Membuat Aturan parsial, tanpa membuat aturan asas --- bathil atawa teu logis

masalah pajak, jizyah, khumus, zakat, ketertiban umum, perekonomian, peraturan 
kemiliteran, peraturan perang, peraturan anu hubunganna jeung kekuasaan adalah 
permasalahan parsial (juz'i) tah anu asasina masalah kepemimpinan, jadi teu 
logis Pangeran marentah anu parsial tanpa anu asas, kukituna sacara jelas 
urusan kapamimpinan teh urusan ilahi, saperti dina ayat2 kapamimpinan anu tos 
disebatkeun ayat2na dihandap (eta ngan sabagean ayat).

perlu dipikaterang yen kepemimpinan anu dipahami ku urang umum, masalah 
kekuasaan dunia wungkul, padahal anu dimaksud didieu kapamimpinan islam nyaeta 
kapamimpinan ruhi akhirat jeung dunia, artina... pamimpin oge ngurusan masalah 
agama sareng masalah dunia, bahkan gaduh tugas ngabimbing akhlak ruh manusa, 
saperti anu diterangkeun dina Alquran.

teori politik barat saperti :kerajaan, demokrasi, dll etamah permasalahan lain 
sanes permasalhan kepemimpinan ilahiah...
Kapamimpinan Ilahi hukumna wajib dina ayat alquran, deuk kaayaan jaya sacara 
dhahir deuk henteu dhahir, saperti Rasul saww ngadawuh :
Alhusein Imamun qaidan au qu'udan ( Imam HUsein Imam boh keur diuk (nyaeta can 
boga kakuasaan dhahir) boh naik kakuasaan sacara dhahir)

jadi pemahaman kana kapamimpinan ilahi beda jeung anu dipahami politik anu 
urang pelajari dina kuliah politik di kampus2kampus.
kukituna kapamimpinan ilahi deuk boga kakuasaan nagara sacara dhahir deuk 
henteu tetap jadi Imam kulantaran kapamimpinan ilahi mah ditunjukkan ku Pangeran
Fungsina keur nunjukkeun Yen Pangeran tos masihan petunjuk ka sadaya umat saha 
sabenerna mah pamimpin umat anu pantes teh.
Kulantaran Allah Maha Mimpin Maha pemberi Petunjuk, teu logis Lamun Pangeran 
teu masihan bimbingan kapaminpinan dina hal ieu.

Masalah pembahasan sejarah, tujuanna pikeun mertelakeun silsilah saha pamimpin 
ilahi umat manusia anu haq teh nepi ka ayeuna. lamun urang bingung teu puguh 
neangan pamimpin, teu kudu bingung Pangeran nyalira tos masihan nami2 na nyaeta 
Imam2 na, 

terbukti msal leutikna Iran teu ngagulung masalah ieu geus jelas masalah 
kapamimpinan Ilahi mah , ulama jadi wakilna,  kukituna maju nagarana.
anu sebab mundurna nagara kulantaran bingun tujuan akhiran jeung duniana teu 
apal musuh jeung baladna.

Agama Islam beda sareng agama Nasrani anu teu ngajarkeun syariat kapamimpinan, 
khusus ajaran Islam sangat ngajelaskeun perihal kapamimpinan, kukituna, dina 
salah sahiji ayat disebatkeun Yen Islam bakal jadi Panguasa dina sagala agama 
walaupun musyrikin membenci.
kulantaran falsafah Ajaran Islam pikeun nurunkeun kakuasaan Tuhan di muka Bumi 


masalah : ekonomi islam, pendidikan Islam dll... perihal ieu tos aya jelasna, 
ekonomi Islam beda jeung nu lainna, jeung nu sanesna beda jeung nu sanesna 
walupun aya irisanana... hal ieu kudu para ulama anu mujtahid anu mumpuni apal 
kana istinbathna, lamun nu awam mah hese. kukituna di setiap zaman aya ulama 
anu paham dina masalah ieu. kukituna fungsi ayana para pelajar agama anu 
mumpuni pikeun ngajelaskeun perihal ieu.


contoh leutik ekonomi sosialis : hak pribadi teu boga kabeh diserahkeun ka 
nagara, kapitalis hak pribadi boga sacara mutlak, ekonomi Islam hak  pribadi 
aya ngan wajib hukumna membayar sebagian kanggo sanesna ku zakat, shadqah, 
khumus , dll.

