Der we kang Oman mimitian 2011/12/8 oman abdurahman <[email protected]>
> > > Tah lamun anu ieu di Facebook Grup Fiksimini si uing geus nyieun aya 10 > judulna. Kumaha lamun di milist kisunda ieu oge urang buka rohangan pikeun > para anggota makarya fiksi mini? Lamun sapuk, rek dimimitian ku mosting > karya sorangan. > > manar > > 2011/12/8 Ki Hasan <[email protected]> > >> ** >> >> >> Baraya, pernah ngadarenge aya genre sastra, nu katelah Fiksi Mini?. Fiksi >> Mini dina basa Sunda keur maceuh di FB. Panasaran, kurulang-kuriling >> ngadeupaan Internet. Sugan aya katerangan, naon atuh fiksi mini teh. Nyeta >> geuning kiwari mah, kadar urang aya kahayang jeung kadaek we, sagala info >> bisa disusud ukur ku ngutek-ngutek dua curuk. Jauh pisan jeung jaman uing >> ngadepong di Bandung, puluhan taun ka tukang. Hayang maca teh, melaan >> kukurilingan, mukaan buku murah meriah, sore sore, di Jalan Sukajadi, >> Cikapundung, Kebon Kalapa, atawa Palasari. >> >> Ringkesna mah fiksi mini teh cenah, carita fiksi sauted. Nu ditulis ukur >> ku sababaraha kalimah. Aya nu mere gambaran, kira-kira ditulis dina 50 >> kecap cenah. Ngarah teu lieur ku definisi, aya conto hade ti Kang Hawe >> Setiawan, urang Cupumanik. Toong di handap geura contona. Najan mini >> geuning masih karagap guluyur caritana. >> >> Ari uing lain rek nitah atawa ngajak narulis fiksi mini. Ngan kaideun ku >> MINI-na. Mun Rok Mini jeung Fiksi Mini sukses jadi media keur nepikeun eusi >> sirah pangarang ka nu macana, jigana taya salahna mun urang migunakeun >> konsep MINI dina widang nu non-fiksi. Ceuk ijiran uing, asa saluyu keur >> jurus tukeur informasi make media milis nu geus hirup leuwih ti heula. Nya >> ngarah gampang diinget mah, sebut we ngaranna "Info Mini". >> >> Asana di milis Ki Sunda teh loba inohong dina widang masing-masing. Tegep >> jigana mun daraek nulis pangaweruh popiler dina widangna masing-masing make >> konsep "Info Mini". >> >> Contona kieu, mun >> >> ==== >> >> *Titis Tulis * >> >> * Ku: Jeffrey Archer * >> >> * Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi can >> gé lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég, sarta >> pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu sakitu >> pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu megatan téh >> malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam; punten wé, abdi >> badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan nanasiban. >> Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku malakal maot. >> Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak manéhna tumpak >> kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat. Geus kitu éta >> sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku manéhna kami keur >> ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok ngomong, Naon >> pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi isuk-isuk? Na da kami >> mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur tatahar méméh nyieun nu >> ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna di Bagdad, da kami mah >> meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké peuting.[] * >> >> > > >
