Di handap ieu conto Fikmin Basa Sunda karya kang Godi, meunang nyutat ti
dieu:
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/284621321579442/
##Godi Suwarna <http://www.facebook.com/profile.php?id=1846511367>
Fikmin # MURANG-MARING #

‘Kang, iraha urang tiasa tepang? Diah.’ Kitu cék SMS. Jajantung ratug. Uing
undur ti basisir laut kidul. Nyingkur dina liliuh katapang. Diah. Lamunan
kumalayang. Panineungan bruh-bréh deui. “SMS ti saha? Béda ambeuna!”
kapireng nu gumerendeng. Gebeg. HP asa aya nu ngarebut. Lésot tina
ranggeuman. Kumalayang lir kalakay. Buru-buru diudag. Teu katéwak. HP
ngoléang ka basisir. Terus ngalayang ka laut. Tina pucuk lambak, ujug-ujug
aya réma nu laléncop nyanggap HP. Lep deui. Duh. Uing ngan ukur bisa
ngaheruk. “Bogoh pisan ka Si Diah Pitaloka téh? Uyuhan, bogoh ka urang
gunung!” kapireng nu ngagorowok. HP dibalédogkeun ti jero laut. Negel pisan
kana tarang. Uing nyengir. “Dasar kunyuk nurustunjung!” nu jumerit
téténjrag di dasar bumi. Basisir inggeung. “Jor, susul kaituh!”
Jurungkunung. Indung lambak tanding gunung. Ngaguludug ti tengah jaladri.
Jumelegur. Ngaburak-barik basisir.##Hayu ah urang ngamumule basa Sunda,
ulah poho kana purwadaksina tea.