Konsep Islam lebih jelas tibatan konsep sanesna...
jangankan masalah ekonomi makro masalah kumaha cingogo di WC (jamban) oge aya 
aturanna pan 

wassalam


Zen


________________________________
 From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Wednesday, December 7, 2011 5:54 AM
Subject: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 
Muharam ( Asyura Huseina)
 

  
Salah sahiji definisi politik nyaeta seni jeung ilmu pikeun ngaraih/meunangkeun 
kakawasaan. Kakawasaan naon? Marentah dihiji daerah atanapi wilayah atanapi 
nagara kusabab boga kakakawasaan/kawenangan.  Kawenangan marentah batur, ngatur 
batur, ngatur hirup di hiji daerah kakawasaan, boh tina mayar pajek, ngatur 
katertiban umum, jeung ngatur kamakmuran masyarakatna. 
Timana bijilna atanapi sumberna jeung legalitas ayana kakawasaan marentah hiji 
nagara? 
Aya sababaraha riwayat : 1 pamere ti numaha kawasa, 2 ti asal usul 
katurunan(raja), 3. kakuatan senjata/militer, 4. ti paloba-loba dukungan sora 
ti masyarakatna/rakyatna nu ayeuna katelah demokrasi.

Iraha mimitina aya 'nagara' , numutkeun catetan sejarah(nu aya tulisan) mah  
kirang langkung ti 3000-2500 sebelum tahun Masehi, dibuktikeun ku ayana Sphinx 
jeung Piramida di Mesir anu kaungkap
 tina hurup Hierogliph. Teu kaungkap kabeh misteri
kahirupan masyarakat dina waktu harita, kusabab catetan / lambang-lambang anu 
aya
dina dinding Piramid teu sadayana kapecahkeun. Nu jelasmah harita
geus aya strata/tingkat golongan masyarakat cacah, menak/juru tulis, dukun 
jeung turunan raja-raja. 

Definisi nagara numutkeun teori  nyaeta lamun minimal geus  aya  nyumponan 4 
hal, Kahiji aya anu marentahna/pamarentah, 2 aya wilayahna, 3 aya rakyatna 
jeung ka-4 aya kadaulatan/boga aturan sorangan.

Politik dina arti sempit nyaeta siasat atanapi taktik, padahal dina awahan anu 
leuwih lega mah lain ngan ukur soal kumaha siasat meunangkeun kedudukan atanapi 
jabatan atanapi kapamimpinan,  ngamasalahkeun kumaha kuduna hirup bersama, 
kuduna kumaha hirup  bermasyarakat disagala bidang, sosial, budaya, 
kasejahteraan ekonomi, pendidikan, kasehatan, luar angkasa, militer jste.  

Ari agama dasarna naon atuh,
 sarua soal kakuasaan oge?

Ngahaja dibeber-beber soal politik diluhur maksudna supaya bisa ngabedakeun 
dina hal  naha nyaan ekonomi, budaya, pendidikan, militer kabeh kudu diatur  
(pamingpin) agama. 

Nu matak ceuk dugaan (hipotesa) kuring, nu ngarana urang Islam matak teu 
maju-maju mangsa kirwari, katinggaleun ku non Islam nyaeta LOBA BINGUNG 
NGALABELAN umpamana  Ekonomi Islami, Pendidikan Islami, Budaya Islami, 
Kepemimpinan Islami sabari neneangan DALIL/Katerangan nana dina Hadits Shoheh / 
teu shoheh. 
Ngagugulung dalil jeung pakuat-kuat keterangan dinu catetan heubeul, diluar eta 
teu Ilmiah teu Islami. Poho udagan mangsa kiwari. Antukna jadi nagara siga 
Irak, Afganistan, Mesir
Yaman dikekeyek bangsa deungeun, jeung ribut ambon sorangan kusabab teu boga 
konsep/ide nu ajeg.

Ayeuna ngajurus ka soal katurunan Ali vs katurunan Muawiyah.
Singket we sim uing mah:   Ali mah pamimpin Agama, ari Muawwiyah
 mah pamimpin Nagara.  Kuring moal ngaluarkeun DALIL bisi weureu.


Salam
 

--- On Wed, 7/12/11, Mohammad zen <[email protected]> wrote:


