanan para nabi oge dina hiji katurunan, boh katurunan >>isaq, atawa ismail... >>anu dimaksud ahlulbait ieu sanes umumna katurunan nabi, tapi anu dikhususkeun >>dina alquran nyaeta Ali, Fatimah, Hasan, Husein, sareng salapan keturunan ti >>Sulbi Alhusein nepi ka Imam Namina Muhammad ibn hasan Al askari anu lahirna >>di samara iraq 255 Hijriah anu ayaeuna ghaib ( menurut kayakinan Syiah)... >>tetapi katerangan perihal imam anu 12 teh sanes ngan saukur disebatkeun dina >>kitab2 syiah, dina kitab2 suni pun seueur anu ngajelaskeun perihal ieu, >>saperti nami2 na disebutkeun dina kitab yanabi almawaddah filqurba, atawa >>dina kitab2 sanesna, buktina coba buka sahih muslim yen dunia ieu moal kiamat >>sateuacan tegakna 12 amir /khilafah.. >> >>jadi masalah kapamimpinan perihal anu asas oge dina quran... eta sabagean >>ayat, komo deui lamun dibahas khusus perihal ayat2 kepemimpinan dina Quran. >>perihal Suni jeung Syiah... urang kedang ningali dina dua sisi, hiji sisi >>:mana anu langkung kiat dalilna , anu sisi kadua : bebas memilih, masalah >>moal paamprok hiji jeung nu sanesna etamah masalah lain deui... memang moal >>paamprok dina masalah bebeneran mah kulantaran bebeneran mah ngan saukur hiji. >>tapi suni jeung syiah bisa paamprok dina wilayah persatuan kemasyarakatan, >>sosial dll >>jadi lamun ngabahas mana anu paling bener --- eta pembahasan dalil ( artina >>manusa moal eureun tina pencarian ieu mah fitrah manusa), lamun disetop maka >>ngalanggar fitrah anu disebatkeun QATHA'A Al'uqul >> >>tapi lamun ngabahas kumaha bisa akur aya dua sisi : sisi dalil memang beda >>(ngan saling ngahormatan), sisi anu kadua akur palebah sosial kemasyarakatan >>kesimpulanana : ulah pajeulit dina eta sisi teh... kuring didieu ngabahas >>perihal naon anu dikaji, mangga wae tanggapan , pilihan mah bebas... >>anu terakhir Imam Ali as nyarios : Nahnu abnauddalil , kuring putra2 para >>dalil, jadi hirup urang timana, keur kumaha kumaha, deuk kamana kudu aya >>dalil pikeun dipertanggungjawabkeun di hareupeun hakim akhhirat, apanan dina >>kuburan bakal ditanya : Man Rabbuka, man nabiyuka, man Imamuka (saha Pangeran >>anjeu, saha nabi anjeun saha imam anjeun) >>jadi lamun aya statemen akang yen politik(kapamimpinan) sareng agama teh >>misah NAON DALILNA??? >> >>wassalam >>zen >> >>From: Gus Maman <[email protected]> >>To: [email protected] >>Sent: Tuesday, December 6, 2011 2:20 PM >>Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura >>Huseina) >> >> >>Kasimpulan kuring mah keukeuh ti awal awal oge : Salila acan bisa ngabedakeun >>politik jeung agama salila eta pasualan moal aya anggeusna. On Tue, Dec 6, >>2011 4:38 PM ICT Ki Hasan wrote: >Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. >>Boh keur urang syiah oge sunni. >Sabab nangtukeun estafet penggantian >>pimpinan. Tah lebah dieu miripna jeung >Super Semar teh. > >Keur urang syiah, >>tangtu ieu teh dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun >justifikasi yen >>kapamingpinan Islam teh kudu make jalur garis darah biru, >nu dipake acuan ku >>urang syiah. > >Keur urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen >>kapamingpinan Islam >teh diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model >>demokrasi tea. > >Mun ninggali dua model alih kuasa model di luhur. Jigana >>nepi ka iraha ge, >hese neangan titik temuna antara syiah jeung sunni teh. > >>>Ayeuna keur umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka >>>Kanjeng Nabi. Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah >sarua-sarua keneh. Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing >mana nu leuwih nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah? > > >2011/12/6 Mohammad zen <[email protected]> > >> ** >> >> >> Sanes super semar, ari supersemarmah teu aya suratna, ari Ghadir khum mah >> dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni jeung syiah >> jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG HENTEU >> KANYATAAN. kitu meureun. >> buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 deui... >> >> >> ------------------------------ >> *From:* Ki Hasan <[email protected]> >> *To:* [email protected] >> *Sent:* Tuesday, December 6, 2011 11:50 AM >> *Subject:* Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( >> Asyura Huseina) >> >> >> Lain dipikir-pikir, masalah "ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya. >> Duanana peristiwa nu nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan. >> Duanana misteri pada ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus. >>
