tah geuning kitu, sae ah. uing prung bae. ti ditu ti dieu oge ku uing mah dibaca.
________________________________ Dari: Mohammad zen <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 9 Desember 2011 1:58 Judul: Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam-- diskusi keun ari diskusi mah kieu ayana, tapi hate tenang...kadang anu teu biasa diskusi prak aya diskusi dianggapna pasea, insyaallah henteu ari urang biasa mah... itung2 ngembangkeun pengetahuan sareng pola diskusi, komo deui atuh urang sunda deuk maju ka meja pamarentahan atawa masyarakat kan musti ngagaduhan pengalaman diskusi isnyaallah tujuan urang sadaya aya dina kahadean, ari diskusi mah kitu ayana selanjutnya balik deui ka diri urang wassalam zen ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, December 8, 2011 1:30 PM Subject: Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam Enya hade oge tah usulan teh. Ngan ulah poho, sing dadarek jeung remen nulis. Mun urang teu daraek nulis, nya bakal aya nu ngeusian ku sejenna. Ari uing mah, teu pati ngawatesan kana eusi tulisan teh, dumeh realitana dumasar kana nu katoong sapope, milis teh remen suwungna. Jadi tinimbang loba suwungna, bur we topik naon oge kaci, asal masih migunakeun basa Sunda. Ceuk ukuran uing mah, padungdengan Kang Ahsa, Kang Zen, Kang Udin, Kang Maman, masih wajar. Nya haneut meueusan mah, biasa we, kitu adatna. Uing ngaanalogikeun ruang diskusi di milis teh jiga ngaburudulkeun batu koral nu sareukeut beunang anyar keneh mekprekan kana gulidagna cai walungan. Tangtu eta batu nu merncos teh bakal paketrok jeung papada batu deui. Ku gumulungna cai, jeung waktu, lila-lila batu koral nu sareukeut bakal lemes. 2011/12/8 Irpan Rispandi <[email protected]> > >Usul kang, >dina nalika nulis, mun bisa mah ulah poho kana purwadaksina. > >Milis kisunda, aya keur ngamumule kasundaan. Boh basana, boh budayana, sukur-sukur bisa ngaronjatkeun martabat manusana. Tah mun bisa mah urang tigin kana eta tujuan. > >Eta cenah rek medar pendapat ngeunaan hiji hal. Nya pek teh teuing, tapi usahakeun tetep dina jalurna nyaeta dina raraga ningkatkeun kualitas manusa sunda. > >Ceuk kuring anu suudzon he..he..he.... anggota milis urang loba kacida, beda sirah beda kasang tukang. Tah aya saurang, duaan, sa kumpulan anggota anu boga maksud tambahan. Salian ti nulis basa sunda, manehna hayang ngajak anggota sejen milu kana aliran manehna. Ceuk suudzon kuring aya dua kelompok. Anu kahiji Syiah, anu kadua JIL. > >Kuring satuju kana diskusi, tapi teu satuju kana 'ajak - ajakan'. he..he..he.. >naon bedana diskusi jeung ajak-ajakan? > >Lamun diskusi cukup tukeur pikiran nambah wawasan, geus kitu mah enggeus we. >Lamun ajak-ajakan, pabener-bener. Aing bener, matakna milu sia jeung aing. >Lamun can hasil ngajak, engke nyoba deui nunjukkeun 'kabeneran' manehna. terus ngajak deui. > >Emang naon salahna lamun ngajak. kapanan ngajak oge kana 'bebeneran'. >Tah nepi ka lebah dieu mah, subjektifitas maen. "Ceuk maneh bener soteh, ceuk kuring mah henteu" cenah. Atuh antukna aduregeng. he..he..he... > >Jadi kitu kang, diskusi mah diskusi we, poko utama na mah ngamajukeun basa, budaya jeung manusa Sunda. > > > > >On 12/08/2011 04:21 PM, Ki Hasan wrote: > >>Kang Udin, ari rek medar pamanggih mah, tong ieuh kahalangan ku karempan bisi >>jiga "mapagahan ngojay ka meri" sagala. Der we sing teuneung. Paling henteu >>keur ngalancarkeun nulis nu leuwih sistematis. Uing percaya baraya milis Ki >>Sunda jalembar manah, najan loba nu tos manjing dewa de. Gunakeun ieu milis >>teh, keur lahan ngalebaran wawasan urang sarerea. >> >> >>2011/12/8 Sp Saprudin <[email