>From: Mohammad zen <[email protected]>
>Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
>Huseina)
>To: "[email protected]" <[email protected]>
>Received:
 Wednesday, 7 December, 2011, 2:43 AM
>
>
>  
>Ngan ari pamahaman kuring dina ayat alquran, yen politik anu dimaksud Islam 
>lebet kana ajaran Islam, ku kituna ayana ajaran kapamimpinan, kunaon aya fiqih 
>siasah.
>kunaon aya ayat politik : Athiullah wa athiurrasul wa ulil amri minkum ( 
>taatlah anjeun ka Allah, Ka Nabi sareng ka Ulil Amri minkum), atawa ayat 
>saenya2na wali anjeun teh rasul sareng orang-orang beriman, atawa ayat anu 
>nyebatkeun yen Ibrahim ngadoa ka Pangeran supaya ngajadikeun katurunanana Imam 
>( Pamimpin), Allah dina ayt firmnanNA : Janji urang (perihal kapimimpinan ieu 
>) moal beunang ka jalmi anu dzalim.
>
>
>masalah darah, biru, apanan para nabi oge dina hiji katurunan, boh katurunan 
>isaq, atawa ismail...
>anu dimaksud ahlulbait ieu sanes umumna katurunan nabi, tapi anu dikhususkeun 
>dina alquran nyaeta Ali, Fatimah, Hasan, Husein, sareng salapan keturunan ti 
>Sulbi Alhusein nepi ka Imam Namina Muhammad ibn hasan Al askari anu lahirna di 
>samara iraq 255 Hijriah anu ayaeuna ghaib ( menurut kayakinan Syiah)...
>
>
>tetapi katerangan perihal imam anu 12 teh sanes ngan saukur disebatkeun dina 
>kitab2 syiah, dina kitab2 suni pun seueur anu ngajelaskeun perihal ieu, 
>saperti nami2 na disebutkeun dina kitab yanabi almawaddah filqurba, atawa dina 
>kitab2 sanesna, buktina coba buka sahih muslim yen dunia ieu moal kiamat 
>sateuacan tegakna 12 amir /khilafah..
>
>
>
>jadi masalah kapamimpinan perihal anu asas oge dina quran... eta sabagean 
>ayat, komo deui lamun dibahas khusus perihal ayat2 kepemimpinan dina Quran.
>
>
>perihal Suni jeung Syiah... urang kedang ningali dina dua sisi, hiji sisi 
>:mana anu langkung kiat dalilna , anu sisi kadua : bebas memilih, masalah moal 
>paamprok hiji jeung nu sanesna etamah masalah lain deui... memang moal 
>paamprok dina masalah bebeneran mah kulantaran bebeneran mah ngan saukur hiji.
>tapi suni jeung syiah bisa paamprok dina wilayah persatuan kemasyarakatan, 
>sosial dll
>
>
>jadi lamun ngabahas mana anu paling bener --- eta pembahasan dalil ( artina 
>manusa moal eureun tina pencarian ieu mah fitrah manusa), lamun disetop maka 
>ngalanggar fitrah anu disebatkeun QATHA'A Al'uqul
>
>tapi lamun ngabahas kumaha bisa akur aya dua sisi : sisi dalil memang beda 
>(ngan saling ngahormatan), sisi anu kadua akur palebah sosial kemasyarakatan
>
>
>kesimpulanana : ulah pajeulit dina eta sisi teh... kuring didieu ngabahas 
>perihal naon anu dikaji, mangga wae tanggapan , pilihan mah bebas...
>
>
>anu terakhir Imam Ali as nyarios : Nahnu abnauddalil , kuring putra2 para 
>dalil, jadi hirup urang timana, keur kumaha kumaha, deuk kamana kudu aya dalil 
>pikeun dipertanggungjawabkeun di hareupeun hakim akhhirat, apanan dina kuburan 
>bakal ditanya : Man Rabbuka, man nabiyuka, man Imamuka (saha Pangeran anjeu, 
>saha nabi anjeun saha imam anjeun)
>
>
>jadi lamun aya statemen akang  yen politik(kapamimpinan) sareng agama teh 
>misah NAON DALILNA???
>
>
>
>wassalam
>
>
>zen
>
>
>
>
>________________________________
> From: Gus Maman <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Tuesday, December 6, 2011 2:20 PM
>Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
>Huseina)
> 
>
>  
>Kasimpulan kuring mah keukeuh ti awal awal oge : Salila acan bisa ngabedakeun 
>politik jeung agama
>salila eta pasualan moal aya anggeusna.
>
>On Tue, Dec 6, 2011 4:38 PM ICT Ki Hasan wrote:
>
>>Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. Boh keur urang syiah oge sunni.
>>Sabab nangtukeun estafet penggantian pimpinan. Tah lebah dieu miripna jeung
>>Super Semar teh.
>>
>>Keur urang syiah, tangtu ieu teh dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun
>>justifikasi yen kapamingpinan Islam teh kudu make jalur garis darah biru,
>>nu dipake acuan ku urang syiah.
>>
>>Keur urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen kapamingpinan Islam
>>teh diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model demokrasi tea.
>>
>>Mun ninggali dua model alih kuasa model di luhur. Jigana nepi ka iraha ge,
>>hese neangan titik temuna antara syiah jeung sunni teh.
>>
>>Ayeuna keur umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka
>>Kanjeng Nabi. Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah
>>sarua-sarua keneh. Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing
>>mana nu leuwih nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah?
>>
>>
>>2011/12/6 Mohammad zen <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> Sanes super semar, ari supersemarmah teu aya suratna, ari Ghadir khum mah
>>> dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni jeung syiah
>>> jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG HENTEU
>>> KANYATAAN. kitu meureun.
>>> buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 deui...
>>>
>>>
>>>   ------------------------------
>>> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
>>> *To:* [email protected]
>>> *Sent:* Tuesday, December 6, 2011 11:50 AM
>>> *Subject:* Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam (
>>> Asyura Huseina)
>>>
>>>
>>> Lain dipikir-pikir, masalah "ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya.
>>> Duanana peristiwa nu nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan.
>>> Duanana misteri pada ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus.
>>>
>
>
>
> 
 

Kirim email ke