manar

2011/12/8 oman abdurahman <[email protected]>

> Seug. Kalawan catetan yen kuring oge keur diajar, sakapeung karangan teh
> henteu mini-mini teuing; sakapeung miang tina kajadian/pangalaman anu
> nyata. Nyanggakeun ieu fiksi mini (fikmin) kuring anu kahiji:
>
> #Fikmin "JURUS SILAT PANGAMPUHNA"
>
>
>  Geus aya dua jamna abah nyaritakeun sababaraha pakem silat Cimandé. Ti
> mimiti ulin bari diuk, nepi ka kumaha para jawara Cimandé sakitu hormatna
> dalah kanu kasebut budak ogé, teu kurang-kurang nya sopan santun. Harita,
> waktu geus ngagayuh ka janari leutik, tapi, kuring limaan jeung babaturan
> tacan aya nundutan saurang ogé. Tong boroning nundutan, teu heuay-heuay
> acan bubuhan pogot ngaregepkeun dadaran jurus silat Cimande. Ongkoh deui
> tadi méméh medar cariosanana téh, abah ngajangjian, yén peuting ieu  anjeunna
> badé ngadadarkeun jurus pangampuhna di paguron Cimandé. Kuring limaan geus
> buleud patékadan, peuting ieu arék nanggap abah kajeun teuing masing kudu
> bagadang sapeuting jeput ogé. Sabab, kasempetan tepung jeung abah téh arang
> pisan, bubuhan abah ayeuna keur mingit sorangan, saurna, keur nulis buku
> pakem silat Cimandé. Ari peuting ieu, kuring limaan dijangjian arék narima
> pisan bocoran éta rusiah jurus silat anu kawentar di Tatar Sunda, piraku
> kudu éléh ku tunduh.  "Jang, geus sariap, abah arék medar jurus
> pangampuhna tea yeuh?", saurna ngagétkeun kuring limaan. “Oh, kantenan
> abah, abdi sadaya siap”, ceuk kuring limaan meh bareng. “Dupi namina éta
> jurus  naon, abah?”, si kuring ngawani-wani tatanya bakat ku panasaran,
> jeung minangka ngawakilan babaturan anu limaan. “Talék!”, walon abah pondok
> tapi agem. Sanggeus rada simpe,“Heug yeuh, geura regepkeun”, abah ngamitian
> pedaran pamungkasna.  “Ari anu disebut ‘talék’ téh taya lian ti yén lamun
> aya anu ngajak paséa, ngajak tarung, ka urang, urang satekah polah kudu
> nyinglar éta papaséan, ngajauhan hiji pacengkadan anu nepi ka kudu
> tarung!”, “Tah sakitu anu disebut ‘talék’ téh!”, sora abah simaan kacida.
> Jep kuring anu limaan jempé bari ngawangwang lamunan séwang-séwangan.
>
>
>
> Oman Abdurahman, Bandung, 09 Oktober 2011#
>
>
> manar
>
>
> 2011/12/8 Ki Hasan <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Der we kang Oman mimitian
>>
>>
>> 2011/12/8 oman abdurahman <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Tah lamun anu ieu di Facebook Grup Fiksimini si uing geus nyieun aya 10
>>> judulna. Kumaha lamun di milist kisunda ieu oge urang buka rohangan pikeun
>>> para anggota makarya fiksi mini? Lamun sapuk, rek dimimitian ku mosting
>>> karya sorangan.
>>>
>>> manar
>>>
>>> 2011/12/8 Ki Hasan <[email protected]>
>>>
>>>> **
>>>>
>>>>
>>>> Baraya, pernah ngadarenge aya genre sastra, nu katelah Fiksi Mini?.
>>>> Fiksi Mini dina basa Sunda keur maceuh di FB. Panasaran, kurulang-kuriling
>>>> ngadeupaan Internet. Sugan aya katerangan, naon atuh fiksi mini teh. Nyeta
>>>> geuning kiwari mah, kadar urang aya kahayang jeung kadaek we, sagala info
>>>> bisa disusud ukur ku ngutek-ngutek dua curuk. Jauh pisan jeung jaman uing
>>>> ngadepong di Bandung, puluhan taun ka tukang. Hayang maca teh, melaan
>>>> kukurilingan, mukaan buku murah meriah, sore sore, di Jalan Sukajadi,
>>>> Cikapundung, Kebon Kalapa, atawa Palasari.
>>>>
>>>> Ringkesna mah fiksi mini teh cenah, carita fiksi sauted. Nu ditulis
>>>> ukur ku sababaraha kalimah. Aya nu mere gambaran, kira-kira ditulis dina 50
>>>> kecap cenah. Ngarah teu lieur ku definisi, aya conto hade ti Kang Hawe
>>>> Setiawan, urang Cupumanik. Toong di handap geura contona. Najan mini
>>>> geuning masih karagap guluyur caritana.
>>>>
>>>> Ari uing lain rek nitah atawa ngajak narulis fiksi mini. Ngan kaideun
>>>> ku MINI-na. Mun Rok Mini jeung Fiksi Mini sukses jadi media keur nepikeun
>>>> eusi sirah pangarang ka nu macana, jigana taya salahna mun urang migunakeun
>>>> konsep MINI dina widang nu non-fiksi. Ceuk ijiran uing, asa saluyu keur
>>>> jurus tukeur informasi make media milis nu geus hirup leuwih ti heula. Nya
>>>> ngarah gampang diinget mah, sebut we ngaranna "Info Mini".
>>>>
>>>> Asana di milis Ki Sunda teh loba inohong dina widang masing-masing.
>>>> Tegep jigana mun daraek nulis pangaweruh popiler dina widangna
>>>> masing-masing make konsep "Info Mini".
>>>>
>>>> Contona kieu, mun
>>>>
>>>> ====
>>>>
>>>> *Titis Tulis *
>>>>
>>>> * Ku: Jeffrey Archer *
>>>>
>>>> * Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi
>>>> can gé lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég,
>>>> sarta pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu
>>>> sakitu pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu
>>>> megatan téh malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam;
>>>> punten wé, abdi badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan
>>>> nanasiban. Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku
>>>> malakal maot. Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak
>>>> manéhna tumpak kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat.
>>>> Geus kitu éta sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku
>>>> manéhna kami keur ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok
>>>> ngomong, Naon pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi
>>>> isuk-isuk? Na da kami mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur
>>>> tatahar méméh nyieun nu ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna
>>>> di Bagdad, da kami mah meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké
>>>> peuting.[] *
>>>>
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>  
>>
>
>

Kirim email ke