protected]> >> >> >>>Sabenerna hayang ngabejer beaskeun masalah Asbabun Nuzul jeung Asbabul Wurud >>>na, tapi sieun dipajar nitah meri ngojay, da milis Ki Sunda jalma pinter. >>>Eta kuring nitah ngojay meri, ceuk meri ah siah ngajaran aing. >>>Basa waktu kamari, kuring maos pepedaran ti salah sahiji anggota milis, >>>manehna medarkeun meni eces pisan, tapi uing jadi bingung lantara dina >>>panjelasan periwayatanan (rawina) jiga benang melit kana bitis, atuh lain >>>nambahan pinter uing teh, malah kokorebet deui kana buku bulukan. >>>Mun uing asup di milis anu komunitasna mahasiswa atawa palajar, meren rada >>>pantes ngabejer beaskeuna. Da uing maos padungdeng antara Pa Gus Maman jeung >>>M. Zen jiga main bal kana tembok, ditendang malik deui, leuheung balik deui >>>kan suku mah rada pantes bisa ditendang deui, ieu mah malikna kana beungeut, >>>atuh jadi lieur sirah. >>>Anu hiji medarkeun rada kaharti anu hiji deui uing rada bingung da >>>referensina can pernah ku uing dibaca. Komo aya istilah kapamimpinan ghoib. >>>Uing kudu belajar deui ngenaan kapamimpinan ghoib, teing disiplin ilmu ieu >>>teh konsentrasina aya pakaitna jeung bangsa Jin, sugan bisa mimpin jin titah >>>nyieun jambatan Jawa - Sumatera. >>> >>>Insya Allah, ari perlu mah engke ku uing dipedarkeun masalah asbabuna. >>> >>> >>> >>>Dari: Dikdik <[email protected]> >>>Kepada: [email protected] >>>Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 15:15 >>>Judul: Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam >>> >>> >>> >>> >>>hadis na mah tos yakin bakal ditolak ku syiah mah... >>>hehehe... >>> >>>--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: >>>> >>>> Anu netepkeun Allah jeung Rasulna : >>>> Dalil Rukun islam, sasuai jeung hadits anu hartosna : Ti Abu Abdurrahman, Abdullah bin Umar bin Al-Khotob ra., manehna nyarios : Kuring ngadangu Rasulallah Saw. ngadawuh : Islam diwangun ku lima perkara : nyaksikeun yeu henteu aya Illah anu ngabogaan hak disembah sajaba Allah sarta yen nabi Muhammad Saw. utusan Allah, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, ngalaksanakeun haji sarta puasa di bulan Ramadan (HR. Turmuzi & Muslim). >>>>  >>>> Dalil rukun Iman "Saestuna ngahadapepken beungeut anjeun ka arah Wetan sarta Kulon eta hiji kabaktian, tapi saestuna kabaktian eta nyaeta iman ka Alloh, ka poe akhir, malaikat-malaikat, kitab-kitab, nabi-nabi sarta ngaluarkeun harta anu dipikanyaah ka barayana, barudak yatim, jalma-jalma miskin, musafir (anu merlukeun bantuan) sarta jalma-jalma anu menta-menta; sarta (ngamerdekakeun) hamba sahaya, ngadegkeun solat sarta ngalakukeun zakat; sarta jalma-jalma anu menepati janji lamun manehna boga jangji, sarta jalma-jalma anu sabar dina kesempitan, kasusahan sarta dina peperangan. Maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bener (imanana); sarta maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bertaqwa. (QS Al Baqarah: 177). >>>>  >>>>  >>>> Dari: ahsa <albanduni@...> >>>> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> >>>> Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 11:32 >>>> Judul: Bls: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam >>>> >>>> >>>>  >>>> >>>> >>>> atuh mun urang Sunda geus ngabeda2keun terus teu mere lolongkrang keur batur nu beda mah, teu kudu diteruskeun ieu forum. sabab forum teh pan keur nyawalakeun. Cing ari eta rukun Imam sareng Islam nu disebatkeun, naha Kangjeng Nabi nu netepkeun atanapi ulama2 Ahlussunah? >>>> >>>> keur kuring mah teu masalah rek Sunni atanapi Syiah oge, nu penting mah boga argumen nu kuat; ti kritik ilmu jeung sarua jeung eusi Quran. >>>> >>> >>> >>> >>> >> >
